• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 29 Maret 2024

Ngalogat

Sanghiang Oksigén

Sanghiang Oksigén
Ilustrasi: Amazon.com
Ilustrasi: Amazon.com

Ku Dadan Sutisna

Geura sésakeun heula waktu sadetik pikeun ngimpleng naon kapikir ayeuna. Da jeung enyana, waktu sadetik kaburu béak sabot urang mikiran naon nu kudu dipikirkeun. Sanajan ukur keur mikir, urang perlu waktu leuwih ti sadetik. Tapi di luareun sirah urang, waktu sadetik téh geus cukup pikeun nyipta jutaan kajadian. Nu lahir, nu maot, mesin nu muter, cai nu ngocor, jeung sakur usik-lilirna kahirupan di ieu dunya. Di marcapada, dina wengkuan anggang miliaran taun cahaya, réwuan béntang anyar baranang jero sadetik. Jumlah saenyana boa leuwih ti kitu, lantaran pakakas téléskop nu dijieun ku manusa kawatesanan kénéh.

Dina hiji sisi, téknologi nu dijieun ku manusa lir némbongkeun kapunjulan. Tapi dina sisi séjén, rupaning pangaweruh anyar éstu negeskeun yén manusa mahluk nu kacida leutikna jeung teu daya teu upaya. Dalah planét bumi nu sakieu gedéna gé, asa taya hartina dibandingkeun jeung pangeusi marcapada mah nu jumlahna teu kaitung. Itungan taun cahaya téh, dina enas-enasna mah lain nuduhkeun anggang, tapi pituduh ti Nu Ngaguga pikeun noong kajadian rébuan, jutaan, miliaran taun katukang.

Jadi, mun nilik ka dinya mah, ku welas-asihna Pangéran, naon anu ditibankeun ka manusa téh tangtu bisa diungkulan ku dirina. Urang lain keur nyanghareupan astéroid sagedé Pulo Bali nu melesat puluhan rébu Kmh rék neunggar bumi. "Ukur" mahluk nu kacida leutikna, nu ayeuna ngabarubahkeun téh. Mahluk nu jadi bibit-buit sasalad jeung kasakit. Tapi, sanajan lir beuki ngadeukeutan, lamun urang henteu kalékéd jeung angger iatna mah, tangtu bisa diungkulan. 

Manusa mah apan réa akalna, boga pangrasa geusan nyaah ka sasama. Geus jéntré tina catetan mangsa bihari yén dina enas-enasna mah manusa bisa ngaliwatan rupa-rupa kajadian. Da apan musibah téh lain kakara ayeuna. Kumaha baé balukarna, nya dipasrahkeun kana tarékah urang-urang kénéh; gumantung kana kumaha nyanghareupanana. Nu kawilang penting téh, dina mangsa sasalad, manusa lir dipentés sipat kamanusaanana minangka mahluk sosial ku ngébréhkeun sikep silih tulungan, silih bantuan, silih dungakeun, teu pagiri-giri calik pagirang-girang tampian.

Geura, urang nyoréang heua kana dua kajadian nu sikep masarakatna patukang-tonggong. Taun 2011, Jepang ditarajang tsunami. Kira-kira 18 rébu nu maot ku ieu musibah, ari puluhan rébu nu salamet gé kaisolasi: euweuh listrik jeung hésé dahareun. Dina mangsa nu sarwa walurat kawas kieu, warga Jepang sabilulungan, euweuh kajahatan, euweuh nu makmak-mekmek. Rébuan ATM dibongkar sapanjang basisir, tapi euweuh nu cocéng sanajan ukur sa-yén. Cindekna, ku tanggung jawab babarengan Jepang nu keur tisuksruk téh bisa eungkeut-eungkeut deui hudang.

Ayeuna bandingkeun jeung kajadian di New Orleans taun 2005, basa ieu wewengkon ditarajang Katrina. Sanajan méh saeusi kota karem ku banjir, masalah nu pangrongkahna mah lain datang tina musibah alam, tapi tina tabéat manusa sorangan. Parebut dahareun jeung sabangsana.

Upama urang ngundeur luang tina kajadian bihari, nu mimiti dilakonan keur ngeureunkeun sasalad téh lain ngumpulkeun dahareun keur dirina sorangan. Lain ngagundukkeun ubar atau naon waé nu bisa dianggap nyageurkeun kasakit. Tapi nalék heula sikep kamanusaan, keur ngabédakeun mahluk nu geus bisa ngawangun paradaban, jeung mahluk nu kakara pisan dikencarkeun tur teu nolih ka nu lian, alias mentingkeun dirina sorangan.
*
Jadi, naon nu kapikir jero sadetik téh? Dina usum kieu, urang bisa waé ujug-ujug inget kana hiji zat nu marengan ti barang lahir. Sanajan diseuseup unggal rék rénghap, mémang rada arang inget ka ieu zat nu jadi salah sahiji cukang kahirupan: oksigén. 

Cai onaman da kaciri golontorna, meujeuhna mung remen ngolébat dina pikiran téh. Rék nginum, rék mandi, sumur saat, walungan ngolétrak, langsung inget kana cai. Ari kana oksigén? Langka inget téh da teu kaciri wujudna, tapi aya di sabudereun urang. Haratis deuih, keur nu séhat walafiat mah iraha teuing meuli oksigén. Dalah cai ogé apan saenyana mah dibeungkeut ku oksigén. Mun oksigén tina cai diucutkeun, nu nyésa ukur hidrogén: hésé nguyupna.

