Seputar Jabar

Stasiun Kenyamanan Hati Sukamandi: Antara Dakwah Seni Islami jeung Amal Sosial

Kamis, 10 Oktober 2024 | 10:42 WIB

Stasiun Kenyamanan Hati Sukamandi: Antara Dakwah Seni Islami jeung Amal Sosial

Komunitas Stasiun Kenyamanan Hati (SKH) Sukamandi, Kacamatan Patokbeusi, Kabupaten Subang, salian syiar dakwah dina wangun pintonan seni Islami, oge mokalan program amal sosial. (Foto: DOK. SKH SUKAMANDI)

Dibarung patekadan usaha syiar ajen-inajen Islam, komunitas Stasiun Kenyamanan Hati (SKH) Sukamandi, Subang, dina tarekahna antarana ngalakukeun dakwah dina wangun pintonan seni. Kaasup ayana grup hadroh nu dipokalan ku rengrengan Balai Diklat Aparatur (BDA) Kementerian Kelautan dan Perikanan (KKP), Sukamandi, Kacamatan Patokbeusi, Kabupaten Subang.

 

Kawilang anyar ieu Grup Hadroh SKH nu ngadeg 3 Februari 2023 teh. Kasang tukangna mah alatan samemehna di lingkungan budeureun Kompleks BDA KKP Sukamandi can aya majelis solawat katut Ratib al Kubro.

 

Sesepuh Grup Hadroh SKH Sukamandi, Ustadz Ahmad Zayadi, mertelakeun, ngadegna ieu grup hadroh dipiharep tuwuhna minat maca solawat di lingkungan masarakat. Ku mindeng maca solawat, eta baris ngadatangkeun pahala kahadean ti Allah Swt.

 

Solawat ge minangka wujud salam sarta hurmat ka Baginda Nabi Muhammad Saw. “Maranehanana nu sering maca solawat, insya Allah bakal meunang syafaat ti Kanjeng Nabi, sarta dijadikeun catetan amal kahadean," ceuk Ustadz Ahmad Zayadi, sawatara waktu kaliwat.

 

Anapon personil Grup Hadroh SKH teh diwengku ku parapagawe BDA Sukamandi KKP, rengrengan Balai Riset Pemuliaan Ikan (BRPI) KKP, sarta warga budeureun Patokbeusi, Subang. Waditrana antarana wae bas, darbuka, rebana, jeung kecrekan. Sedengkeun jadwal latihanana unggal malem Jumaah sabadana kagiatan majlis taklim.

 

Najan kawilang anyar ngadeg, Grup Hadroh SKH Sukamandi mindeng diondang minton dina rupaning acara pangajian, boh di lingkungan instansi KKP boh diangkir ku warga, saperti ka Bandung, Subang, Jakarta, Karawang, katut ka daerah sejenna.

 

Lian ti macakeun solawat nu dipirig hadrohan, maranehanana ge tapis midangkeun lagu-lagu nasyid populer kayaning Shil Ya Nabi, Solawat Burdah, jeung sajabana. "Ku sering maca solawat Nabi, kuring miharep ngaronjatna kadar katakwaan urang, hate jeung pikiran mingkin tingtrim, turta dosa-dosa urang ge dihampura," pok Ustadz Ahmad Zayadi.

 

Tah, di satengahing lalakonna, kagiatan SKH Sukamandi mingkin ngalegaan aweuhanana. Salian solawatan, maranehanana ge naratas Grup Sahabat Qur’an jeung Shodaqoh. Numutkeun Ustadz Ahmad Zayadi, ti saprak Grup Sahabat Qur’an ngadeg, alhamdulillah geus khatam Qur’an 115 kali.

 

“Sedengkeun program ngagederkeun shodaqoh, dina jero sataun teh dua kali rutin ngayakeun santunan ka puluhan mustahiq, Program Ramadan Ceria, sarta santunan pikeun warga nu gering, kamusibahan, atawa ngabantu usaha keur maranehanana nu teu mampuh,” pokna, mungkas wangkongan.

 

Penulis: Rameli Agam