Kaping 1 Januari 1915, Mantenna dibabarkeun. Pupusna, sapertos anu tos kénging ngatur marengan pisan sareng milangkala yuswa pasantrena nu ka saratus taun, 5 September 2011.
Teu patos gampil ngaringkes kiprahna nu ditataharkeun kana hambalan tarekat boh dina konteks kasundaan, kaislaman, kaindonesian malih meuntas tina wates nagara. Inabah nu janten paténna kanggo ngadamangkeun korban napza kénging pangajén ti WHO, di Malaysia dijantenkeun modél, atuh di Singapura mah Inabah ogé jadi tarékah deradikalisasi. Katelahna Religious Rehabilitation Group (RRG) di Masjid Khodizah 583 Geylang Rd, Singapore. Landong kanu mabuk alatan napza oge overdosis "mabok agama."
Ngalangkungan nu janten murid-muridna, tarékatna sumebar samadhab papat. Naratas jalan kaagamaan nu luyu jeung budayana, akur ka papada. Népakeun kasadaran réhing agama teh ténda nagara, selang nu ngamalirkeun inspirasi hirup sauyunan. Sakumaha natrat dina "Tanbih" minangka maniféstona anu teu kendat diaoskeun dina sawatara upacara. Dipadetkeun ogé ku "Ranggeuyan Mutiara". Muser kana pentingna "etika universal" jadi tatapakan balarea.
Dugi ka danget ieu manakibana teu weléh pinuh. Jama'ahna sumping ti suklakna ti siklukna. Miharep, istilah Julian Millie , kacéprétan barokahna.
"Panambahan Sukanagara" nu diserat Pangersa Abah Sepuh, janten bahan lenyepaneun urang.
Untung teu kudu diburu
Rugi ulah teu ditampi
Jaya teu kudu didaya
Apes ulah teu disungsi
Senang teu kudu disandang
Sedih ulah teu diririh
Unggul ulah dipanggul
Asor ulah rék diusir
Beunghar teu kudu dipalar
Pakir ulah rék dipungkir
Caang ulah rék disawang
Poék ulah rék ditampik
Kidul tinangtu kajugjug
Upami kalér geus milir
Wétan pasti ngadeukeutan
Upami kulon geus salin
Beurang tangtuna kasorang
Upami peuting geus ngaping
Ngalangkungan podcast "Guar Budaya" nu diproduseran ku Ajengan Dadan Madani , ketua LESBUMI anu nembe diistrénan, sapalihna jejer guru agung Pangersa Abah Anom diguar.
Asep Salahudin, Rektor IAILM Suryalaya
Terpopuler
1
Pelatihan Jenazah di Tanjungkerta Bekali Warga Keterampilan Lengkap Fardhu Kifayah
2
Rais Syuriah PBNU Tegaskan Pesantren Pusat Pembentukan Akhlak dan Karakter Rahmatan Lil ‘Alamin
3
IPNU-IPPNU Sumedang Gelar Doa Bersama untuk Affan
4
Fokus Tangani Situasi di Dalam Negeri, Presiden Prabowo Batalkan Kunjungan ke Tiongkok
5
Doa dan Dapur Ibu Rumah Tangga: Benteng Mental Keluarga di Tengah Hiruk Pikuk Aksi Demonstrasi
6
Musran Ranting NU se-Jatiasih Hasilkan Kepengurusan Baru 2025–2030
Terkini
Lihat Semua