• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Kamis, 25 April 2024

Kuluwung

Étika Sunda Jeung Téologi

Étika Sunda Jeung Téologi
Étika Sunda Jeung Téologi. (Foto: http://amoredeamigos.blogspot.co.id/)
Étika Sunda Jeung Téologi. (Foto: http://amoredeamigos.blogspot.co.id/)

Ku: Kang Warsa

 

Adab jeung sopan santun lamun diteuleuman mah mémang kaasup kana filsafat praktis. Disebut asup kana filsafat, da anu ngaranna sopan-santun mah teu diwatesan ku umur, ku hal-hal anu kongkrét. Siga dédépéan handap asorna hiji jalma teu kudu ka saluhureun wungkul, ogé ka papada manusa, ka papada alam, jeung kana hal-hal anu aya di luar réalita. Anu matak, adab jeung sopan santun asup kana filsafat praktis, hiji sikep, kabiasaan anu teu diwatesan ogé ku waktu jeung tempat. Atuh loyog pisan jeung tugas utama diutusna Rasulullah téh keur nyampurnakeun akhlaq manusa.

 

Datangna teu ujug-ujug. Pangna penting ayana adab jeung sopan santun ogé sangkan jalma nyaho kana pagawéan anu sabenerna kudu dilakonan. Cicero pernah nulis Non Nobis Solum Nati Sumus,kabéh jalma hirup lain keur ngalumangsungkeun hirupna séwang-séwangan sosoranganan, ti sagigireun éta aya anu séjén nyaéta papada manusa. Di dinya pentingna adab jeung sopan santun dibiasakeun.

 

Ayeuna, zaman anu ceuk Heydi Toffler mah mangrupa zaman anu dipinuhan ku kamelang, nalika adab jeung sopan santun anu geus diwariskeun ku karuhun tuluy diganti ku kabiasaan anyar, gaya hirup anyar, jeung asimilasi étika, bakal ngalahirkeun loba kamelang ti anu jadi kolot ka anu jadi budakna. Ti taun 70-an, mimiti runtuhna senioritas (ngahormat ka saluhureun) , anu mana niléy-niléy peradaban jeung sopan santun geus patukang tonggong. Budaya patriarki anu nempatkeun kakawasaan kaum Adam dina kahirupan geus rék tumpur. Ngan geus tangtu aya ceda, da sagala rupa teu bisa dijauhkeun tina dua sisi akibat: Budaya permisif beuki ngangsreg, keur ngalakonan hiji hal , jalma teu kudu ningali deui kana étika jeung sopan santun, da ayeuna mah geus jamanna budaya global.

 

Meureun, ieu pisan anu ngaranna Cultural Shock téh. Sakumaha Huntington nyebutkeun, budaya anu datang ti mana-mendi tuluy ngumpul di hiji tempat bakal ngalahirkeun hiji konsép.  Hal-hal anu dipandang anéh antukna ngalalakon dina kahirupan tapi jadi musuh utama senioritas. Antukna ngalahirkeun hiji pasualan anyar, teu sinkronna sopan-santun, kabiasaan anu diwariskeun ku karuhun jeung budaya kontémporér anu ngawujud dadak sakala di masyarakat.

 

Rasa melang ieu mangaruhan lain ka generasi 90an, tapi gedé pisan pangaruhna ka jalma-jalma generasi 60-70-jeung 80-an. Naon sabab? Tilu generasi éta ngarasa aya hiji hal anu dirampas jeung dirampog dina kahirupanna. Handap asor ka saluhureun geus robah jadi pandangan darajat manusa mah sarua, hadé ku basa goréng ku basa ogé geus dirempak jeung dilarang da anu timbul nyaéta ngomong ku cara kumaha baé ogé sarua, anu penting eusi jeung maksudna katepikeun.

 

Tilu generasi saméméh generasi 90-an tangtu boga rasa kamelang anu pohara nalika étika jeung niléy-niléy anu diwariskeun ku karuhun ka éta generasi kari-kari diadukeun jeung budaya kiwari anu lolobana disebut bébas niléy. Disebut bébas niléy téh hartina, sagala rupa tingkah polah teu kudu ngarujuk kana étika téologis hiji agama. Éstu kudu ngébréhkeun kabébasan jeung kamerdekaan hirup hiji jalma. Nu katénjo ku tilu generasi téa, lahirna generasi anu béda jeung alam baheula tapi sarua jeung kaayaan di nagara-nagara maju taun 70an.

 

Conto leutik, konsér musik, live concert, acara ngumpul-ngumpul di lapang sabenerna di Éropah mah geus mahabu di taun 60–70an ogé. Kumaha histerisna para Beatle Mania waktu nénjo idolana konsér di Wimbledon? Jadi keur ukuran Éropah mah budaya jeung gaya hirup kitu téh mangrupa budaya heubeul. Anéhna, budaya taun 60-70an téh sumebar jeung ditarimana ka nagara urang béh dieu pisan, saba'da réformasi. Hartina, aya hiji hal anu leungit di nagara urang. Nyaéta stabilitas politik jeung kakawasaan.

