• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Sabtu, 27 April 2024

Kuluwung

KOLOM KANG DADAN

ChatGPT Jeung Gudang Pangaweruh

ChatGPT Jeung Gudang Pangaweruh
Ilustrasi persaingan Google jeung ChatGPT (dok.bdtechtalks.com)
Ilustrasi persaingan Google jeung ChatGPT (dok.bdtechtalks.com)

Ku Dadan Sutisna
Teu ngabibisani upama réa kénéh nu teu bisa ngabédakeun antara konsép chatGTP jeung Google. Padahal bédana mah basajan, urang ukur ngabédakeun kecap "néangan" jeung "nyieun". Mun nanya ka Google, urang dibéré jawaban ladang maluruh tina wéb. Mun ménta conto artikel, éta artikel nu diasongkeun téh beunang mawa tina sumber séjén. ChatGPT béda deui. Manéhna mah ngadadak nyieun maké téknologi nu disebut Artificial Intelligence (AI) téa, dadasarna modél NLP (natural language processing).

 

Ku kituna, mun urang nyokot artikel tina Google, éta bisa disangka plagiat. Tapi ladang chatGPT mah can tangtu, da apan ngadadak nyieun téa, tur bisa jadi méméhna can kungsi aya (sahenteuna dina struktur kalimahna). Google maké sistim indéks, ari ChatGPT mah ngumpulkeun heula sakur pangaweruh, terus diolah deui maké ku mesin nu niru-niru uteuk manusa.

 

Jadi saenyana teu perlu hémeng upama Microsoft nepi ka wani ngawurkeun duit 155 triliun keur chatGPT. Padahal apan duit sakitu mah, sigana bisa dipaké nyieun jalan tol ti Anyer ka Banyuwangi). Bisa dipaké APBD Provinsi Jawa Barat lima tauneun. Keur nanahaon duit sakitu téh? Tangtu baé keur ngumpulkeun pangaweruh sangkan éta mesin beuki réa kanyahona. Ayeuna mah, bisa jadi chatGPT téh masih réa kénéh kahéngkér, upamana aya data nu salah, atawa bingung kénéh kudu ngajawab naon. Hal-hal saperti kitu, keur Microsoft mah sigana lain pasualan badag. Da apan budak nu karék lahir mah tara ujug-ujug pinter. Nu "mahal" tina ChatGPT téh tangtu baé modél, métodologi atawa algoritma. Jeung pangpangna, pikaheureupanana kawilang caang.

 

Google tangtu waé gulinggasahan. Da apan ChatGPT mah "ngamangpaatkeun" kalemahan manusa nu umumna sarwa ngedul. Mun aya nu dipikabutuh, pan urang leuwih nyokot cara énténg, nanya (chat) ka babaturan batan kudu maluruh di internét. Ari ChatGPT mah maké konsép babaturan nu bisa diajak ngobrol téa.

 

Mémang danget ieu mah, Google boga kénéh kaunggulan ti batan ChatGPT. Upamana, lantaran dadasarna pangaweruh nu kudu "dilatihkeun" heula kana komputer, ChatGPT mah can bisa ngajawab kaayaan nu panganyarna alias nu "update".

 

Microsoft mah tangtu geus utang-itung yén ieu téh bisnis rohaka. Geura wé, mun ChatGPT geus ngadangong dina puluhan aplikasi jieuneun Microsoft, da moal kudu muka Google atuh mun aya pangabutuh téh. Engké mah tangtu langsung nyampak dina Microsoft Word, Power Point, jeung sabangsana. Rék nyieun préséntasi, kari nitah wé, langsung jadi dina itungan detik.

 

Nu leuwih "kacow" deui, éta sakadang ChatGPT téh tangtu ngarambah sakur basa nu dianggap boga poténsi bisnis. Kumaha ari basa Sunda? Nya bisa waé, nu satriliun mah dipaké ngundeur sakur pangaweruh basa Sunda, da maranéhna moal itungan keur ngumpulkeun data jeung sabangsana mah. Terus kumaha sikep urang? Hmm, ké urang mikir heula.

