Tradisi Manakiban: Ngalap Tuladan Syekh Abdul Qadir Jailani
Rabu, 9 Oktober 2024 | 19:12 WIB
Tradisi manakiban dilakonan minangka wujud hurmat kana ketak Syekh Abdul Qadir Jailani. Aweuhan figur kaulamaan Abdul Qadir Jailani kalintang gedena ngainspirasi dunya.
Ngaranna teu weleh disabit dina pirang-pirang acara kaagamaan. Ku kituna, teu matak heran umat muslim di Indonesia remen ngagelar acara pangajian hususon neuleuman riwayat kahirupan Abdul Qadir Jailani, nu katelah ku sebutan manakiban.
Kitu deuih, teu saeutik masarakat di budeureun Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, nu masih ngayakeun manakiban. Eta manakiban nu digelar kalawan noron teh lumangsung di masjid, di madrasah, atawa di imah warga.
Kecap manakiban asalna tina Basa Arab, manaqib, nu hartina biografi. Ditambahan ahiran ‘an’ tina Basa Indonesia, bisa mibanda harti kagiatan ngaderes manaqib Abdul Qadir Jailani.
Runtuyan manakiban ilaharna diawalan ku runtuyan du'a. Laju kalawan dipingpin ku kiai atawa ustadz, ngadadarkeun riwayat Abdul QadirJailani dina wangun dinadomkeun atawa dihaleuangkeun.
Anapon kitab nu dideres teh nyaeta Kitab Lujainud-Dani jeung Kitab Tafrikul Khotir.
Dina unggal ahir bagean carita, jamaah mairan kalawan ngucapkeun kalimah-kalimah thoyyibah saperti laa illahhaillallah muhammaddarrasullullah.
Ceuk Kepala MTs Cisasawi Desa Cihanjuang, Ustadz Ahmad Jaelani, kagiatan manakiban masih remen dilakukeun di sakuliah kampung di Desa Cihanjuang.
Ilaharna lumangsung saminggu sakali, boh di masjid boh di imah warga nu bagilir katempatan.
Manakiban minangka sarana pikeun guar katuladanan Abdul Qadir Jailani.
"Manakiban ge minangka mieling gumelar jeung wafatna Syekh Abdul Qadir Al Jailani, tuluy medar ketak biografina ku mangrupa mankobah," ceuk Ustadz Ahmad Jaelani, Senen (7/10/2024).
Abdul Qadir Jailani teh dianggap minangka rajana waliyullah, ngahadirkeun simbul kakuatan lahir jeung batin geusan ngandelan sumanget dina bab kasufian.
Lian ti eta, manakiban ge jadi sarana ihtiar enggoning numuwuhkeun sumanget nyuprih elmu agama, di sagedengeun maheutkeun ukhuwah warga.
Laju Ustadz Ahmad Jaelani mertelakeun, tina manakiban urang bisa ngalap katuladanan ngeunaan hirup basajan turta ngutamakeun amaliah nu mangrupa aurod-aurod.
Miara katut ngajaga tradisi nu mibanda hikmah kahadean, samodel manakiban, tetela ngadumaniskeun syiar dakwah, tolabul ilmi, jeung maheutkeun gotong-royong warga.
“Pirang-pirang hikmah dina manakiban Syekh Abdul Qadir Jailani teh muga wae jadi inspirasi urang sarerea geusan ngalakonan amal kahadean di ieu alam dunya," pokna, mungkas kateranganana.
Kontributor: Rameli Agam
Terpopuler
1
Barak Militer Vs Pesantren
2
Jejak Perjuangan KH Muhammad asal Garut: Dari Membangun Pesantren hingga Menjaga NU
3
Dialog Refleksi Harlah ke-70, IPPNU Tasikmalaya Tegaskan Peran Strategis Perempuan dalam Pendidikan dan Kepemimpinan
4
Pesantren Karangmangu Bertaraf Nasional, Cetak Puluhan Khatimin dari Berbagai Daerah
5
BPBD Jabar Siap Tangani Bencana Alam di Bandung Barat, Karawang, dan Bekasi
6
IPPNU Kota Banjar Kunjungi Dinas Sosial, Bahas Kasus Sosial dan Penguatan Ketahanan Keluarga
Terkini
Lihat Semua