• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Kamis, 25 April 2024

Ngalogat

Ngawewegan Literasi Digital

Ngawewegan Literasi Digital
Ngawewegan Literasi Digital (Ilustrasi: freepik.com)
Ngawewegan Literasi Digital (Ilustrasi: freepik.com)

Dadan Sutisna
MUN téa mah aya nu matalikeun literasi jeung kagiatan maca katut nulis, taya bayana. Da kitu pisan nu ébréh dina pakumbuhan sapopoé gé. Upamana, nu disebut "pojok literasi" di hiji sakola, apan eusina buku. Pangna kitu téh lantaran maca jeung nulis bisa disebut balung-tunggalna literasi. Sanajan mun diwincik deui mah, literasi téh réa pisan rupana. Cék tulisan Bagawan Atép Kurnia (PR, 10/09/2018), aya genep rupa literasi dasar. Malah dina Kamus Besar Bahasa Indonésia aya genep welas rupa—kaasup "literasi gizi" nu sabréhan mah asa teu hir teu walahir jeung urusan maca.

Pamaréntah keur ngagederkeun literasi ti sawatara taun katompérnakeun. Boa-boa ieu téh pikeun ngaronjatkeun harkat darajat bangsa, ambéh teu ngérakeun teuing. Apan dina urusan literasi mah, nagara urang téh kaasup kalaméro. Aya dina runtuyan ka-60 tina 61 nagara. Duka kumaha meunteunna, da rarasaan urang Indonésia téh teu mumul-mumul teuing maca. Atuh buku gé nyayeud, jeung eusina teu goréng-goréng teuing. Wani ngadu lah, jeung Malaysia mah.

Sihoréng-simanahoréng, lain ukur jumlah bacaan nu dipaké takeran wewegna literasi téh. Tapi, ladang tina maca: aya réngkolna jeung puguh tapakna. Da teu kurang-kurang nu sok ngaremus buku tapi mikirna angger kitu, teu asak-asak. Maca téh apan kudu dibarung ku kasabaran, diémbohan ku sikep kritis, boga daya réfléksi, jeung nyésakeun lolongkrang keur namperkeunana. Angot sabada ngurunyung wanda literasi anyar mah, literasi digital téa, padika kawas kitu téh kudu diémbohan ku sikep leuleus jeujeur liat tali.

Literasi digital téh, cék KBBI mah: kamampuh pikeun neuleuman informasi nu jolna tina komputer (pakakas digital). Ari cék UNESCO mah: "Digital literacy is the ability to access, manage, understand, integrate, communicate, evaluate and create information safely and appropriately through digital devices and networked technologies for participation in economic and social life. It includes competences that are variously referred to as computer literacy, ICT literacy, information literacy, and media literacy." (Mangga tarjamahkeun wé dina haté séwang-séwangan). Upama dipasing-pasing, kamampuh dina literasi digital téh ngewengku aya dua rupa. Kahiji, kamampuh ngagunakeun pakakas digital, hartina teu gapték-gapték teuing. Kadua, kamampuh pikeun namperkeun rupaning informasi. Nu kahiji mah kawasna teu hésé-hésé teuing, da ayeuna mah méh unggal jelema geus nyekelan hapé. Ngan di urang héngkér kénéh lebah ngolah béja nu katarima, lantaran ieu mah aya patalina jeung kasabaran, gemet tur imeut, jeung ngaheulakeun timbang-taraju. Copélna, aya genep rupa keur ngawewegan literasi digital téh.

