Masjid Mungsolkanas: Mangga Urang Ngaos Solawat ka Nabi SAW
Senin, 11 November 2024 | 16:23 WIB

Masjid Mungsolkanas di Jalan Cihampelas, Kota Bandung, kaasup salasahiji masjid buhun di Bandung. (Foto: istimewa)
Rameli Agam
Penulis
Aya ku unik ngaran ieu masjid teh. Da enya, ngaranna Masjid Mungsolkanas. Singhoreng eta teh singgetan tina kalimah “Mangga Urang Ngaos Solawat ka Nabi SAW.”
Ieu masjid nu boga ngaran unik teh perenahna di Jalan Cihampelas, Kota Bandung, asup kana gang nu meh peuntaseun Rumah Sakit Advent.
Tah, nu mere eta ngaran Mungsolkanas nyaeta R Suradimadja alias Abdurohim atawa katelah Mama Aden. Mungsolkanas mibanda harti yen sakur jalma nu maca sarta ngamalkeun solawat Nabi Saw, insya Allah du'ana baris diijabah.
Eta singgetan Mungsolkanas nyoko tina palasapah du'a nu kaunggel dina Kitab Tanqihul Qoul.
Mangsa kolonial Belanda, Mama Aden sok nulis dina media massa Islam, upamana di Al Muhtar. Dina sakur artikelna, Mama Aden sok make sandiasma TTM, singgetan tina Tajug Tjihampelas Mungsolkanas.
Awalan, ieu masjid nu ngadeg taun 1869 teh minangka tajug wangun kobong panggung, tempat parasantri ngaraji mangsa harita.
Masjid Mungsolkanas aya dina lahan wakaf ninina Zakaria, ngaran Lantenas, jandana R. Suradipura, Camat Lengkong Sukabumi nu wafat taun 1869. Eta lahan kawilang lega, ngebat ti mimiti Jalan Pelesiran tepi ka Gandok (Jalan Siliwangi) Bandung. Lantenas wafat taun 1921 meneran dina 80 taun umurna.
Satuluyna eta tajug teh dibebenah atawa direnovasi jadi masjid taun 1933 nu dipokalan ku Mama Aden. Renovasina meh bareng jeung renovasi Masjid Kaum Cipaganti nu teu jauh ti Mungsolkanas. Masjid Kaum Cipaganti diarsitekan ku Wolff Schoemaker.
Dumasar catetan salasaurang pangurus sabada kamerdekaan, H. Zakaria Danamihardja, Masjid Cipaganti ge awalna minangka tajug nu diwangun ku Mohammad Tabri, nu oge karuhunna.
Nalika Masjid Cipaganti direnovasi, keur saheulaanan jamaah nu biasa solat di Cipaganti pindah ka Mungsolkanas. Mangsa kuliah di ITB, Bung Karno ge kawilang remen ibadah di Mungsolkanas.
Sanggeusna Masjid Kaum Cipaganti rengse direnovasi, Mama Aden ngusulkeun ka Bupati Bandung malar Kiai Juanda nu mupuhan Masjid Cipaganti. Teu lila, da Kiai Juanda tuluy jadi imam Masjid Ujungberung tug tepi ka wafatna taun 1935.
Tah, Masjid Mungsolkanas nu kawilang masjid buhun titinggal sajarah di Kota Bandung teh kungsi direnovasi deui taun 2009, tur ayeuna mah jadi dua lante.
Di Masjid Mungsolkanas aya prasasti nu ditulisan “Masjid Mungsolkanas Berdiri Tahun 1869 Mangga Urang Ngaos Sholawat ka Kanjeng Nabi S.A.W.”
Terpopuler
1
Barak Militer Vs Pesantren
2
Jejak Perjuangan KH Muhammad asal Garut: Dari Membangun Pesantren hingga Menjaga NU
3
Dialog Refleksi Harlah ke-70, IPPNU Tasikmalaya Tegaskan Peran Strategis Perempuan dalam Pendidikan dan Kepemimpinan
4
Pesantren Karangmangu Bertaraf Nasional, Cetak Puluhan Khatimin dari Berbagai Daerah
5
BPBD Jabar Siap Tangani Bencana Alam di Bandung Barat, Karawang, dan Bekasi
6
IPPNU Kota Banjar Kunjungi Dinas Sosial, Bahas Kasus Sosial dan Penguatan Ketahanan Keluarga
Terkini
Lihat Semua