• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Sabtu, 4 Mei 2024

Kuluwung

KOLOM KANG DADAN

Kasarad Téknologi

Kasarad Téknologi
Ilustrasi tarékah nyambungkeun gap téknologi (Dok: vlr.eng.br).
Ilustrasi tarékah nyambungkeun gap téknologi (Dok: vlr.eng.br).

Ku Dadan Sutisna


Mun téa mah alam jeung budaya urang nepi ka tumpur ku pajamanan, saenyana aya kénéh nu bisa disalametkeun (sanajan ieu gé geus mimiti diréwong). Naon atuh? Uteuk urang nu geus dieusian konsép titilar karuhun. Tapi, lain konsép nu diteureuy buleud kawas nénjo jaman karajaan. Upama éta warisan bihari téh dina wangun akar, nu dicaritakeun ku urang mah daunna nu keur meujeuhna renung.


Mémang rada abstrak kadéngéna, tapi nu kieu téh perlu dilalanyah minangka tanda kanyaah ka anak-incu jaga. Mun urang teu bisa mageuhan lahan atawa tanah atawa naon baé nu ngabungkeuleuk, uteuk barudak mah ulah nepi ka dirampas deungeun.


Ieu lain dongéng pikakeueungeun atawa panarawangan nu maké ambeu-ambeu distopia. Ngan nu karasa, ancaman ka dinya téh geus rada ngelemeng. Da cenah, bisa jadi ka hareupna mah nu ngaranna pendidikan formal téh enya-enya ukur formalitas. Barudak meunang "élmu" nu saéstu mah tina mesin (hapé jeung sajabana), lain ti guru. Papadaning kitu, urang gé alusna mah ulah pipilueun kasarad ku kampanyeu kapitalis nu nyebut kieu: "ayeuna mah diajar téh teu perlu guru (nu ngabungkeuleuk), da sakabéh élmu geus aya dina internét."


Peupeuh wé mun aya nu ngomong kitu mah. Boa maranéhna teu ngarasakeun yén dina hubungan guru jeung murid téh lain saukur "pangaweruh terapan", tapi aya kanyaah jeung pangaping. Mesin gé bisaeun ngucapkeun atawa nuliskeun kecap nu némbongkeun kanyaah mah. Tapi pan palsu, manipulatif. Béda jeung kanyaah ti guru nu datangna tina ati sanubari.


Dina pangajaran "tradisional" mah aya nu disebut "pangaweruh implisit". Upamana, keur sakolana mah budak téh boro-boro pinter, ngedul-ngedul acan. Tapi sabada hirup kumbuh bet jadi jelema nu cumarita (jeneng, suksés). Sajaba ti kulawarga, di dinya gé tangtu aya peran guru nu ngawangun karakter, sumenget, atawa udagan hirup. Mesin mah biheung bisaeun ngalelempeng polah jelema.


Balik deui ka nu tadi. Boa-boa pangna Geoffrey Hinton undur ti Google téh lain ku umur-umur teuing, tapi kaasup nu ngarasa kaduhung (atawa teu nyangka) kana hasil jieunanana. Geoffrey Hinton sok pada nyebut "bapa kacerdasan buatan", biheung aya ChatGPT, Bard, jeung sabangsana nu taya peran si Bapa ieu. Ari ayeuna, anjeunna bet nyawang perkara nu pikamelangeun. Ku kamampuh manipulatifna téa, mesin bisa nuduhkeun "nu salah" tapi ku jelema disebut "bener".
Nya siga Robert Oppenheimer nu nyieun bom atom, apan kaduhung saumur-umur sabada nu dijieunna niwaskeun ratusan rébu jelema. Atawa béh dieuna Tim Berners-Lee, nu nyiptakeun website, ngadadak nguyung apan duméh jieunanana dipaké lahan hoaks jeung aya poténsi "ngancurkeun dunya" mun ragrag ka pihak nu salah.


Dina prakprakanana, mesin AI diuji-coba ku hiji métodeu nu sok disebut "tés Turing" (dicokot tina ngaran Alan Turing, ahli komputer modérn munggaran, nu ngarecah mesin Enigma jaman perang dunya kadua). Beuki pinter éta mesin, beuki tapis ogé macikeuh jelema. 


Kaasup Elon Musk nu anyar kénéh ngaganti manuk Twitter ku simbol "X", nyebutkeun yén kacerdasan buatan bisa numpurkeun paradaban. Ari urang mah teu kudu nyipta-nyipta bakal aya perang robot jeung jelema kawas dina film-film. Urang bisa niténan tina hal nu laleutik heula, tina perkara nu geus nonggérak. Ieu téh dina kaayaan téknologi AI dianggap léléngkah halu kénéh. Bayangkeun 30 taun ka hareup, kacanggihanana meureun manglipet-lipet.


Upamana, aya mahasiwa nyieun makalah maké AI, samenit bérés bari geus bébas plagiarismeu, jsté. Dosén mariksana maké AI deuih, nepi ka bijil peunteun B. Nu beuki palinter mah nya mesin. Boh mahasiswa, boh dosén, teu apal-apal acan kana eusi éta makalah.


