• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Sabtu, 11 Mei 2024

Ngalogat

Wiréhing Boboran Siam

Wiréhing Boboran Siam
Gambar: Agus Mulyana di Mangle 1740
Gambar: Agus Mulyana di Mangle 1740

Ku Dadan Sutisna

"Sementara, menurut MA Salmun, pujangga sekaligus tokoh sastra nasional, kata ini (Lebaran) merupakan serapan dari tradisi Hindu. Ia pertama kali menjelaskan istilah ini dalam majalah 'Sunda' pada 1954."

Kitu cék katerangan sawatara média daring, di antarana Tirto.id jeung Kompas. Cutatan di luhur téh geus némbongan dina Internét ti sadasawarsa katukang, pangpangna mun geus ngahaeub ka Lebaran. Sawatara média nyoba-nyoba mesék asal-usul kecap "Lebaran", kaasup maluruh kana basa daérah.

Ari kana harti "Lebaran" mah, kawasna mah saréréa gé satuju. Cék KBBI: "Hari raya umat Islam yang jatuh pada tanggal 1 Syawal setelah selesai menjalankan ibadah puasa selama sebulan." Tah, dina basa séjén gé maksudna moal jauh ti kitu. Sapuk wé, nya.

Ayeuna mah urang nyalusur kasauran MA Salmun téa. Cék katerangan nu bacacar dina internét, pedaran yén kecap Lebaran jolna tina tradisi Hindu dimuat dina majalah "Sunda" taun 1954. Perkara titimangsa sumber gé sigana perlu dilelempeng, da nu kapaluruh mah, dimuatna téh dina majalah "Sunda" édisi Lebaran, nomer 16 taun ka-2, 10 Juni 1953. Dina éta majalah MA Salmun ngadamel tulisan panjang nepi ka 9 kaca, dijudulan "Hari Raya Islam". Perkara asal-usul kecap "Lebaran" mah ukur bagian leutik tina tulisanana. Tamba kawaranan, urang cutat baé:

"Lebaran téh asalna basa Kawi hartina 'enggeusan, anggeus', maksudna 'geus euweuh deui'. Nu ditujul ku 'anggeus' atawa 'geus euweuh deui' téh nyaéta puasa. Lebar di dieu, kira-kira sarua hartina jeung 'lubar' basa Sunda, dina kalimah upamana: Nyi Anis idahna geus lubar (béak)."
(Kaca 11)

Ari nu nyabit-nyabit Hindu mah dina kaca méméhna:
"Kecap 'puasa' asalna tina Sangsekerta 'upawasa', dina basa Arabna, puasa téh 'saum'. Peta-petana "upawasa" dina jaman Hindu, malah dina cara-cara lebaranana gé bet réa pisan nu sarua jeung Idulfitri."
(Kaca 8)

Kituna mah, geus méh ti saabad katukang aya nu naléngténg asal-usul kecap "Lebaran" téh—tapi nepi ka kiwari teu aya nu nyindekkeun mana nu pangmerenahna. Dina kalawarta "Pusaka Sunda" taun 1924 aya nu nulis kieu: 
"Unggal taun urang sadaya pada nyorang riaya dina ninggangna mangsa bada tutup puasa, anu ilahar disebut Lebaran téa. Ku bangsa Éropah mah dipajarkeun taun baru, éta Lebaran téh. Rupina baé lantaran saralah sangka, marukan ari Lebaran téh kamonésan tawis ganti taun cara ping 1 Januari. Naha naon atuh ari Lebaran téh saenya-enyana? Nilik kana unina kecap, di dinya ogé geus ngandung harti anu matak hélok. Naha Lebaran téh asal tina kecap lebar? Éta kitu, pédah dina poé éta tara aya kalebar? Atanapi, asal tina lubar, atawa kalebar? Atanapi, asal tina lubar, atawa tina bubaran mentas puasa? Mana anu bener? Keun heulaanan, ngudag harti ucapna mah urang tunda baé, ayeuna mah urang pesék éta baé karepna, pang dina mangsa éta maké riyaya."
(Kaca 184)

Ti dinya mimiti réa nu ngalelebah asal-usulna. Umumna mah nya ku cara ngagulak-gilek kecap. Aya nu nyebutkeun asalna tina kecap "lebar", "lébar", "lébér", "libur", "lebur", "lubar", "luber", "bubar", jsté. Saur Haji Hasan Mustappa:

