• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Sabtu, 20 April 2024

Kuluwung

Kunaon Asup NU?

Kunaon Asup NU?
Ilustrasi (Fb Fajri M Ibrahim Oeron)
Ilustrasi (Fb Fajri M Ibrahim Oeron)

Ku: Fajri M Ibrahim Oeron (Kaka Fajri)
 

Abdi nuju ateul tanduk
Ka NU hayang nyuruduk
Malah boga sangka buruk
Nyebut bid'ah tos muruluk

Sabab kapungkur mah kuring
Nganggap tasawuf teu penting
Bermadzhab ge henteu kenging
Aduh gening henteu eling

Tuluy kuring muka kitab
Maca ngan dua paragrap
Nerangkeun pentingna madzhab
Ku hate langsung katangkap

Tuluy kuring muka deui
Kitab nu kadua kali
Nerangkeun madzhab Asy'ari
Ti dinya kuring kataji

Satuluyna kuring ngaji
Namatkeun jam'ul jawami
Ka ajengan anu ngarti
Namina Mama Qolyubi

Harita mama marentah
Ka abdi bari someah
Supaya muka dirosah
Nu dingaranan al-Qudwah

Satuluyna abdi ingin
Ngaji sadatul muttaqin
Syarah ihya ulumudin
Hate abdi beuki yakin

Beuki yakin tauhidna
Kudu madzhab Asy'arina
Beuki yakin tasawufna
Nuturkeun al-Ghozalina

Atuh mun dina fiqihna
Cokot salah sahijina
Tina madzhab nu opatna
Ulah ragu nuturkeuna

Ku nuturkeun ulamana
Ku pedah hayang ngartina
Kana Qur'an jeung Hadisna
Katut tafsir jeung syarahna

Tuluy kuring mikir deui
Ku pikiran anu murni
Nu datangna tina ati
Kudu ka mana ngahiji

Sabab kuring masih keneh
Ngabogaan sangka aneh
Ka NU anu saroleh
Ngan ku kuring teu kadeleh

Ari sangkaan anehna
Ka Nahdatul Ulamana
Pedah Islam Nusantara
Kuring can apal eusina

Malah kuring kungsi mitnah
Nyangka geus sasar dolalah
Ka NU nu geus katelah
Nyekel madzhab ahlus sunnah

Ngan hate mah teu merean
Nyebut dolalah ka ikhwan
Ku kituna kuring sowan
Rek tabayun ka ajengan

Ari eusi tabayunna
Bab Islam Nusantarana
Cik kumaha sabenerna
Jero Islam Nusantara

Hasil tabayun tugenah
Geuning teu aya nu salah
Islam Nusantara ramah
Ngarah umat tumaninah

Pangna diayakeunana
Ngaran Islam Nusantara
Lain arek ngarobahna
Kana ajaran islamna

Tapi Islam Nusantara
Islam di Indonesia
Make ajaran Islamna
Nu teu ngarombak adatna

Tegesna nyaeta adat
Nu teu ngaruksak syareat
Model kitab nu dilogat
Dibatik jeung anu hajat

Adat anu bertentangan
Jeung syareat dijauhan
Model nyembah papatungan
Tapekong jeung anu lian

Satuluyna ditaliti
Amaliyah hiji hiji
Ternyata NU teh bukti
Jalmana garetol ngaji

Dijerona euweuh bid'ah
Komo syirik jeung dolalah
Tapi NU ahli sunnah
Amaliyahna ge nyunah

Ku kituna kuring hijrah
Ba'da shalat istikharah
Hayang di Ansor merenah
Sabab yakin NU nyunah

Waktos tanggal tujuh likur
Sasih Oktober katutur
Ngiring PKD di Ansor
Jeung para santri senior

Sabada abdi di NU
Abdi teu ngarasa ragu
Parentahna digugu
Sabab yakin tina elmu

Atuh ulah ngajejeleh
Ka abdi nyangka nyeleneh
Sabab jadi NU soteh
Meunang mikir jeung nu soleh

Moal mungkin kuring pindah
Lamun NU henteu nyunah
Puguh NU anti bid'ah
Madzhabna ge ahlus sunnah

Lamun anjeun masih ragu
Ka NU embung ngagugu
Sok anjeun neangan elmu
Ngarah hate henteu semu

Pangeran NU teh Allah
Nabina ge Rosulullah
Qiblatna sarua Ka'bah
Munggah hajina ka Mekah

Nyekel kana Qur'an Sunnah
Ijma qiyas jadi hujah
Aqidahna ahlus sunnah
Lebah mana anu salah?

Jalma anu nganggap bid'ah
Ka NU eta teh ghibah
Lamun ngomong sing merenah
Jaga manah jaga letah

Ormas NU lain syi'ah
Komo liberal mah fitnah
Tapi NU ahlus sunnah
Anti syirik anti bid'ah

Atuh mun aya awonna
Ulah nyalahkeun ormasna
Da ormas mah teu salahna
Tapi jalma nu lacutna

Ulah nyalahkeun ulama
Eta teh maksiat dosa
Ulama NU baragja
Elmu luhung amal loba

Dakwah NU menyejukan
Kana hate mendinginkan
Nyaman kalau didengarkan
Mendakwahkan isi Qur'an

Sakieu nu kasanggakeun
Ieu nadhom pek regepkeun
Ngarah bisa ngaleungitkeun
Sangka goreng kalieskeun

Ieu nadhom diseratna
Di pasantren al-Qudwahna
Nu aya di Jalan Benda
Pasantren salaf murnina

Nadhom ieu teh diserat
Ku kaka Fajri teu lepat
Supaya jadi mangpaat
Ka diri sareng ka umat

Abdi nyuhunkeun du'ana
Kasadayana nu maca
Muga abdi sing sehatna
Maot husnul khotimahna

Sareng mugi guru abdi
Kersana Mama Qolyubi
Dipaparinan ku Gusti
Kanikmatan nu abadi

Oge mugi nini abdi
Ma Haji Yayah nu ngarti
Sareng ibu rama abdi
Lebet ka surgana gusti.
Aamiin Ya Robbal Alamin

Muga dosa dihapusan
Kaaeban ditutupan
Ku Gusti nu Maha Rohman
Husnul khotimah pasihkeun.

Penulis pengasuh Pondok Pesantren Al-Qudwah, Tasikmalaya


Kuluwung Terbaru