Bandung, NU Online Jabar
Sajadah jeung Taleus
Satetes na cipanon kana sajadah
Lir ibarat ragragna jatidiri nu sampurna lakuning diri salira ka pangkuan gusti
Tapina mun seug ragragna di pangkuan istri
Lir ibarat netesna cai ka daun taleus, boroning aya tapak, baseuh ge henteu
Bral sumerah kana laku lampah, sangkan jisim sampurna tur ma'rifah
Bral geura nyaring tinu sasab, sangkan diri nu ngawaris jisim teu teu kalentab
Tawakal
Titimangsa nu geus cunduk kana carita
Bewara anu geus ngageuing kana rasa
Hirup te puguh unggelan dina jalan kagorengan
Tutung teu nikmat di tuang ku balarea
Neundeun harepan di palebah juru hanjuang
Sugan kapanggih jaga keur kahirupan
Tulang nu geus nyaruaan beusi
Kiwari peupeus lir ibarat endog murag saharitaeun
Murag lain kana tempatna, sangkan teu kapanggih nikmat nu sajati
Bral geura geuingkeun deui gusti
Kadaek jeung kawani nu kamari geus masagi
Sangkan diri teu sasab kajalan peurih nu neuteuli
Bral tuduhkeun ka abdi mana tegal, mana galengan, mana lelemah, mana Kebon, mana ranca, jeung mana leuwi pangarti anu kudu di pacul Ku Jisim abdi
Sajak Penatelanjang, Pecinta Syair
Terpopuler
1
Bangkitkan Semangat Wirausaha, Talk Show di Cirebon Ajak Perempuan Muda Jadi Pelaku Ekonomi Mandiri
2
Angkatan Pertama Beasiswa Kelas Khusus Ansor Lulus di STAI Al-Masthuriyah, Belasan Kader Resmi Menyandang Gelar Sarjana
3
PBNU Serukan Penghentian Perang Iran-Israel, Dorong Jalur Diplomasi
4
Kuota Haji 2026 Baru Akan Diumumkan pada 10 Juli 2025, Kemenag Masih Tunggu Kepastian
5
Koleksi Manuskrip Warisan Ulama Sunda, KH Enden Ahmad Muhibbuddin Jadi Rujukan Tim Peneliti Naskah Nusantara
6
Pengembangan Karakter Melalui Model Manajemen Manis
Terkini
Lihat Semua