
Salasahiji ajaran Kanjeng Nabi teh nyaeta ngagederkeun sumanget nyiar elmu. Allah ge ngaronjatkeun darajat jalma-jalma nu nu ariman, nu tarakwa tur saroleh, sarta nu miboga elmu. (Foto: NU Online Jabar)
Agung Gumelar
Penulis
Kecap elmu, nu asalna tina Basa Arab, al ‘ilmi teh boga harti tarekah pikeun nalungtik, nyiar, jeung ngaronjatkeun pamahaman manusa. Rupa-rupa cabang paelmuan saperti elmu alam, elmu sosial, elmu agama, elmu ekonomi, elmu hukum, jeung nu sejenna.
Tah, salasahiji cara pikeun meunangkeun elmu teh nya ku cara diajar. Kanjeng Nabi Muhammad Saw cumeluk ka umatna kana pentingna nyiar elmu. Sakumaha dawuhna dina riwayat Imam Al Baihaqi, “Pek nyiar elmu sok sanajan ka nagri Cina”, oge aya katerangan nu unina, “Nyiar elmu ti mimiti gubrag ka alam dunya tug tepi ka liang kubur.”
Tina eta katerangan teh tetela kangaranan diajar mah teu ieuh diwatesan ku umur. Rek di mana, rek umur sabaraha, urang diwajibkeun pikeun diajar atawa nyiar elmu.
Ceuk Kepala Madrasah Tsanawiyah (MTs) Cisasawi, Kabupaten Bandung Barat, Ustadz Ahmad Jaelani, diajar teh minangka sarana pikeun ngaleungitkeun kabodoan dina diri urang. Ku ngeureuyeuh diajar, dipiharep bisa ngabedakeun mana nu goreng jeung mana nu hade.
Jalma nu mibanda elmu pasti mikanyaho rupa-rupa perkara jeung wawasan nu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoe.
“Ku kituna, diajar atawa nyiar elmu rek nepi iraha wae ge baris mawa mangpaat pikeun balarea, samodel ngalatih kamampuh pikir, ngaronjatkeun kamandirian, ngalatih kadisiplinan, jeung sajabana,” pokna.
Satuluyna Ustadz Ahmad Jaelani ngeceskeun, aya sababaraha kautamaan jalma-jalma nu mibanda elmu. Minangka warisan paranabi, ajen elmu leuwih luhur batan emas, perak, atawa duit. Eta sakumaha dawuh Nabi dina riwayat Ahmad,
“Saestuna paranabi teu ngawariskeun duit emas oge duit perak, tapi ngawariskeun elmu. Sing saha nu usaha meunangkeun eta warisan, tetela manehna geus meunang bagean nu kalintang lobana.”
“Eta hal nembongkeun yen ajen elmu leuwih luhur batan duit, emas, atawa perak. Elmu mah abadi, sedengkeun harta mah teu lana. Teu beurat mawa elmu mah, sabab elmu aya na jeroning hate,” pok Ustadz Ahmad Jaelani.
Kautamaan sejenna, Allah baris ngaronjatkeun darajat jalma nu mibanda elmu, sakumaha firman-Na dina QS Al Mujadalah ayat 11, “Allah nempatkeun jalma-jalma nu ariman jeung jalma-jalma nu dipaparin elmu sababaraha darajat.”
Eta surah teh nembongkeun luhurna darajat jeung kadudukan jalma-jalma nu mibanda elmu pangaweruh. Jalma-jalma nu dironjatkeun darajatna ku Allah teh nyaeta nu ariman, nu tarakwa tur saroleh, sarta nu miboga elmu.
Demi ajen kautamaan lianna tina jalma nu mibanda elmu teh nyaeta elmu mah baris terus mangpaat najan jalmana geus maot ge. Dina riwayat Bukhari-Muslim, dawuh Rasulullah, “Lagu anak incu Adam tilar dunya, mangka pegat amalanana, kajaba tilu perkara, nyaeta sodakoh jariyah, elmu nu mangpaat, katut anak soleh nu teu weleh ngadu’akeun indung bapana.”
“Meh sakabeh jalma boga kahayang meunang pahala najan geus maot ge. Eta teh bisa kacumponan ku jalma-jalma nu teu weleh nyiar elmu, baroga elmu nu mangpaat pikeun balarea,” ceuk Ustadz Ahmad Jaelani.
Ku kituna, urang kudu terus diajar atawa nyiar elmu dibarung ku sikep ngajenan paraguru anu geus ngatik jeung ngadidik. Ti paraguru urang jadi mikanyaho ajaran Islam, nyaho perkara kaimanan, sarta ngandelan rupaning pangaweruh sejenna.
Kalintang gede pisan jasa-jasa paraguru, kiai, paraulama, lagu ngatik urang sarerea. Di sagedengeun eta, urang kudu ngarasa untung jadi umatna Kanjeng Nabi Saw nu salasahiji ajaranana teh nyaeta ngagederkeun sumanget tolabul ilmi.
“Kantenan, urang ge diperedih malar daek kalawan ihlas pikeun ngorbankeun harta, tanaga jeung pikiran, geusan nanjeurkeun majelis-majelis elmu,” pok Ustadz Ahmad Jaelani.
Terpopuler
1
Perkuat Tradisi Keilmuan, Pesantren Azzainiyyah dan LBMNU Jabar Kolaborasi Gelar Sekolah Bahtsul Masail
2
Sekda Tasikmalaya Apresiasi Kiprah IPPNU dalam Membangun Generasi Melek Teknologi
3
Meriahkan Harlah ke-70, IPPNU Tasikmalaya Umumkan Juara Lomba Kreativitas Pelajar se-Kabupaten
4
Saat 91 Jemaah KBIH Al-Huda Garut Foto bersama di Depan Ka'bah Pasca Laksanakan Ibadah Umrah Wajib
5
IPPNU Kabupaten Tasikmalaya Luncurkan KTA, Perkuat Tertib Administrasi Anggota
6
PCNU dan Pengadilan Agama Jajaki Kerjasama Tekan Angka Perceraian di Cianjur
Terkini
Lihat Semua