Ngalogat

Ngalenyepan Kitab 'Cempaka di Laga' Titilar Mama Sempur, Pangjurung Nyiar Kipayah

Kamis, 13 Maret 2025 | 02:23 WIB

Ngalenyepan Kitab 'Cempaka di Laga' Titilar Mama Sempur, Pangjurung Nyiar Kipayah

Kitab "Cempaka di Laga" yasana Mama Sempur, nu diwengku 24 kaca tur tamat diserat taun 1383 H/1963 M. Geus leuwih ti genep dasawarsa umurna, tapi eusina tetep perlu dibaraca. (Foto: NU Online Jabar)

Meunang potokopian kitabna teh basa jarah ka makamna. Sababaraha langkah memeh jog ka teras makam, aya jongko kitab. Tetela, aya welasna kitab titilar anjeunna, winangun kitab pegon basa Sunda. 


Eta kitab teh titilar KH Tubagus Ahmad Bakri suwargi, nu kamashur Mama Sempur. Ari Sempur teh ngaran desa di Plered, Kabupaten Purwakarta. Lalandian kitu, ciri bukti raketna pangersa Ajengan jeung lingkungan masarakatna.
Kitu antarana bubuka catetan budayawan Hawe Setiawan, waktu ngaguar eusining Kitab "Cempaka di Laga" yasana Mama Sempur.


Pajah, rumasa teu kungsi masantren, rajeun mukaan kitab bari jeung taya nu ngawurukanana. Dina kungsi ngajina ge mun saur Mama Sempur tea mah "ukur teuleum buku curuk". Estuning sakaparan-paran, semet nu sasatna kapanggih di jalan.


Kitab "Cempaka di Laga" dibukaan, dua-tilu balen dibaca, itung-itung ngabuburit, najan bari nundutan. Handapeun judul, cara ilaharna dina kitab, aya kateranganana : "mertélakeun perihal wajib usaha pikeun pirbadina jeung kulawarga". 


Judul katut kateranganana tea nu pohara metotna. Kayungyun ku nyundana, kayungyun deuih ku jejerna. Jero pikir, nya ieu piwejangna ajengan dina widang ekonomi.


Breh kagambar peran kultural para ajengan dina jamanna, lain bae ngawurukan ngaji tapi deuih ngajurung kaparigel balarea geusan neangan pangupa jiwa. 


Eta kitab diwengku 24 kaca, tamat diserat dina taun 1383 Hijriyah atawa kira taun 1963 Masehi. Geus leuwih ti genep dasawarsa umurna, tapi ceuk pangrasa eusina tetep perlu dibaraca.


Eusining kitab dibagi kana lima pasal kalayan weweg tatapakanana, sumender kana Qur'an, Hadits, katut pamendakna para ulama. Pasal kahiji nandeskeun wajibna "usaha tani". Pasal kadua mepelingan sangkan usaha teh ulah neangan "arta haram" tapi kudu usaha nu "halal". Pasal katilu negeskeun wajibna "hade ka tatangga", antarana sangkan "aman di dunya", jongjon usaha. 


Pasal kaopat mertelakeun wajibna tumut ka pamarentah katut "imam", mungguh usaha kudu luyu jeung aturan katut ajen-inajen kahadean. Anapon pasal kalima nerangkeun "alqo'idatul masyhuroh (ko'idah anu dimashurkeun)" dina tetekon agama.


Ti pasal kahiji tepi ka pasal kaopat mah, enya ge ngaderesna bari jeung titatarajong, rarasaan mah kaduga nuturkeunana. Nincak kana pasal pamungkas bet karasa yen paparabotan dina diri tayohna can manjing. Babakuna mah can kaduga miharti yen "saenya-enyana nulak pirang-pirang mapasid eta leuwih utama tibatan narik pirang-pirang masolih". Nya lebah dinya kudu ngumaha ka ahlina. 


Pikeun manehna, keur saheulaanan mah harkat kamanusaan teh bisa nanjung ku cara parigel metakeun tarekah nyieun usaha nu halal. Sabalikna, ajen-inajen diri sorangan bakal jadi hina upama taya gadag euweuh gawe, mana komo bari jeung resep "jajaluk", gumantung kana pamere batur.


Malahan mah laku lampah "jajaluk" teh deukeut-deukeut kana "dolim". Kitu asana mah nu kabaca teh babakuna dina pasal kahiji nu pohara matak pogot macana. 


"Ari usaha anu pangapdolna eta nyaeta usaha tani. Kudu cacawis tanah pikeun pepelakan tea karana usaha tani loba mangpaatna ka sakabeh mahluk karana saban-saban ('afiah) ngalap mangpaat kana pepelakan jalma-jalma. Hartina, sakabeh sato-sato, manuk-manuk, atawa hileud-hileud atawa lianna anu ngadahar tina eta pepelakan jalma balik ganjaranana di aherat ka jalma anu melak tea," kitu antarana piwejang dina pasal kahiji.


Aya deuih nu ngahudang implengan, naon margina pangersa Ajengan ngajudulan kitabna ku ngaran kekembangan? Boa siloka. Dilelebah, dipaparah, weleh teu katimu. 


Nu sidik, campaka -- atawa "cempaka" -- teh kembang nu pohara seungitna tepi ka nu geus maluguran ge sok dipulungan. Bet ras ka indungna, kantos melak "campaka" di buruan. Kembangna karoneng, seungitna ngadalingding.
Ras deui ka babasan "campaka jadi di reuma", nu geulis di pasisian, estu matak kayungyun enya ge di suku gunung. Tegesna mah campaka teh pepelakan nu seungit. Ari kecap "laga" brasna kana perang atawa ka palagan tempat jalma toh pati jiwa raga. 


Mun tea mah kaci babaledogan, boa silokana Ajengan teh brasna kana perjoangan hirup sapopoe di unggal jalma dina enggoning melak kahadean, malar jinisna, kulawargana, katut sasamana pinanggih jeung kaluginaan. Ongkoh pan ari wawangi mah lain ku cetaan, resep diugung-ugung, hayang kaabsen ku gegeden, tapi ku gawe rancage nu mawa maslahat boh ka diri sorangan boh ka sasama. Najan di reuma urang pan bisa melak campaka.


​​​​​​​Bray kasadar, horeng nyiar kipayah teh bisa jadi lampah ibadah. Kudu daek cape, luut leet kesang, dug hulu pet nyawa, lain keur ngukuntit duit tapi keur nohonan darmana manusa di alam dunya. 


Nun, Gusti Nu Maha Asih, mugi Gusti kersa nyaangan alam kubur Mama Sempur, maparin ganjaran ka almarhum nu piwejangna parantos nambihan pangjurung dina enggoning nyiar kipayah ngemban tugas kamanusaan. Aamiin yaa Robbal 'aalamiin. 


Sumber : Tina postingan Hawe Setiawan dina Facebook, 9 Maret 2025.
https://web.facebook.com/hawe.setiawan Potret beunang Hawe Setiawan.*