• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 29 Maret 2024

Kuluwung

Nadzom Sunda

Nadzom Sunda
Nadzom Sunda. (Ilustrasi: NUO).
Nadzom Sunda. (Ilustrasi: NUO).

Nadzom mangrupa salah sahiji métodologi jeung téhnik atikan di pasantrén sangkan para santri gampang nyerep kana jejer anu keur diguar ku ajengan. Iwal ti éta, wangunan kalimah dina nadzom mangrupa prosa anu murwakanti dina tiap bét (bait) atawa padalisanna sarimbag jeung naon anu disebut "prosa lama".  


Ampir kabéh élmu anu diajarkeun di pasantrén ditepikeun ku para ajéngan ngaliwatan ieu cara. Malah kaasup anu paling dipikaresep ku para santri, sabab maranéhna bisa ngahaleuang patarik-tarik. Iwal ti éta, para ajengan ogé diperedih motékar dina méré harti nazdom sangkan loyog jeung murwakanti, teu asal, éstu némbongkeun pangaweruh dina widang sastra. 


Conto nadzom tajwid anu geus familiar jeung populér jeung mindeng ditembangkeun nyaéta:


لِلـنُّــونِ إِنْ تَسْـكُنْ وَلِلتّـَنْوِينِ * أَرْبَـعُ أَحْكَـامٍ فَخُـذْ تَبْـيِـيـنِـي


Dina méré harti nadzom di luhur, para ajengan tangtu kudu nyaluyukeun kana guru wilangan jeung guru lagu: 11-i. Ngan nalika dialihbasakeun bisa baé guru wilangan jeung guru laguna  jadi 11-u, 11-a, jrrd. Contona saperti kieu:


" Nun paéh reujeung tanwin opat hukum" (11-u)
" Pék regepkeun ku anjeun éta hukum" (11-u)


Ku nalungtik nadzom jeung hartina geus sakuduna masyarakat jeung dunya atikan (rék sakola umum atawa sakola agama/madrasah) modéren kudu bisa ngaaprésiasi kana tarékah ajengan-ajéngan mangsa harita anu masagi ku rupaning luang jeung pangalaman. Lain saukur mekelan diri ku pangarti agama ogé kasipuh ku rupa-rupa pangaweruh kaasup sastra. 


Sok komo nalika panalungtikan geus nepi kana mangsa ratusan taun ka tukang. Sakabéh ajengan jeung ulama klasik mah kasipuh ku rupaning disiplin élmu. Filsafat, élmu alam (hayat), matématika, astronomi (falaq),  sastra (adab), élmu sosial, jrrd lain hal anu dijauhan. Lamun ajengan jeung ulama klasik teu mampuh matématika moal tangtu ngahasilkeun itung-itungan faraidl, nangtukeun awal puasa (hilal), nangtukeun waktu solat fardlu, nishab zakat, jsb.


Anu jadi cukang lantaran umat Islam mundur salah sahijina geus teu nyonto deui kana naon hal anu geus dilakonan ku para ajengan jeung ulama salaf. Bener ari dina ucapan mah: "Kita harus kembali kepada pandangan para ulama salaf!", Malahan ngomongna ogé dicampuran ku popolotot jeung poporongos. Naha atuh ngajak nurutan ulama salaf, nalika ditanya: "Coba sebutkeun rasi bintang naon baé anu diguar dina Surat An-Najm?" Kalah ngajawab: hush, ulah nanyakeun perkara syubhat.


Atuh pantes, kusabab boga pamadegan kitu teu saeutik anu disebut tokoh agama kacida gampang nyalahkeun, nyesatkeun, jeung nuduh bidah ka papada. Nuding jeung nuduh ku alesan "euweuh dina agamana" mangrupa bukti maranéhna teu miboga argumén keur ngajawab pasualan anu kacida kompléks jeung hétérogén. 


Nalika urang boga kayakinan : Islam mangrupa agama nu sampurna, miboga harti euweuh hiji ogé perkara anu teu diguar dina Islam. Nalika urang ngedalkeun kalimah "euweuh dina agamana" nya sarua jeung boga anggapan agama nu diagem teu lengkep da masih aya atawa loba euweuhna.


Kang Warsa


Kuluwung Terbaru