Seputar Jabar

Tradisi Jumat Kliwonan Baitun Nidzom Cihanjuang, Tabarukan Ngalap Berkah dina Waktu  Mustajabah

Jumat, 14 Februari 2025 | 10:53 WIB

Tradisi Jumat Kliwonan Baitun Nidzom Cihanjuang, Tabarukan Ngalap Berkah dina Waktu  Mustajabah

Kagiatan pangajian malem Jumat Kliwon nu dihadiran ku sakumna warga Kampung Karangsari, di Madrasah Baitun Nidzom, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Kemis (6/2/2025). (Foto: NU Online Jabar/R. Agam)

Minangka nagara nu mayoritas pendudukna teh umat Islam, Indonesia miboga tradisi unik dina pananggalan waktu, salasahijina poean pasaran.


Ngaran eta poean pasaran nu umum dipake hususon di Pulo Jawa nyaeta Pon, Wage, Legi, Pahing, jeung Kliwon. Tah, istilah malem Jumat Kliwon bisa jadi kombinasi antara poe Jumat jeung pasaran Kliwon.


Dina Islam, Jumat jadi poe nu kalintang istimewa minangka poean pikeun ngalakonan amalan saloba-lobana. Ceuk Ibnul Qayyim, Jumat teh poe ibadah, ajenna meh istimewa sakumaha bulan Ramadan.


Dimimitian ti surupna panonpoe Kemis tepi ka surupna panonpoe Jumat, umat Muslim disunahkeun ngalaksanakeun amalan saloba-lobana batan poe sejenna. Eta teh luyu jeung ajaran Islam nu mertelakeun pentingna ngalakonan poe Jumat kalawan ditema ku kabarokahan.


Sesepuh Majlis Ta'lim Baitun Nidzom Cihanjuang, KH Syihabuddin Mahmud, ngeceskeun, saenyana tradisi pangajian malem Jumat teh geus dilakonan ti beh ditu mula. Unggal malem Jumat warga nu barjamaah Magrib-Isya di masjid sok langsung ngagelar pangajian.


Anapon hususon pangajian malem Jumat Kliwon mah digelar di Madrasah Baitun Nidzom, Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.


"Pangajian malem Jumat Kliwon aweuhanana leuwih lega. Lain wae diiluan ku Bapa-bapa, barudak-rumaja, tapi oge dihadiran ku Ibu-ibu. Nya, nu teu unggal malem Jumat, atuh sa-Jumat Kliwon mah urang ngariung kumpul bari pangajian," pokna, Salasa (11/2/2025).


Satuluyna manehna ngebrehkeun, pangajian dina malem Jumat, kaasup malem Jumat Kliwon, eta teh minangka tabarukan ngalap berkah dina waktu nu mustajabah, waktu diijabahna du'a-du'a urang.


Pangajian diwengku ku maca Yasin, Rotib, solawatan, sarta marhabaan. Dina ngalap fadilah Yasin, ku maca Surah Yasin dina malem Jumat teh insya Allah baris dikobulna du'a atawa hajat urang. Kautamaan maca Surah Yasin dina malem Jumat sakumaha kaunggel dina HR Abu Dawud, "Sing saha nu maca Surah Yasin jeung al-Shaffat dina malem Jumat, Allah baris ngobulkeun du'ana."


Katerangan riwayat lianna, Imam Tsa'labi ti Abu Hurairoh RA, mertelakeun, "Sing saha nu maca Yasin dina malem Jumat, isukna dosa-dosana dihampura."


"Kitu deuih, maca solawat Nabi dina malem Jumat ge jadi wasilah dikobulna du'a urang. Anapon dzikir kalawan maca kalimah tahlil, tasbih, takbir, tahmid, jeung hauqolah, eta minangka cara ngaraketkeun diri ka Allah Swt dina poean malem Jumat," ceuk KH Syihabuddin Mahmud, nu oge rengrengan Pengurus Ranting Nahdlatul Ulama (PRNU) Desa Cihanjuang.


Hikmah sejenna tina pangajian malem Jumat Kliwon di Baitun Nidzom teh nyaeta jadi sarana pikeun hadiahan ka para karuhun nu geus tilar dunya. Ngadu'akeun malar aranjeunna ahli kubur teu weleh dipaparin ganjaran nikmat kubur, kalawan meunangkeun rohmat sarta magfiroh-Na di alam barzahna.


"Tah, sakabehna eta amalan teh dipigawe kalawan diniatan teu weleh miharep rido Allah Swt. Ku kituna, umat Muslim bisa ngalakonan malem Jumat nu dilimpud kabarokahan jeung raketna diri ka Nu Kawasa," ceuk KH Syihabuddin Mahmud.