 

Kalalajoan ku urang ogé, kumaha beuki mahabuna konsér musik anu dilalajoan langsung ku Média-média TV, teu bulan Reuwah teu Puasa, angger wé ari kana konsér mah anu ngalalajoan téh pinuh baé, nu béda téh kumaha cara mungkusna. Sakapeung sok tara nénjo kaayaan beuki ngaheureutan kahirupan anu dialaman ku rahayat di urang. Panggung pentas konsér baé nepi ka aya anu waragadna 1 Milyar. Ieu anu jadi alesan beuki melangna para kolot kana cara gaul anu jadi budak.

 

Di imah jeung di sakola mah diatik ku adab jeung sopan santun, tapi pangaruhna teu nepi ka dinya, barudak leuwih percaya kana budaya umum anu keur ngetrénd. Siga kieu, lamun taun 70-80an asa éra paradah lamun awéwé katénjo bitis, asa éra paradah deuih lamun katénjo ku anu jadi kolot keur paduduaan jeung lawan jinis komo lamun jeung anu sajinis. Hartina, étika téologis jadi panglima kahirupan loyog tur nyekrup jeung budaya harita. Jaman ayeuna, budak sakola Kelas 3 SD ogé geus ngudal ku ngaranna industri musik jeung film. Budak umur 7 taun , ku mangsa kiwari mah geus bébéléhéman begér, geus wani ngirim surat atawa SMS bari ngébréhkeun rasa nyaahna ka anu dipikabogoh.

 

Keur anu jadi kolot bari gedé pisan perhatian ka anu jadi anak mah ieu mangrupa tangtangan, kumaha carana anu jadi kolot bisa ngajagaan barudak tina pangaruh-pangaruh nu karitu.  Anu ku kuring dihanjakalkeun ngan hiji, nyaéta leupasna institusi étika téologi dina kahirupan urang. Saburaong-buraongna ogé barandalan taun 70an asa moal leuwih angot ti batan préman kiwari. Kusabab institusi étika téologi masih bener-bener mangaruhan kana kahirupan jalma. Baheula mah sieun teu jujur, sieun teu junun, sieun teu bisa ngaji, sieun teu bisa ngarti,sieun teu bisa ngomong lemes. Ayeuna? Sieun teu beunghar, sieun teu bisa komputer, sieun teu bisa ngomong Inggris, jeung kasieun-kasieun anu sabenerna mémang dirancang ku hiji sistem.

 

Hasilna, kusabab étika Sunda jeung  institusi étika téologi geus teu mangaruhan kana kahirupan. kiwari antukna kaluar Polisi Téologi, anu mana hiji kelompok nyebarkeun sikep ngadu domba kana kahirupan kiwari anu ceuk maranéhna geus méngpar jauh tina pituduh Pangéran, saolah teu bisa dibéréskeun deui, teu bisa dibenerkeun deui. Polisi téologi, ti batan ngajak jalma sangkan asup deui kana institusi étika téologi karah beuki méngparkeun jauh masyarakat tina cekelan agama anu bener.

 

Sakuduna, hirupkeun deui étika Sunda jeung institusi étika téologi. Budaya jeung kaarifan lokal kudu mingpin deui kahirupan urang. Ngahudangkeunna kumaha? Geus tangtu dihudangkeun ku sikep diri sorangan. Nalika sikep handap asor, soméah, tara sirikan geus jadi ciri anu aya dina diri, hartina urang geus mimiti midangkeun deui hiji institusi étika téologi, anu mana kahirupan bakal dipingpin ku sikep silih hormat lain silih tonjok.  

 

Dina budaya Sunda geus diatur kabéh , kumaha tata cara hirup anu loyog jeung ugeran karuhunna. Sikep rerendahan, sili ajénan, miheulakeun kapentingan batur tibatan diri pan geus béh ditu dipilampah. Dina paribasa, undak-usuk basa, lentong jeung rengkuh, jeung kakawihan jéntré pisan.

 

Conto atikan Sunda dina paribasa "abang-abang lambe" anu pihartieunna alus dina biwir pikeun nyenangkeun haté batur. Prakna mah dirina dek buméla  ka batur, sanajan patukang tonggong jeung kahayangna.Sabab ugeran kasundaan bisa digambarkeun dina téologis. 

 

Dina undak-usuk basa ogé  aya runtuyan babasaan jeung kekecapan "indit, mios, angkat". Diatur tatanan basa pikeun nepikeun maksud. Ieu hal udaganna pikeun ngajénan batur sacara langsung ajénan dirina sorangan. Saupamana sabagéan kahirupan wargana geus wawuh deui kana ugeran kasundaan jeung balik deui kana konsép téologis tangtu hirupna tingtrim dina rél anu dibungkus bebeneran.

 

Sikep rengkuh jeung lentong ogé bakal nuwuhkeun rasa duduluran anu raket. Moal pajiing-jiing, ngajauhkeun sikep égois. Diperlukeun pisan situasi kabatinan saperti kieu. Perlu ogé gura-giru diajarkeun leuwih jero ka sakumna warga masarakat, antara malapah gedang jeung leumpang gagancangan téh kudu saimbang. Ngan geus pasti, ieu  kudu diluluguan ku pamingpin jeung tokoh masarakat sabudeureunna. Antukna masarakat mibanda cecekelan hirup, teu kawas kiwari, kalolobaan masarakat  geus leungiteun modél pieunteungeun, inohong keur picontoeun, jeung jalma anu méré atikan ku conto dina hirup.

 

Penulis merupakan Pengurus Lesbumi dan Pemeehati Kebudayaan.


Kuluwung Terbaru