Tapi anéhna, ku maké éta téknologi, réa jelema nu ngarasa pinter. Nyieun makalah samenit jadi, ngagambar dua detik bari alus, jsté. Jalma-jalma tuluy kumecrék kana éta kacanggihan. Padahal luareun éta, aya bahaya nu keur ngadodoho. Keur nu teu asak jeujeuhan, éta kacanggihan téh bisa ngabalukarkeun rungkadna étika, ngabaékeun kana prosés, teu bisa maca kontéks, jeung ngagumantungkeun hirup kana mesin.


Conto leutikna meureun kieu. Ku data nu ngaleuya, urang bisa ngalelempeng kajadian bihari, kaasup ngoréksi naon-naon nu geus dicindekkeun ku génerasi méméhna. Teu jadi sual. Ngan sikep hormat-tilawat gé angger kudu dipaké. Jalma baheula mah, keur ngungkap hiji pasualan téh, nepi ka ider-ideran mangtaun-taun, ngungkaban buku jeung sabangsana, nepungan puluhan informan saméméh nyindekkeun panalungtikanana. Urang, jelema kiwari nu bisa noong data ti kamar bari lalangkarakan, nya kuduna ngahargaan kana prosés éta. Da apan kontéksna gé béda, jamanna gé béda.


Cindekna, mun kolot urang gapték, lain hartina "bodo" nepi ka wani "skip" kana omonganana kawas nimu vidio Tiktok nu kurang dipikaresep. Malah sabalikna, boa urang saenyana nu "bodo" téh lantaran jadi teu nyaho nanaon upama teu bari ngecemel hapé.


Geura wé, ajak budak umur 20 taun ka kebon. Tong sina mawa hapé. Sok geura tuduhkeun puluhan tutuwuhan, jujukutan, tatangkalan, nu kaciri jeung kaliwatan. Mun nyahoeun ngaranna, komo bari jeung apal mangpaatna, pinter pisan éta budak. Kanyataanana mah, alatan gumantung teuing ka layar, réa nu teu nyaho ka alam sabudereunana. Rébuan ngaran lokal tutuwuhan nu geus ditandaan ku karuhun téh, laun-laun mah bakal tumpur geura. Padahal éta téh élmu nu bakal napak di unggal jaman. Da sapanjang hirup mah, manusa moal bisa lésot tina alam jeung lingkunganana. Apan can kacaturkeun aya jelema nu ngagayeman file digital keur nyeubeuhkeun beuteungna.


Saha nu boga duit, nya maranéhna nu kumawasa. Ti baheula gé apan kitu. Urang gé teu bisa munggah kana monopoli téknologi. Di saampar dunya, nu ngagerakkeun jelema maké pakakas digital téh, apan moal jauh ti para raksasa saperti Google, Amazon, Meta, Apple, Microsoft, ByteDance, ah, beunang diitung ku ramo. Urang teu apal, naon nu keur dirarancangan ku maranéhna kalawan alesan parebut pasar. Lima taun katukang, Google jeung Amazon geus ngajukeun hak patén pikeun "maca sora jelema". Maksudna, sangkan suasana haté jelema, émosi jeung  sabangsana, bisa kanyahoan ku mesin. Duka keur naon. Bisa jadi meureun engké mah, mesin bakal méré notifikasi yén kabogoh urang téh keur baeud, keur hayangeun seblak cékér, jsb.


Hakna ieuh rék nyieun naon waé gé. Ngan nu écés mah, danget ieu urang moal bisa ngalawan téknologi maranéhna ku téknologi deui. Da kawas pacikrak ngalawan merak. Nu pinter mah réa, meureun. Tapi téknologi teu cukup ku kamampuh, kudu dibarengan modal deuih. Ari maranéhna, raksasa téknologi téa, bisa nyeponsoran hiji proyék nu jumlahna rék nandingan APBN nagara urang.


Ngalawanna mah nya ku mémérés uteuk sangkan bisa maké téknologi kalayan adil, henteu nepi ka kasarad. Wewegan deui ageman jeung konsép ti karuhun nu bisa dilarapkeun dina kakiwarian. Ngan masalahna, sakapeung urang gé sok nganggap yén warisan budaya téh minangka "cutatan kajadian" lain "sari pati nu bisa dilarapkeun".


Da sakapeung mah geuning, bet urang sorangan nu sok nyieun hahalang antargénerasi téh. Nyieun sekat atawa anggang, henteu ngabaur. Ti batan ngawangun transformasi, nu aya mah kawas maksa nu ayeuna kudu siga baheula.


Sakumaha urang adug-adugan sangkan barudak ngedalkeun idiom Sunda (nu euyeub ku palasipah téa), hamo hasil, da geus béda jaman. Dalah ku urang gé geus langka disabit. Jeung keun baé atuh kekecapanana laleungit mah, nu penting "rohna" angger dipaké. Ulah nepi ka ilang duanana wé. Da geuning pedaran-pedaran ngeunaan éta téh remen ngalilieur barudak, akibat salah nempatkeun péréléanana. Lain ngaleunjeur ti pucuk ka puhu, ti kiwari ka bihari, tapi nu dicaritakeunana bihari wungkul.


Mun angger maké pola kawas kitu, antukna ngobrolkeun budaya téh dapon lalambé, ukur ngécéskeun "pangaweruh umum". Tuluy barudak ngoméntar pondok, "oh, enya geuning budaya Sunda téh beunghar". Geus kitu mah balik deui kana kahirupanana: kasarad ku téknologi.

 

Anu nulis sastrawan & budayawan Sunda, tabah kana urusan IT.


Editor:

Kuluwung Terbaru