• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 26 April 2024

Kuluwung

Rusiah Hirup Santri Salafiyah

Rusiah Hirup Santri Salafiyah
Rusiah Hirup Santri Salafiyah.
Rusiah Hirup Santri Salafiyah.

Ampir kabéh barudak muslim jigana ngalaman ngaji heula di lemburna séwang-séwangan. Anu muka pangajian di lembur bisa ajengan, guru sakola agama, lebé, anak ajengan, jeung jalma anu dianggap ngarti kana pasualan agama. Tempat ngaji ogé rupa-rupa, bisa di imah, di masigit, di langgar, atawa di pasantrén.


Barudak anu ngaji di pasantrén tapi teu mondok atawa saré di kobong sok disebut santri kalong. Istilah kalong ieu dumasar kana cara para santri anu dumuk di lembur dina nyuprih pangarti, ngan ngilu ngaji dina wanci sariak layung nepi ka isya jeung wanci carangcang tihang réngsé nedunan solat subuh. Santri anu matuh di pasantrén kusabab mémang ngahaja nyiar élmu pangaweruh ku cara ninggalkeun lemburna jigana disebutna “santri” baé, tara diimplik-implikan ku kecap séjén, umpamana santri kuntul, santri bango, atawa sato lain anu pindah tempat dina usum anu tangtu.


Pasantrén miboga kultur jeung budaya anu misah jeung masyarakat, teu jauh béda jeung padépokan atawa asrama. Sok sanajan ayana di sabudeureun lembur, tetep baé dumasar kana panalungtikan Zamakhsyari Dhofier (Tradisi Pesantren) jeung Hiroko Horikoshi (Kyai dan Perubahan Sosial), pasantrén miboga kultur sorangan utamana dina ngatik para santri, adab-adaban santri ka ajengan, kaasup regenerasi anu ngokolakeun pasantrén ti ajengan ka anak incuna. Rélasi antara warga pasantrén jeung luar pasantrén ngan kaciri dina hubungan antara santri jeung santri kalong. Malahan, kalolobaanana mah santri kalong anu ngadon arulin di kobong.


Iwal ti adab jeung étika anu geus dilakonan ti generasi ka generasi, salah sahijina, para santri dicarék ku aturan teu “tertulis” henteu dimeunangkeun arulin bari lila kaluar ti pasantrén, ogé geus nerap kabiasaan jeung pamadegan yén hirup santri mah mémang sakuduna ulukutek di pasantrén. Asa goréng katénjona nalika aya santri didadamping jeung dikopéah ngaradon abring-abringan ka mall jeung pasar. Wani kaluar ti pasantrén lamun geus meunang ijin ti ajengan atawa nyai ajengan.


Sok sanajan kasebut santri kalong, kuring kungsi ilubiung sagulung-sagalang babarengan jeung santri-santri di pasantrén anu aya di lembur. Malah tug nepi ka danget ayeuna, kuring teu bisa leupas jeung dunya pasantrén pédah ngajar jeung ngatik barudak di hiji lembaga pasantrén. Lima taun ka tukang kungsi ngayakeun panalungtikan basajan ngeunaan hirup kumbuh santri di pasantrén salafiyah (pasantrén anu masih ngajarkeun kitab-kitab klasik) bari teu kagerus ku kamajuan jaman.


Panalungtikan ngébréhkeun rusiah kahirupan para santri di pasantrén anu miboga ka-khususan lamun dibandingkeun jeung pranata pendidikan modérn. Hasilna nétélakeun, hal anu bisa baé dicawad ku jalma-jalma modérn (sok sanajan masyarakat modérn ogé sabenerna masih kawilang kuno dina pola pikir mah).


Yakin Pisan ka Alloh
Santri boga rusiah dina hirupna, yakin pisan sagala rupa dikersakeun ku Alloh lain sawates ucapan atawa téori. Nalika kuring méré pananya: naon anu jadi rusiah, maranéh kawas anu teu hariwang nyanghareupan waktu anu bakal kasorang? Batur mah aya anu boga kahayang jadi insinyur, dokter, padagang suksés, ngungudag karir, jrrd. Naha ari mararanéh katénjona mani nyaralsé pisan?


Santri miboga jawaban -anu pédé (percaya diri)-: kami mah percaya sagemblengna, sagala perkara diusikkkeun ku Alloh. Sok komo ngeunaan mangsa ka hareup anu can kasorang, kami miboga sikep roja’, optimis. Keun baé batur anu sina jaradi dokter jeung insinyur mah. Anu penting hirup kami dipikaridho ku Gusti Alloh, salamet dunya akhérat, jeung asup sawarga.


Anu matak teu jadi sual nalika isuk-isuk, teu saeutik para santri mah réngsé ngaji subuh ngaradon ngararéngkol baé di kobongna séwang-séwangan. Hudang kabeurangan ogé tara matak jadi geruh. Santri anu séjénna duk-dek jeung cuh-cih mantuan gégérohan jeung nyeuseuhan di kulah, aya ogé anu sarasapu ngabersihan buruan masigit. Harampang birit nalika dititah ku ajengan.


Ngaji jeung Ngaliwet
Rusiah séjénna anu dialaman ku santri nyaéta ngaji jeung ngaliwet. Teu anéh lamun aya gogonjakan anu ditibankeun ka santri ku masyarakat: santri mah kuliahna nyokot jurusan kastrologi. Ngaliwet jadi kabiasaan, dilakonan réngsé ngaji isya. Euweuh deungeun sangu kari ngala di kebon ajengan, sakapeung maok di kebon urang lembur sabari susulumputan. Nguseup di kulah ajengan ogé tara bébéja da ceunah, entong boro lauk, élmuna ogé dibikeun ku ajengan mah.


Ngantét jeung Masigit
​​​​​​​
Sawaréh santri ngantétkeun haté jeung dirina ka masigit. Barudak lembur keur meujeuhna arulin jeung nalongkrong pasosoré dina wanci tunggang gunung, para santri mah geus pupujian di masigit. Boga kaéra, moal enya santri kudu méjéng di sisi jalan. Ulinna ogé tara wani sosoranganan, geus pasti kudu babarengan, ngabring ka lembur bari sareungit ku minyak kolonyo (cologne) anu dijual écéran atawa ngahaja meuli di toko kitab.


Teu Éra Disebutan nu Penting Barokah
​​​​​​​
Konotasi goréng anu ditibankeun ka santri di antarana sok budug, sok disebut burut da didadamping baé, disebut jalma tradisional, jeung sebutan séjénna tara pati dipaliré ku santri. Anu penting hirup barokah, da Alloh mah teu nganiléy jalma tina bungkus, papaés harta, jeung dedegan jalma. Cindekna, santri mah teu pati wanoh kana mode, fashion modérn, jeung gaya hirup. Paling atoh nalika aya anu tahlilan jeung salametan da pasti meunang kadaharan ngarareunah.


Masih loba sabenerna rusiah kahirupan para santri salafiyah. Insya Alloh dipedar dina tulisan séjén. Cag!


Kang Warsa, Pengurus Lesbumi PWNU & Paniten Budaya Sunda


Kuluwung Terbaru