Ngalogat

Wirahma Tarhim, Wujud Solidaritas Umat Lagu Ibadah

Selasa, 10 Desember 2024 | 08:00 WIB

Wirahma Tarhim, Wujud Solidaritas Umat Lagu Ibadah

Galindeng tarhim nu ilahar ngong samemeh adan teh, lian ti jadi tanda kana tereh datangna waktu solat, oge minangka ekspresi rasa hurmat jeung solawat ka Kanjeng Nabi. (Foto: NU Online Jabar/Rameli Agam)

Minangka tradisi unik nu geus aya ti bareto, eusining tarhiman teh euyeub ku du'a jeung pujian katut solawat, nu galindengna ilahar samemeh ngong waktu adan, utamana adan Subuh. Lian ti ekspresi rasa hurmat ka Kanjeng Rosul, tarhiman ge jadi tanda kana tereh datangna waktu solat, sakaligus ngahudangkeun maranehanana nu meneran sare keneh. Jadi pangajak sangkan umat geura-geura tatahar ka masjid pikeun netepan solat.


Digalindengieun kalawan tenang, tarhiman mungguh ngahudang kasadaran kana pentingna tanda waktu solat jeung ibadah lianna.
Dina catetan budayawan Sunda, Hawe Setiawan, kaguar pirang-pirang hikmah nu kaalaman manehna kana perkara tarhiman.


"Nu kadenge ku kuring ti bubudak tepi ka namper jadi dedek ingetan teh sora tarhim. Solawat ka Kanjeng Nabi, ngalaeu panjang, turun unggah, siga nu ngajak nyaba ka langit. Memeh adan Subuh atawa memeh adan Magrib sok kadenge teh," pokna. 
Mun tea mah aya nu disebut theme song dina hirup kumbuh sapopoe, nya sora eta pisan keur manehna mah. "Asana mah moal tepi ka lali kalimah ash-sholaatu wassalaamu 'alaiiiik...," ceuk Hawe.


Runtuyan kamekaran tradisi tarhiman di urang, kaguar yen manehna mimiti dalit jeung sora tarhiman teh tina RRI Bandung. Geus matuh kadenge tina radio unggal sore, memeh ngong sora adan. Saterusna mah nya ti munara masjid, boh di lembur boh di kota. 


"Di Bandung ayeuna radio nu masih muter adan anu lagamna populer ti baheula teh antarana Kandaga, radio Pemkab Bandung. Ari masjid nu sok kadenge tarhim jeung adanna lagam eta teh antarana Masjid Cipaganti," pokna.


Laju Hawe mertelakeun, beh dieu kakara nyaho yen eta wirahma tarhim katut adan anu pohara populerna teh asalna ti Syrkh Mahmud Khalil Al-Hussariy ti Mesir. Dina ahir dasawarsa 1950-an kungsi datang ka Indonesia, tur sorana direkam di studio Lokananta, Solo.


"Nya ti harita galindeng tarhim katut adanna teh tul-tel tatalepa di unggal munara masigit di Indonesia, kaasup di lembur kuring," ceuk ieu budayawan Sunda teureuh Subang nu gumelar ping 21 November 1968.


Da genah atuh galindengna tarhim teh. Manakomo mun bari miharti eusina, tangtu bakal leuwih teleb ngalenyepanana. Bari ngabandungan galindengna solawat kabawa angin, kacipta, "satungkebing langit hempak solat, pangersa Kanjeng Nabi nu jadi imamna..."


"Ninggang di kabeneran kuringna keur kedul mah ngadenge hawar-hawar sora tarhim teh kalah beuki morongkol. Asa dipepende tepi ka kudu digugujeg ku indung ku bapa. Beda deui kaayaanana mun kuring keur getol, ngong tarhim, nyah beunta, korejat hudang. Gesat-gesut ka kamar mandi ngahudangkeun cai," pok Hawe Setiawan.


Tetela, tradisi tarhiman di urang, lian ti ekspresi rasa hurmat jeung solawat ka Nabi, oge jadi tanda kana tereh datangna waktu solat. Atuh hikmah sejenna, tarhiman minangka wujud solidaritas umat lagu ngalakonan ibadah. Tarhiman jadi simbul beungkeutan sauyunan, panggeuing kana pentingna solat barjamaah di masjid.