Hikmah jeung Kautamaan Maca Solawat Nabi, Mangpaat Dunya tur Aherat
Rabu, 18 Desember 2024 | 09:00 WIB
Ajen hikmah tina mindeng maca solawat Nabi teh tetela mibanda kautamaan jeung mangpaat dunya sarta aherat. (Foto: NU Online Jabar/Rameli Agam)
Rameli Agam
Penulis
Solawat ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw mungguh euyeub ku hikmah jeung ajen mangpaat. Dina kahirupan sapopoe, urang diperedih malar masing mindeng maca solawat Nabi. Kautamaan atawa fadilah maca solawat Nabi teh antarana wae ti mimiti ngahapus dosa tepi ka diijabahna hajat urang.
Maca solawat bisa iraha wae, boh minangka dzikir sabadana solat boh dina waktu lianna. Anapon dalil sual kautamaan maca solawat teh aya dina Qur'an jeung hadis, atawa katerangan kitab antarana wae Kitab Al-Adzkar, Kitab Al-Hikam, sarta Kitab Kifayatul Atqiya.
Dina Qur'an Surah Al-Ahzab ayat 56, Allah Robbul 'Aalamin ngadawuh, "Saestuna Allah jeung malaekat-Na solawat pikeun Nabi Muhammad Saw. He jalma-jalma nu ariman, masing solawat pikeun Nabi. Haturkeun salam hurmat ka mantenanana."Laju dina HR Muslim kaunggel, "Sing saha wae nu solawat ka kuring sakali, Allah solawat ka mantenanana sapuluh kali."
Sedengkeun katerangan HR An-Nasa'i mertelakeun, "Sing saha wae nu maca solawat ka kuring sakali, Allah solawat ka mantenanana sapuluh kali, ngahapus sapuluh dosana, tur ngangkat darajatna sapuluh tingkatan."
Ngeunaan ajen hikmah maca solawat Nabi, guru Pendidikan Agama Islam SMK Roudlotul Ulum Cihanjuang Kabupaten Bandung Barat, Abdul Yusuf Farijal, ngeceskeun, sacara spiritual baris meunangkeun rohmat jeung berekah ti Allah Swt, ngaronjatkeun kaimanan turta katakwaan, katut meresihan hate tina kasalahan jeung dosa.
"Lian ti eta, ku mindeng maca solawat Nabi teh oge ngahadirkeun katingtriman jiwa, katut ngaronjatkeun hubungan jeung Allah Swt sarta Nabi Muhammad Saw," pokna, Senen (16/12/2024).
Anapon dina jiad moral, mawa mangpaat geusan ngamekarkeun sipat kanyaah jeung hurmat, ngandelan kasabaran tur katabahan, katut ngurangan pasipatan egois sarta sombong.
"Ku mindeng solawat Nabi ge baris ngawangun kasadaran kana pentingna ngalakonan kahadean sarta ngaronjatkeun rasa sukur jeung silingajenan," ceuk Abdul Yusuf Farijal.
Remen maca solawat Nabi ge tetela mibanda mangpaat dunya, antarana ngarojong kana kasuksesan jeung kaberekahan hirup, meunangkeun panangtayungan tina balai katut kasulitan, nguatkeun kasehatan, oge kasalametan.Baris muka lolongkrang jalan rijki salega-legana tur kama'muran, turta ngaronjatkeun martabat jeung darajat.
Sedengkeun dina jiad aherat, ku maca solawat Nabi baris meunangkeun syafaat Nabi mangsa poean ahir, kaangkat darajat jeung martabat di alam sorga. Sagedengeun eta, oge dihapusna dosa-dosa, kalawan ngahontal kabagjaan abadi.
Tah, pikeun ngamaksimalkeun mangpaat solawat Nabi, ceuk Abdul Yusuf Farijal, nyaeta ku cara solawat kalawan noron tur istikomah, neuleuman makna solawat, teu weleh ngalakonan amal kahadean, ngaronjatkeun pangaweruh ngeunaan ketak Kanjeng Rosul, jeung ngamalkeun pirang-pirang sunnah Nabi.
"Muga wae solawat urang teh ditarima ku Allah Swt, kalawan meunang kaberekahan pikeun urang sadayana, aamiin ya rabbal 'aalamiin," pokna, mungkas kateranganana.
Terpopuler
1
Gus Yahya Respons Wacana Pendanaan MBG Melalui Zakat: Perlu Kajian Lebih Lanjut Karena Kategori Penerima Zakat Sudah Ditentukan
2
Profil Alex Pastoor dan Dany Landzaat, Dua Asisten Pelatih yang Dampingi Kluivert di Timnas Indonesia
3
Khutbah Jumat Terbaru: Bulan Rajab, Momentum untuk Tingkatkan Kualitas Spiritual Diri
4
Refleksi Harlah ke-102 NU: Membangun Sinergitas Harokah dalam Ber-NU
5
Pentingnya Menggerakkan Jam'iyyah Nahdlatul Ulama di Kota Bogor Menjelang Harlah ke-102
6
MoU Haji 2025 Ditandatangani, Indonesia Akan Berangkatkan 221 Ribu Jamaah
Terkini
Lihat Semua