• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 26 April 2024

Kuluwung

Taun Maséhi, Hijriyah, jeung Sunda

Taun Maséhi, Hijriyah, jeung Sunda
Ilustrasi ucing jeung bulan. Sumber: pixabay.com
Ilustrasi ucing jeung bulan. Sumber: pixabay.com

Jejer pangajaran Basa Sunda kelas VIII dina poé Saptu, 12 Februari 2022 / 11 Rajab 1443 ngaguar ngaran-ngaran bulan dina pananggalan maséhi, hijriyah, jeung Sunda. Geus teu kudu ditanya deui, pamilon atikan di urang tangtu mikawanoh kana ngaran-ngaran bulan maséhi, ti Januari nepi ka Désémber.

 

Ngan dina nyebutkeun ngaran-ngaran bulan hijiriyah jeung Sunda mah, teu sakabéh pamilon atikan apal cangkem. Ngan aya sababaraha urang anu bisa nyebutkeun ngaran bulan kalayan lancar jeung nyusun.

 

Sagala rupa ogé dipangaruhan ku kabiasaan. Kolot-kolot urang, generasi taun 60-90an mah masih biasa ngagunakeun dua sistem dina nangtukeun tanggal. Bulan taun maséhi sok disebut bulan kuli, hartina bulan anu digunakeun ku masyarakat (pagawé) dina narima gajih atawa mémang aya hubunganna jeung anu disebut “hari kerja”.

 

Ti saprak taun 90-an, masyarakat leuwih museurkeun kana pananggalan sistem solar (maséhi). Hal ieu dipangaruhan ku rupaning hal. Ampir kabéh kahirupan ditangtukeun ku angka-angka anu aya dina almenak maséhi. Poé dilahirkeun, milangkala, “masa tenggang nomor ponsél”, “jatuh tempo” cicilan, titi mangsa surat, nangtukeun iraha waktu kawin, nangtukeun pemilu, jrrd.

 

Masyarakat geus jarang nyebutkeun dua sistem pananggalan dina calagara lamun henteu aya pakuat-pakait jeung masalah kaagamaan. Sebut baé, urang leuwih apal kana bulan Muharom, Rajab, Romadon, Robiul Awal, jeung Dzulhijjah kusabab dina bulan-bulan ieu raket jeung kahirupan masyarakat dina pasualan kaagamaan.

 

Bulan-bulan hijriyah mangrupa sistem pananggalan dina agama Islam ku masyarakat Sunda divernakularisasi kana basa anu gampang dikedalkeun ku létah urang Sunda. Muharrom jadi Muharam, Shofar jadi Sapar, Rabi’ul Awal jadi Mulud, Rabi’ul Akhir jadi Silih Mulud, Sya’ban jadi Rewah, Ramadlan jadi Puasa, Dzulqo’dah jadi Hapit, jeung Dzulhijjah jadi Rayagung. Nepi ka taun 90-an, ngaran-ngaran bulan anu disebutkeun masih mindeng dikedalkeun ku masyarakat.

 

Alesan disebut Bulan

Bahagéan itungan anu lilana 29-30 poé disebut “bulan” dina sistem pananggalan mana baé ogé. Sok sanajan taun maséhi ditangtukeun ku rotasi jeung révolusi Bumi kana srangéngé angger baé disebut “bulan” lain matahari, srangéngé, sun, atawa syamas. Hal ieu dilantarankeun sistem lunar mangrupa cara nangtukeun itungan poé anu pangheulana digunakeun ku masyarakat di sakuliah dunia. Ieu pisan anu jadi matak itungan salila 30 poé disebut bulan.

 

Bangsa Romawi Kuno, Persia, Mesopotamia, Nordik, jeung Nusantara geus ngagunakeun sistem lunar (révolusi Bulan kana Bumi) dina nangtukeun itungan poé. Sistem lunar dirobah kana sistem solar dina mangsa Julius Caésar ngawasa keur ngalibrasi antara sebutan bulan jeung iklim anu aya di wewengkon sub-tropis. Nya, aya gantar kakaitannana jeung pasualan ageman jeung kayakinan ogé. Ngan tetep baé kusabab kecap “bulan” geus ngadarah daging jeung kahirupan masyarakat alam dunya, kecap bulan tetep digunakeun keur nyebut itungan per 29-30 poé. Tiap 29-30 poé sok disebut ganti bulan.