1. Mangsa Nampa Béja

Béda jeung koran, informasi digital mah jolna kana hapé atawa komputer. Bisa langsung ti sumberna, bisa ti babaturan, atawa ti mana boa. Bisa sagemblengna atawa dipotong sawaréh, dijojoan nu pentingna. Wangunna gé rupa-rupa, aya téks, gambar, vidéo. Nu nampa béja kudu mampuh maluruh ti mana mimitina éta béja. Mun teu mampuh maluruhna, alusna mah antep wé, teu kudu dibagikeun sagala rupa. Lantaran teu kurang-kurang nu nékad nulis koméntar padahal ukur maca judul berita. Nu teu mampuh nyusud sumber mimiti, tapi ramo arateul hayang ngomén atawa nyetatus, antukna sok némbongkeun kaahéngan. Naha enya BBM naék? Cenah, padahal imahna gigireun POM.

2. Ngolah Béja

Sok aya nu nanya: ari ieu hoaks lain? Upama sumber béja geus kasusud, tangtu wé kudu dipaluruh bener-henteuna, sangkan teu kabobodo ténjo. Ku sabab réa nu déngdék kana kapentingan (teu masualkeun bener-henteuna), béja dina média digital mah réa nu nipu. Vidéo dua taun katukang disebut anyar, berita beunang ngédit dienya-enya, manipulasi foto diheueuhkeun. Nangtukeun bener-henteuna béja téh lain perkara hésé saenyana mah, sapanjang aya kadaék, di antarana daék ngamangpaatkeun Google.

3. Neuleuman Béja

​​​​​​​Sanajan geus yakin yén hiji béja téh bener, luyu jeung kanyataanana, sakur jalma boga tanggung jawab pikeun neuleuman kamangpaatanana. Henteu unggal béja payus disebarkeun, aya nu cukup nepi ka diri sorangan waé. Upamana, foto-foto nu némbongkeun kaketir (nu cilaka, jsb) atawa berita nu eusina kalah ka ngawiwirang nu diberitakeunana. Mun cék métafor Sunda mah: kudu bisa ngaragap haté batur.

4. Nyambung-nyarungsum Béja

​​​​​​​Mun keukeuh panasaran kana hiji béja, kamampuh séjénna nyaéta nengetan, nyindekkeun, jeung ngabanding-banding béja jeung sumber séjén. Ieu téh sangkan béja nu katampa leuwih gembleng, henteu wawaréhan. Lebah dieu mah perlu kasabaran téa, ngadagoan bulé-hideungna.

5. Nuliskeun Deui Béja

Ieu mah aya patalina jeung sikep kritis katut daya réfléksi téa. Unggal jalma boga pamadegan séwang-séwangan pikeun mairan hiji perkara. Bisa dina wangun kritik atawa aprésiasi. Lebah dieu tapak maca téh némbonganana. Lantaran geus ditamperkeun heula, mangsana mairan hiji béja téh tangtu mawa mangpaat ka nu lian, bari didadasaran ku data katut fakta tina naon-naon nu geus dianalisis téa.

6. Nyebarkeun Béja

​​​​​​​Nu pangger kana literasi digital mah, nyebarkeun béja téh lain keur kapentingan praktis, tapi keur kahadéan. Da teu kurang-kurang apan nu ngundeuran béja ukur keur mépéhék batur. Sabréhan gé, bakal katara bédana nu jejem kana literasi mah, lain lakar noélan layar. Jeung tangtu bisa tumpa-tumpa deuih, boh nengetan waktu, boh niténan jalma-jalma nu bakal nampa éta béja.

Éta genep perkara téh, di deungeun mah geus mimiti diajarkeun ka barudak. Tangtu wé tujuanana mah sangkan barudak bisa ngamangpaatkeun pakakas digital kalawan adil, keur kamaslahatan. Da jeung enyana, bawirasa mun unggal jalma geus mampuh ngalarapkeun literasi digital, kahirupan di médsos téh kawasna moal sahéng-sahéng teuing.

(Ditulis keur ngareuah-reuah Poé Literasi Internasional)

​​​​​​​Penulis, Sastrawan Sunda 
Sumber
: https://singrancage.id/tepas/maca/n5gz9i/ngawewegan-literasi-digital

 


Ngalogat Terbaru