• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 19 April 2024

Ngalogat

USUM "RUNTAH"

USUM "RUNTAH"
Doel Sumbang. (Tangkapan layar Sule Production)
Doel Sumbang. (Tangkapan layar Sule Production)

Oleh Dadan Sutisna

Sapanjang sajarah per-Youtube-an, bawirasa kakara ayeuna aya lagu nu maké basa Sunda jadi trénding #1 (nomer hiji) di Youtube, boh dina vidéo umum, boh dina vidéo musik. Tapi, boa bakal aya nu terus nanya: naha panyanyi jeung grup musik nu mawa trénding téh bet urang Tuban, Jawa Timur?


Da jeung enyana, kecap "runtah" téh asa nyunda pisan. Sanajan béh deui mah geus rada kasérédkeun ku kecap "sampah". Nepi ka ngaruntah gé sok disebut "nyampah". Dina harti injeuman, kecap "runtah" dipatalikeun perkara nu hina, nista, atawa taya hargaan.


Mun nilik kana riwayatna mah, lagu "Runtah" karya Doel Sumbang téh teu kaasup lagu kokojona. Biasana dina kasét pita mah lagu kokojo téh sok dipaké judul albeum. Lagu "Runtah" aya dina albeum "Linu" nu medal taun 1995—jaman génerasi Y kakara eungkeut-eungkeut begér. Tapi cék katerangan Doel Sumbang mah ieu lagu dianggit taun 1992.


Mun nilik kana rumpakana, boa-boa dina nganggit génre pop Sunda téh, Doel Sumbang mah teu ieuh masualkeun nyastra henteuna. Da apan cenah inspirasina gé ladang motrét ti nu kasaksian sapopoé. Salian ti sual cinta, téma laguna téh kritik sosial deuih, bari sawaréh diracik maké wanda heureuy. Tapi bisa jadi, wanda modél kieu nu gampang ditampa ku masarakat téh. Buktina dina taun 1990-an mah, kasétna téh payun pisan. Perkara eusi rumpaka mah, sigana perlu pedaran séjén. Da apan lagu pop Sunda karya Doel Sumbang téh réa naker.


Tina salapan lagu dina albeum "Linu", genep di antarana nyaritakeun paripolah awéwé jeung pasualan laki-rabi. "Linu" ngeunaan "kuring" nu milih putus jeung kabogohna batas diperes ku pimitohaeun nu nyandu kana ngadu. Tuluy aya lagu "Ditalipak", nyaritakeun "kuring" nu putus deui waé lantaran kabogohna dijodokeun ka pulisi lalu lintas (Kang Wahyu urang Cicadas). Lagu "Dang Dang Tut" mah éstuning nurub cupu, nyaritakeun ngajodona Cép Adang nu nyantri, beunghar, kasép, jeung Néng Tuti nu geulis tur pinter ngaji. 


Lagu "Ringsek" jeung "Runtah" méh sawirahma. Duanana nyaritakeun awéwé geulis nu resep gunta-ganti lalaki. Ukur béda sesebutan, nu hiji mah "geus risek" (meureun kawas baju nu tuluy-tuluyan dipaké, atawa kawas keretas nu dirames), nu hiji deui geus "jadi runtah". Papada taya euweuh pupurianeunana.


Dina Youtube, lagu "Runtah" mimiti viral (nu terus narétélan kana Tiktok) sabada dihaleuangkeun ku Azmy Z dina wanda rémix. Saméméhna, tilu taun katukang, Fiksi gé kungsi nyieun cover ieu lagu dina wanda reggae ska. Kitu deui Sulé sataun katukang, duét jeung nu nyiptakeun laguna, Doel Sumbang. Tah, sabada dieundeurkeun ku Azmy, merul deui wéh rupaning cover. Minggu tukang, ngurunyung vérsi Bébiraira nu tuluy dijieun parodi lantaran maké raéhan nu béda ti batur. Tapi antukna mah, boh Azmy Z, boh Bébiraira, papada diondang ka salah sahiji statsiun TV.


Nu nyieun cover lagu "Runtah" téh lain urang Sunda wungkul. Malah geus ilahar lagu nu keur viral mah sok ditabeuh di mamana. Di panggung nyata, di panggung maya. Pasualan basa geus teu jadi hahalang deui sigana mah. Dalah nu teu ngarti basa Sunda gé apan bisa "maksakeun" nyanyi, sanajan mun dibandungan ku nu sapopoé maké Sunda mah, bakal karasa aya nu ningnang, pangpangna sual artikulasi. Pan aya di antarana nu ngedalkeun kecap "beureum" jadi "berem", atawa "tipung" jadi "tepung".