 

Sajarah sistem almenak solar jeung lunar kawilang panjang, lalakon anu lila, lain sakeudeung-sakeudeung. Kalénder maséhi anu geus nepi kana taun 2022 ditangtukeun ku bralna nabi Isa, anu matak disebut taun maséhi, diserep tina sebutan kameumeut nabi Isa, Al-Masih. Sok sanajan sistem solar geus digunakeun jauh saméméh nabi Isa dilahirkeun ku urang Romawi Kuno, kusabab dina abad ka 2 nepi ka 3 maséhi kakaisaran Romawi ngajadikeun Kristen salaku agama resmi, antukna sistem kalénder jeung keur nangtukeun ti iraha almenak maséhi kudu dimimitiannana ditangtukeun baé ku ngalibrasikeun kalénder kana poé nabi Isa dilahirkeun.

 

Taun hijriyah anu geus nepi kana taun 1443 ogé ditangtukeun ku kajadian anu aya hubunganna jeung sajarah kaislaman. Kajadian pindahna Rosulullah ti Mekah ka Madinah dijadikan itungan awal pananggalan taun hijriyah. Ngaran bulan-bulanna mah geus aya jeung digunakeun ku masyarakat Arab Kuno saméméh nabi Muhammad dilahirkeun ogé.

 

Kalender Sunda Buhun

Masyarakat Sunda buhun ogé geus ngagunakeun kalénder solar jeung lunar. Sistem pananggalan solar disebut Suryakala, sedengkeun sistem pananggalan lunar disebut Chandrakala. Lengkep jeung ngaran poé ogé bulanna.

 

Kalender Suryakala miboga 12 bulan di antarana: Kasa, Karo, Katiga, Kapat, Kalima, Kanem, Kapitu, Kawalu, Kasanga, Kadasa, Desta atawa Hapitlemah, Sada atawa Hapitkayu. Ngaran-ngaran bulan sistem lunar atawa Chandrakala nyaéta: Kartika, Margasira, Posya, Maga, Palguna, Setra, Wesaka, Yesta, Asada, Srawana, Badra, jeung Asuji.

 

Dina méré ngaran anu béda kana tiap bulan ditangtukeun ku fitur kahirupan anu sagulung-sagalang jeung masyarakat di tiap wewengkon. Ngaran bulan ogé ditangtukeun dumasar kana itungan (dérét angka ti hiji nepi ka saterusna). Ngaran jeung jumlah bulan ogé ngalaman robah, dumasar saha anu nyieun jeung ngagantina. Biasana mah dipangaruhan ku pasualan kakawasaan, kawas dina kalender Maséhi aya ngaran Juli (Julius) jeung Agustus (Octavianus Augustus).

 

Sawaréhna ditangtukeun ku ngaran usum, iklim, kariaan, jeung hal séjén anu jadi tradisi jeung kabiasaan hiji masyarakat. Conto, bulan Muharrom miboga harti bulan anu disucikeun sabab masyarakat Arab Kuno salaku séké sélér Semit miboga kayakinan aya sababaraha kajadian rongkah dina éta bulan di antarana: nabi Adam dipindahkeun ka Bumi, banjir jaman nabi Nuh, Nabi Ibrahim salamet tina siksa Namrud/Nimrod, jasad nabi Yunus diburakeun ku lauk Nun ka basisir, nabi Yusuf kaluar tina pangbérokan, jeung nabi Musa salamet nalika diuudag ku Ramses II.

 

Suryakala leuwih dipangaruhan ku itungan (dérét angka). Nalika nilik ka kekecapan anu digunakeun dina almenak Suryakala leuwih anyar dibanding Chandrakala anu masih ngagunakeun kecap-kecap buhun. Kartika miboga harti béntang, aya hubungan jeung tradisi wewengkon séjén nyaéta Easter (Ishtar) atawa Astarte. Kecap Astarte sebutan keur déwi anu dipupuja ku masyarakat Fénisia jeung Babilonia digunakeun ogé ku masyarakat Arab ku sebutan Allatta (Latta). Masyarakat Romawi Kuno nyebut Vénus, béntang (padahal planét) anu caang katénjo tiap isuk ti beulah wétan usum halodo.

 

Kang Warsa, pangurus Lesbumi, panitén Budaya Sunda.


Editor:

Kuluwung Terbaru