Kitu pisan, Pangéran geus nyiptakeun oksigén di ieu dunya dina jumlah nu saimbang, meujeuhna, diluyukeun jeung robahna alam. Kuluwung gas atmosfér bumi téh dieusian ku 20% oksigén, sésana gegedéna mah nitrogén nepi ka 78%, jeung sésana deui unsur gas lianna. Éta komposisi téh geus aya dina takeran nu merenah, kawas gedéna sakur planét, anggangna dunya ka panonpoé, gancangna rotasi bumi, jeung rupaning aturan alam nu geus dicipta ti ajalina. Ayeuna kumaha mun komposisi oksigén béda, lain 20%?

Méméh utang-itung ka dinya, urang bisa noong heula ka jutaan taun katukang. Cenah harita alam dunya dieusian ku 30% oksigén. Ukuran sasatoan baradag kacida lantaran jumlah oksigén bisa mangaruhan tumuwuhna mahluk. Jadi urang teu kudu cangcaya kana katerangan yén Nabi Adam a.s. jangkungna nepi ka 60 kasta. Kaharti tina ulikan kaélmuan gé, salah sahijina, kapangaruhan ku jumlah oksigén.

Basa hiji budak nanyakeun ku naon jelema ayeuna kaitung parendék, henteu welasan méter kawas baheula, jawaban bapana téh apan basajan. "Riweuh, Jang, unggal jelema bakal kudu ngaganti panto imah nu luhurna sarua jeung tangkal kalapa. Pikirkeun deuih nyieun kasur welasan méter, jeung sakur barang kudu dirobah ukuranana. Dreum bakal dipaké cangkir, ari piring pisin sagedé jodang. Sakieu gé untung kénéh urang teu jadi sagedé sireum." Enya, sagala rupana robah kalawan reuhreuy dina waktu nu kacida lilana. Évolusi téa.

Balik deui kana oksigén. Geura urang impleng, mun jumlah oksigén nu nyampak ayeuna ditikelkeun, tina 20% jadi 40%. Kumaha pangaruhna kana kahirupan? Sigana urang moal hésé manggihan cucunguk sagedé ucing, reungit sagedé hayam, tangkal hiris badis caringin, jeung jelema nu jangkungna mapakan tangkal kalapa (ayeuna). Manusa bakal beuki pinter alatan uteuk euyeub ku oksigén. Korona gé bisa jadi nyingkah lantaran imun dina awak urang jadi wedel pisan. Tangtu ieu téh sabada nyorang hiji prosés kacida lilana, nu disebut évolusi téa.

Tapi, ké heula, kitu sotéh mun urang bisa nyanghareupan pirang-pirang kajadian balukar tina oksigén nu kaleuleuwihi téa. Mobil, bisa waé jadi irit bahan bakar, tapi beusi-beusina téréh tai hiangan alias korosi. Rupa-rupa barang gampang kaduruk, kahuruan di mana-mana. Ari hawa nu ku urang diseueup, bakal pabeulit ku radikal bébas nu jadi bibit buit kasakit. Awak urang tangtu soak dibéré oksigén rongkah tur nyakali mah. Cindekna, mun oksigén ditikelkeun jumlahna, manusa kaburu bangkar méméh bisa ngungkulan balukarna.

Mun sinyal hapé ngahiang salila lima detik, moal ieuh karasa teuing akibatna. Paling gé ngarandeg sakeudeung mun urang keur muka internét téh. Ayeuna sabalikna, bakal kumaha upama oksigén leungit ti ieu dunya, teu kudu lila, lima detik wéh. Urang papada terang yén lapisan ozon di ieu planét téh nu diwengku ku tilu atom oksigén. Ieu lapisan gunana keur nangtayungan bumi tina radiasi sinar ultraviolét panonpoé. Mun oksigén ngahiang lima detik, hartina lapisan ozon gé ilang. 

Ku leungitna ozon, jalma-jalma nu cicing di luar bakal kawas suuk nu disangray. Kahuruan? Moal sigana, da apan seuneu téh butuheun oksigén, sanés? Tapi tangtu bakal panas kabina-bina, matak géhéng saawak-awak. Alam dunya tangtu jempling da moal aya mesin nu hurung, hapé gé parareum. Wawangunan beton tangtu ngadadak jadi lebu, da apan bisa weweg sotéh lantaran ditalian ku oksigén. Cai, tah éta, nu nyésa kari hidrogénna. Cai laut bakal saab ka langit, jeung awak urang nu dieusian ku 75% cairan, moal teu ngadak péot saharita. Upama téa mah urang kuat nahan kajadian lima detik téa, ulah miharep oksigén bakal datang deui. Dina ngurunyungna gé, éta oksigén tangtu ngabalukarkeun kajadian nu leuwih pikaketireun: dunya ancur lebur.

Kitu mungguhing Nu Ngersakeun, sagala rupana geus diatur kalawan saimbang. Jumlah oksigén bisa waé ngurangan ku polah manusa, tapi apan henteu béak nyakali. Sasatna saméméh lebur kiamah mah, Pangéran méré kénéh kasempetan pikeun ngoméanana.

Sabada ngimpleng nu leuwih ti sadetik téa, naon nu disanghareupan ayeuna téh tangtu bisa diungkulan. Di luareun titis tulis nu geus dikotrét keur unggal-unggal jalma, kasempetan keur babarengan ngeureunan sasalad téh gedé kénéh lolongkrangna. Angot upama urang neuleuman deui pidawuh-Na, yén Alloh moal nibankeun perkara anu teu kadada-kaduga ku manusa.

Nu nulis teh esais, sastrawan 
 

 


Ngalogat Terbaru