• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Sabtu, 20 April 2024

Ngalogat

Mapag KIBS III

Naon Atuh Ari Sunda Téh?

Naon Atuh Ari Sunda Téh?
Béwara KIBS III (Panitia KIBS)
Béwara KIBS III (Panitia KIBS)

Ku Dadan Sutisna
 

"Bagaimana hari depan kebudayaan Sunda menurut pendapatmu?" 

"Karena orang Sunda sendiri pada hari ini tidak peduli terhadap keberadaan budaya dan orang Sunda, maka tidak ada hari depan." 

Paguneman di luhur téh dicutatan tina buku "Hidup Tanpa Ijazah" kénging Ajip Rosidi (1938—2020), kaca 1.204. Kang Ajip ngasongkeun pertanyaan, terus diwaler ku anjeunna pribadi. Ungkara yén "urang Sunda teu boga pikahareupeun" téh, tangtu henteu bisa langsung digayem kitu waé. Bawirasa bangun nu pesimis, tapi enas-enasna mah pangjurung ka urang saréréa sangkan kabudayaan Sunda téh ulah nepi ka kitu.

Kabudayaan Sunda téh lain ukur dimumulé, tapi dimekarkeun nyaluyukeun jeung jamanna. Naon nu dilampahkeun ku karuhun mangsa bihari, bisa dipaké tatapakan keur nyieun kréasi anyar dina alam kiwari. Saréréa gé kawasna sapuk yén nu ngaranna budaya mah bakal terus robah, tapi aya perkara nu angger bakal jadi ciri, nyaéta nu disebut "ajén-inajén" téa. Ari ajén-inajén téh balung-tunggalna hiji budaya: akar pancer nu ngajaga sangkan tangkal teu rubuh. Daun bisa robah-robah kumaha lilirna wanci, muguran jeung sirungan deui, tapi akarna mah angger éta.

Dunya digital teu bisa dipondah deui, kari katapis urang nyieun stratégi keur nyanghareupanana. Dina alam kiwari, naon-naon nu teu hadir sacara digital, nya tangtu tilem atawa kapopohokeun. "Hadir sacara digital" téh hartina ngaracik rupaning akar budaya tuluy dipasieup ku kakiwarian sangkan kaharti ku génerasi ayeuna. Pola adaptasi modél kieu téh, tangtu kudu dirojong ku dua kamampuh: "parigel budaya" jeung "parigel digital". Duanana kudu adumanis.

Dina alam digital, lantaran sakabéh jalma geus bisa nyora, sagala rupana téh jadi nembrak. Karakter jalmana, sikepna, basana, kamampuhna dina mikir, jeung sajabana. Nu disebut "urang Sunda" kiwari tangtu béda jeung "urang Sunda" satengah abad ka tukang. Ti sawangan sabéngbatan, urang remen mireng koméntar kana kaayaan Sunda kiwari, boh nu pesimis, boh nu optimis. 

Ku data nu terus nambahan, urang gé saenyana bisa nyieun analisis kaayaan urang Sunda kiwari maké "machine learning". Tapi saméméh ka dinya, aya hadéna mun urang ngabandungan heula pedaran para ahli ngeunaan Sunda. Di mana? Dina Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) ka-3, bulan Désémber 2021.

KIBS téh acara 10 taunan nu diayakeun ku Yayasan Kabudayaan Rancagé. Dimimitian taun 2001, nu kagungan gagasanana Ajip Rosidi. KIBS baris neuleuman, nalungtik, jeung méré gambaran kana kaayaan kabudayaan Sunda dina saban jaman. Jadi, kawas kumaha pikahareupeun Sunda téh? Mun Sadérék kagungan idé nu méncrang, mangga seratkeun abstrakna. Mun sadérék kagungan patalékan, mangga ngiringan jadi pamilon.

Nu badé nembrakkeun gagasan kasundaan, tiasa ngintun abstrak ka dieu:
https://rancage.id/callforpaper

Nu badé janten pamilon, tiasa daftar di dieu:
https://rancage.id/daftarpeserta

Nu Nulis Salah Saurang Panitia KIBS III


Editor:

Ngalogat Terbaru