[Nyelang heula: Dina Ejaan Bahasa Indonesia yang Disempurnakan (EYD) Édisi V (méméhna PUEBI—Pedoman Umum Ejaan Bahasa Indonesia), geus aya aturan anyar cara nulis vokal "é", "e (ê)", jeung monoftong "eu". Ieu aturan téh bakal gedé pisan gunana keur ngungkulan pasualan di luhur. Atuda tong boro luareun Sunda, urang Sunda sorangan gé réa nu pabeulit waé perkara "é—e—eu" téh.]


Dua poé katukang geus kurunyung deui cover anyar "Runtah" ti kanal Henny Adella, nu nyanyina Difarina Indra Adella, urang Tuban téa. Nu ieu mah rada béda sigana wisitna, da ti barang tayang perdana téh tuluy nérékél nepi ka puncak trénding dina Youtube. Lagu-lagu nu dinyanyikeun ku Difarina mémang kungsi sababaraha kali asup kana béréndélan trénding, tapi sakaterang kakara ku "Runtah" nepi ka ngahontal posisi kahiji mah.


Saenyana mah teu jadi pasualan rék dinyanyikeun ku urang ditu atawa dieu gé. Musik mah universal ieuh. Da geuning komén ti urang Sunda gé ngabring kana kanal Néng Difarina téh, bari réréana ngarasa reueus tur nganuhunkeun pédah geus nyanyi lagu Sunda. Sanajan kitu, ieu fénoména bisa jadi bahan ngaragap diri deuih: pasualan nu can anggeus-anggeus téa di kalangan urang Sunda. Lain dina widang pulitik-ékonomi waé, dalah dina dunya hiburan gé apan bangun seuseut hayang ngawangun "engagement"—guyub, sauyunan, sabeungkeutan téh. Ku jumlah urang Sunda nu puluh-puluh juta, saenyana lain perkara hésé nanggeuy hiji kréator ka puncak trénding téh. Tapi réalitana bisa dibandingkeun: sapanjang sajarah per-Youtube-an, sabaraha hiji kontén Sunda nu asup kana trénding, jeung sabaraha hiji kontén ti sélér séjén.


Naha penting kitu asup kana trénding téh? Atuh kantenan dina jaman digital mah. Keur tujuan nyebarkeun pangaruh basa mah, ieu téh salah sahiji cara nu éféktif. Geura wé, saprak éta lagu viral jeung trénding, aya ratusan website nu ngamuat lirikna. Aya di antarana nu maké tarjamahan basa Indonésia, sanajan sok aya wé nu matak kerung mah, upamana "asa aing" ditarjamahkeun jadi "sadar diri". Keur barudak génerasi Z, bisa jadi motivasi: har, geuning lagu Sunda gé bisaeun nya jadi trénding? Bisa jadi aya ngadadak jadi bangga (aéh, reueus) maké basa Sunda.


Nya mugia wé, ka hareupna leuwih réa lagu Sunda nu matak ngageunjleungkeun. Bawirasa deuih, ka hareupna mah lain ukur buku nu perlu ditarjamahkeun téh, tapi sakabéh rumpaka lagu Sunda deuih.


---------------


Nu dibandungan sajeroning nulis:


Versi Doel Sumbang (orisinil, 1994):
https://www.youtube.com/watch?v=p_cJgQHWeSY


17 Mei 2019, Versi Fiksi (cover):
https://www.youtube.com/watch?v=D6JstnttV9w


10 Apr 2021, Versi Sulé feat Doel Sumbang:
https://www.youtube.com/watch?v=EvovDMp6Cfg


24 Juli 2022, Versi Azmy Z (cover):
https://www.youtube.com/watch?v=lAIdX9Rv3Rk


6 Séptémber 2022, Bebiraira (cover):
https://www.youtube.com/watch?v=-tiW9nYo3oc


14 September 2022, Difarina Indra Adella (cover):
https://www.youtube.com/watch?v=Dr0Nigqv3Es


Penulis adalah peniten budaya Sunda


Ngalogat Terbaru