Hikmah Carita Pantun "Lutung Leutik" Nu Kungsi Dilalakonkeun, Pangaruh Islam Kana Galuring Ungkara
Jumat, 7 Maret 2025 | 15:31 WIB

Potret Ki Jurupantun nu kiwari kari waasna. Macaan galur pantun téh pohara pentingna, antarana pikeun diajar ngulik ungkara basa nu getihan, mulungan kekecapan ti rupaning wewengkon, oge miharti silib, sindir, siloka katut simbolna. (Foto: NU Online Jabar/Rameli)
Rameli Agam
Penulis
"Ulah sok saré teuing keur tunduh,
ulah sok dahar keur hayang,
puasa kudu lakonan
|...
Ari tapa téh, Adi,
henteu dahar henteu ngaleueut,
henteu nyesep-nyesep acan."
---tina carita pantun "Lutung Leutik" (Kuningan)..
Teu kaagéhan pantun generasi kuring mah. Dalah dikumaha. Duka balad saentragan nu gumelar di pilemburan tumuwuh di kasepuhan cara di Gunung Halimun atawa Kabuyutan Kanékés mah, tayohna kabagéan kénéh. Ninggang di kuring, barang nyah beunta nu kasampak éstu jagat pustaka. Carita pantun téh tepina ka kuring mah winangun naskah ketikan atawa buku citakan. Nu kungsi kalisankeun jaman baheula ngajirim aksara jaman ayeuna.
Kitu ceuk Budayawan Sunda, Hawe Setiawan, nalika ngaderes buku pantun lalakkon "Lutung Leutik" wedalan Firma Dana Guru di Jakarta.
Kaguar yen jurupantun Bapa Taswan ti Kuningan pok ngajentréngkeun lalakon "Lutung Leutik", laju dicutat ku Bapa R.S. Wirananggapati dina ping 26-28 Juni 1958.
"Catetanana teras diparios ku sastrawan Bapa R. Satjadibrata anu maparin koréksi kana sababaraha istilah. Sumirat medal winangun buku wedalan Firma Dana Guru di Jakarta. Hadéna aya lapak buku loak, kuring bisa milu ngagulang gapér nu kungsi dicitak. Nilik kana titimangsana, eta kira sapuluh taun méméh kuring lahir," pokna.
Satuluyna Hawe Setiawan mertelakeun, dina eta carita pantun teh kayungyun ku rajahna, kekecapan pangaruh Islam sumélékét kana galuring ungkara tutungkusan urang Sunda.
Méméh pok medar carita, Ki Jurupantun sanduk-sanduk heula. Antarana kieu pok-pokanana: //"Ashadu ala ilaha ilaloh/ wa ashadu ana muhamadar rasululoh/ walakamdu badan/ lilahi ati/ rabial nyawa/ maliki getih ..."//
Sanggeus kitu bréh nu baroga lalakon, bangsaning "ménak ti Pajajaran" atawa bangsawan ti Pakuan, ratu itu radén éta, kalayan Bapa Léngsér minangka "liaison officer"-na. Nu ngapung, nu tapa, nu parebut alas di alam dunya, jeung saterusna.
"Ramé téh jeung enyana, 130 kaca matak pogot macana," ceuk Hawe.
Aya carita cawokahna ge nu moal boa mamanisna carita. Ongkoh da ungkarana gé saenyana mah kasebut "formulaic", geus tangtu racikanana, sakumaha ungkara nu ngagambarkeun tokoh carita keur dangdan, leumpang, jeung sajabana.
Tapi da raména mah lain lebah dinya. Kapan nu boga lalakonna téh Ratu Bungsu Karma Jaya, "putra Ibu Nawang Wulan", "nu tiasa ngarangga wayang" téa jeung Ratu Emas Bagandan Sari ti Cihanjuang. Pada-pada dinyenyeri, pada-pada ditelengesan ku Ratu Emas Malanggi Rarang di Margacinta nu réa paménta gedé timburu.
"Pok amprok di leuweung, di siklukna Margacinta. Ka dituna mah nya kantun diwawaas ku nyalira," pok Hawe.
Sajeroning nuturkeun galur lalakon Ratu Bungsu, kapuluk rupaning siloka. Nu patali kana urusan ékologi, upamana, kapanggih lebah papagahna Sunan Ambu di sawarga ka nu nuaran kai. Saurna: //"geuning manéh wani-wani maké jati kabuyutan/ ... / jati téh masih ngora kénéh/ .../Lamun jati éta ditebang kabéh ku manéh/ ka dituna moal aya jati"//
Aya deuih nu tumali kana korupsi, sasalad matuh di nagara urang téa, dina gambaran kaayaan Margacinta sanggeus Sunan Ambu maparin dangdanan dua pangadeg ka nu karagungan lalakon: //"nagara geus rajit runting/dangdanan leungit sadaya/ abongané beunang nguras/ teu aya pisan mapangat..."//
Pikeun Hawe, macaan galur pantun téh pohara pentingna. Ti antarana mah pikeun diajar ngulik ungkara basa nu getihan, mulungan kekecapan ti rupaning wewengkon, lian ti miharti silib, sindir, siloka katut simbolna.
"Berekah, pikeun kaperluan sarupa kitu aya 31 kaca dina ieu buku nu dipaké nerangkeun 'hartina kecap-kecap', kaasup rupaning kecap ti wewengkon Kuningan. Enya gé generasi kuring teu kaagéhan budaya pantun, tapi da ari pangaruhna mah enyaan karasa," ceuk Hawe Setiawan.
Terpopuler
1
Khutbah Jumat: Menghidupkan Malam di Bulan Suci Ramadhan dengan Amal Saleh
2
Inilah Rincian Zakat Fitrah Tahun 2025 di Kota dan Kabupaten se-Jawa Barat
3
Libur Lebaran 2025 untuk Sekolah Madrasah Diperpanjang 20 Hari, Menag: Bisa Kurangi Kemacetan
4
Operasi Pasar Murah PCNU Kabupaten Cirebon: Upaya Kendalikan Harga Bahan Pokok Jelang Idulfitri
5
RMINU Jabar Gelar Safari Ramadhan Volume 4 Bersama LDNU dan LPBHNU
6
Al-Hiyam: Cinta yang Mengembara Tanpa Akhir
Terkini
Lihat Semua