Ku: Asep Salahudin
Diondang ku PCNU Kabupaten Tasikmalaya. Acarana dina raraga haol Gus Dur (KH Abdurrahman Wahid). Puguh gé teu gampang ngaguar Anjeuna mah. Gus Dur teu bisa dipalenggeran. Politikus, kyai, guru, budayawan, komedian. Kumplit.
Greg Berton, Greg Fealy, Robert W. Hefner, Andree Feillard tepi ka ngoprot késang nyurahan Gus Dur mah. Éta geura aya wartawan serius ménta kamandang Anjeuna ngenaan perbedaan satiap présiden anu pernah mingpin Indonesia. Teu gampang ngajawabna. Gus Dur mah éstuning sagilek. Pokna teh.
+ Distingsinya gampang. Presiden Soekarno gila wanita, Soeharto gila harta, Habibi gila beneran
- Kalau Gus Dur?
+ Saya? Bikin semua orang gila!
Éta geura teu euleum euleum méré saran ka PM Israél.
+ Pa Perdana Menteri, di kami aya komoditas murah meriah. Mun dijual di dieu matak untung dua kali lipet
- Ngajual naon kitu, Gus?
+ Kutang!
- Naha kutang? Ké can pati kaharti, Gus
+ Nya kutang. Ti kami hiji. Di dieu bisa jadi dua. Tingal motong talina
- Atuh moal laku Gus
+ Lah belet téh geuning béak ku sorangan di dinya mah. Dijual lain keur wadah susu tapi keur tutup sirah. Kippah
- Ha - ha...
+ Ha - ha...
- Gus, ukurana apan béda
+ Di negeri kami sagala ukuran nyampak!
Dina ujaring hiji riwayat. Gus Dur kantos sumping ka Pasantrén Suryalaya. Nyungkeun talqin dikir ka Pangersa Abah Anom (KH A. Sohibul Wafa Tajul Arifin, RA). Waleran Pangersa Abah Anom, "Salira mah Gus teu kedah ditalqin. Apan atos ditalqina langsung ku Syekh Abdul Qodir Al Jailani. Waktos di Bagdad."
Alatan Gus Dur oge Situ Panjalu jadi pangjujugan ziarah. Ti mana-mana. Borosngora dikaitkeun sanadna sareng Imam Ali. Situna teu pernah saat.
Penulis, Rektor IAILM Suryalaya
Terpopuler
1
Inilah Susunan Lengkap Struktur PCNU Garut Masa Khidmah 2025-2030
2
Kisah Keteladanan Almaghfurlah KH Muhammad Garut dan Jejak Ilmu yang Ditinggalkan
3
Resmi Dilantik, Lasqi Majalengka Siap Gairahkan Seni Qasidah dari Desa hingga Nasional
4
Hasil Drawing Piala AFF U-23 2025, Timnas Indonesia Satu Grup dengan Malaysia
5
Banyak Pemain Absen Jelang Lawan China di Kualifikasi Piala Dunia 2026, Jay Idzes Jadi Tumpuan Skuad Timnas Indonesia
6
Kadensus 99 Banser Dukung KH Abbas Abdul Jamil Buntet sebagai Pahlawan Nasional
Terkini
Lihat Semua