 

Saparapat abad katukang, basa komputer dianggap kénéh barang ahéng, kungsi aya nu nanya kieu, "Ku ngasupkeun téma opat kecap, naha komputer bisa nyieun carpon atawa sajak atawa éséy kalayan otomatis alias nulis sorangan?" Harita mah, nu kitu téh pertanyaan lahuta. Deukeut-deukeut kana mustahil. Dina bisana gé, tangtu moal aya senina. Bakal kaku kawas robot.

 

Mun nu di luhur ditanyakeun deui ayeuna, pasualanana lain bisa atawa teu bisa. Tapi, aya henteu nu daék ngawaragadan keur nyieun nu kitu? Dijamin moal da, keur basa Sunda mah. Boro-boro nepi ka dinya, apan téks basa Sunda dina wangun konvénsional gé nyayeud kénéh, boh buku boh catetan. Urang Sunda mah hamo ngusahakeun ngawangun téknologi nu maké dadasar basa Sunda, sanajan nu kitu téh wajib disalametkeun keur dadasar pangaweruh mah. Urang kakara bakal ngarasa lebar téh sakitu abad ka hareup, kitu gé mun anak-incu héman kénéh. Da geus biasa pan, kakara engeuh téh mun geus dipigawé ku batur.

 

Sakapeung mémang sok ngarasa pesimis mun nengetan ieu galagat. Lain baé keur urang Sunda, tapi keur bangsa Indonésia. Kawasna, nepi ka iraha gé urang moal nyangking "kadaulatan digital" sapanjang pola pikir kieu kénéh. Aya bahan katulah ku paribasa "panday tara boga bedog". Hiji mangsa mah, sagala pangaweruh dicekel ku bangsa deungeun, kaasup pangaweruh urang sorangan. Mun aya nu dipikabutuh téh kudu nanya ka bangsa deungeun, bari mayar deuih. Pan mun karuhun nyahoeun mah bakal gogodeg. Ku naon rék ngajugjug imah sorangan gé kudu nanya ka Google nu markasna di Amérika.

 

Nu disebut pola pikir téh sigana kawas kieu. Ti iraha urang boga anggapan yén "basa Sunda geus mimiti ditinggalkeun ku barudak?" Ti taun 1900-an, basa di urang mimiti aya bioskop. Hartina salila saabad, éta anggapan téh teu robah-robah. Budak nu harita dianggap "ngaruksak basa" téh, boa ayeuna mah geus jadi karuhun urang. Ti iraha aya istilah yén urang kudu ngamumulé basa jeung budaya? Ti taun 1930-an, basa mimiti réa barudak Sunda nu ngambeu sakola.

 

Mémang urang teu terang naon nu bakal kajadian 30 taun ka hareup. Naha manusa tinggal jugrugna, nu nyarita mah mesin jeung mesin, kawas dina film-film. Nyanghareupan téknologi nu beuki ararahéng, urang mah kari migawé naon nu sakuduna dipigawé. Da pan keur naon ngagugulung kamelang gé, mun bari taya ketak mah. Urusan uteuk barudak engkéna gumantung ka mesin, keun wé unggal jaman gé tangtu robah-robah.

 

Minangka panutup, cikénéh nitah ChatGPT nyieun sajak nu sedih dina basa Sunda. Hasilna aya lima pada (bait), geura urang cutat pada kahiji:

 

Tabuhna salira
Bumi ngabogaan rasa
Nyambungkeun kumaha?
Duka aya di dada

 

Nya saaya-ayana heula wé meureun. Da di tungtung sajak, éta mesin téh sanduk-sanduk yén danget ieu mah can "ngawasa" basa Sunda, jadi hasilna gé moal saperti nu dipiharep. Teu nanaon, sakitu gé geus aya gawéna.

Penulis, budayawan & Sastrawan Sunda.


Editor:

Kuluwung Terbaru