• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Selasa, 23 April 2024

Ngalogat

Halal bihalal Ngan Aya di Nagara Urang

Halal bihalal Ngan Aya di Nagara Urang
(Ilustrasi: NU Online)
(Ilustrasi: NU Online)

Ku Kang Warsa

Lain jigana, da mémang di enyana, halal bihalal anu dilakonan tiap Lebaran ngan aya di ieu wewengkon atawa nagara urang. Ceuk pangalaman jalma-jalma anu kungsi nyaba ka nagara deungeun malah anu mukim di mancanagara ngaromongkeun : nalika lebaran téh sok rus-ras inget baé ka lembur, teu manggingan tradisi halal bihalal ari lain dikokojoan ku bangsa urang-urang kénéh anu aya di mancanagara. Hartina nagara séjén teu ngabogaan tradisi halal bihalal .

Sababaraha carita ngébréhkeun, tradisi halal bihalal saréngsé lebaran mangrupa alpukah atawa produk KH Wahab Hasbullah. Dijieunna tradisi halal bihalal mémang dilantarankeun ku kabiasaan masarakat di ieu wewengkon anu resep ngumpul ngariung jeung papada. Masarakat di ieu wewengkon mangrupa masarakat Gammeinschaft atawa paguyuban anu leuwih milih hirup sauyunan, kompak, sapamadegan, jeung akur.

Kabiasaan masarakat anu geus ngadarah daging atawa ngakar dina kahirupan diaplikasikeun tuluy ngawujud jadi tradisi halal bihalal anu moal dipiboga ku bangsa deungeun. Kalawan étimologis, halal bihalal bisa dihartikeun ngahalahkeun kalawan halal, lamun dihartikeun sacara kontékstual nyaéta silih bébaskeun tina kasalahan, anu matak tradisi halal bihalal ieu idéntik jeung sasalaman (mushofahah) sabari nyarita: hampura kuring bisi aya kasalahan anu karasa atawa teu karasa.

Dina mangsa formatifna atawa mimiti ayana tradisi halal bihalal, KH Wahab Hasbullah ngayakeun acara ngumpul ngariung anu dihadiran ku kaum élit atawa para inohong masarakat. Lila-lila ieu tradisi sumebar di masarakat, lain saukur dilakonan ku para inohong tapi geus ngalebur dilakonan oleh ku kabéh unsur masarakat dina tiap lebaran. Tug nepi ka ayeuna kaalaman ku urang pisan halal bihalal arék dilakonan ku kulawarga, masarakat, DKM, ikatan alumni sakola, nepi ka instansi pamaréntahan.

Geus pasti jeung sakuduna tradisi anu kawilang alus ieu dimumulé ku urang salaku jalma anu netep di ieu wewengkon. Tradisi anu dilantarankeun ku sikep sauyunan jeung rempug jukung mangrupa cara keur nyieuhkeun bancang pakéwuh nepi ka papaséan anu bisa ngaruntuhkeun kahirupan. Arék diaku atawa diangles kumaha baé ogé akar budaya bangsa urang téh lain nanaon tapi sikep duduluran jeung babarayaan. Anu matak sok jadi babasaan nalika aya dua jalma silih herengan ku anu jadi kolot-kolotna sok diomongan: “Ulah kitu, bisi pajauh huma!”

Nu nulis teh nyaeta guru, esais, nu dumukna di Sukabumi
 


Ngalogat Terbaru