"Nurutkeun kapercayaanana kana carita turun imbar (tamat hutbah) nu hutbah jeung kabéh tangtu sasalaman ka nu hutbah jeung ka para baturna. Éta turun imbar jadi omongan waktu 'lebur' dosa, hudang nu di kubur, maridang jalma nu hirup sabogana-sabogana. Tina kitu matak jadi nelah Lebaran."
("Bab Adat-adat Urang Priangan jeung Urang Sunda Lian ti Éta", Kaca 132)

Dina "Kabudayan Urang" nomer 23, Désémber 1937, A. Prawira Suganda nulis kieu:
"Kecap Lebaran kawit tina 'lebar', hartosna 'bubar', 'bada', 'bérés', atanapi 'réngsé'. Jadi Lebaran téh hartosna parantos bérés atanapi réngsé."
(Kaca 261)

Salian ti éta, aya tulisan nu leuwih gemet beunang S. Sauni, judulna "Puasa jeung Lebaran", dimuat dina "Manglé" nomer 249, 5 Désémber 1970. Tina pedaran Prawira, Salmun, jeung Sauni, bisa dicindekkeun yén pirang-pirang kabiasaan unggal puasa jeung Lebaran téh bawa ti jaman Hindu. 
Cenah harita gé sok ngeureunan dahar jeung nginum, disebutna "upawasa", nu ayeuna katelah "puasa" téa. Saméméh prung puasa, urang lembur jaman harita sok ngayakeun heula "sésétra", nyaéta meresihan awak, kuramas, meresihan kuku, tuluy ngedalkeun niat. Lilana puasa gé rupa-rupa, aya nu saminggu, salikur poé, malah sataun campleng. Tuluy dipungkas ku raraméan nu disebut "lebaran", maké papakéan weuteuh, indit ka tempat ibadah, jeung curak-curak barangdahar. Karuhun baheula gé sok nguriling ka baraya, tuluy neneda ka Déwi Nadra (déwa nu dipercaya purah ngurus roh manusa) sangkan kulawargana nu geus maot meunang pangampunan—ka dieunakeun sok disebut "nadran".

Keun perkara kabisaanana mah. Ayeuna balik deui kana asal-usul kecap Lebaran.

"Lebaran téh hartina kudu daék lebar. Cindekna kudu daék lebar ku sagala hal anu sakira henteu langgeng atawa anu lain hak, dalah anak pamajikan, indung-bapa jeung diri sorangan ogé ulah dipikabeurat teuing," cék "Kabudayaan Urang" taun 1941.

"Kecap lebaran téh, asal kecapna siga tina lebar anu hartina "nyaah", pedah dina lebaran sok maké anu aralus, nu wareuteuh, matak lebar kénéh. Harti éta mah nurutkeun kirata téa, dipapantes atawa disusurup ku kira-kira. Saenyana kecap lebaran téh robahan tina kecap 'lubaran', ari asal kecapna nya lubar, anu harti na 'budal', 'enggeusan', atawa 'bubar'. Lebaran ogé enggeusan tina puasa atawa bubar puasa," cék "Swara Cangkurileung" taun 1973.
 
Mémang rada ahéng, ku naon kecap "lebar" bet disebut robahan tina "lubar". Apan sidik kecap "lebar" téh aya dina basa Sunda—malah leuwih ti heula batan "lubar". Alesan nu pangkahartina mah, lantaran bisi pahili jeung kecap "lebar" nu hartina matak handeueul. Da puguh danget ieu mah urang tara manggih ungkara modél kieu, "kudu nepi ka lebar digawé téh" (maksudna kudu nepi ka anggeus). Kecap "lebar" nu baheula mah polisémi, ayeuna ngaheureutan hartina. Keur ngabuktikeunana mah urang bisa nyusud kamus heubeul nu medal abad ka-19.

Tah, salian nyusud asal-usul "Lebaran", S. Sauni mah nalék deuih ka nu sok ngucapkeun "wilujeng Lebaran" tuluy dijawab ku "sami-sami". Bet disarimbagkeun jeung "selamat tahun baru", magar téh. Teu ngabibisani, da apan "Wilujeng Boboran Siam" mah sigana beunang narjamahkeun tina "Selamat Hari Raya Idulfitri". Béh ditu mah, umumna kieu ngedalkeunana téh: "Wirehing boboran Siam, nyanggakeun kawilujengan sareng nyuhunkeun sih pangaksami."

Tapi apan jaman téh terus baganti. Kabiasaanana gé tangtu robah. Baheula kitu, bisa waé ayeuna mah kieu. Silih wilujengkeun gé geus jadi kagaliban, sanajan ungkarana tangtu béda jeung kabiasaan karuhun baheula.

Nu nulis teh esais, sastrawan 
 


Ngalogat Terbaru