Kuluwung

Deudeuh Teuing Ieu Nagri

Senin, 14 September 2020 | 20:00 WIB

Deudeuh Teuing Ieu Nagri

(Ilsutrasi suarasurabaya.net)

Oleh Ganjar Kurnia

Dinten-dinten kasedih
nu ngawartakeun tilar mangsa 
babakti ka lemah cai sareng korban 
sasalad, mulut cisoca, ngamalir ka 
astana anu beuki teras ngalegaan

Teu kedah ngucapkeun hapunten 
da bongan tong boro nyawa nu 
lian, dalah nyawa  sorangan ogé 
dilalaworakeun.

Langit beuki angkeub
Nu tahlil teu tamat-tamat, 
silih sambung, manjang duka dugi ka 
iraha.

Maot rusiah MantenNa, sapertos 
ngahaja ditangtang ku rantengna 
urat beuheung, débat diantawis anu 
ngamangpaatkeun musibah pikeun 
kapentingan golonganna. 

Anu ilang kasadrah, anu tisusut 
tidungdung nyiar kipayah, mangsa 
malakal maot ngalaksanakeun 
tugasna moal diwilah-wilah

Penulis adalah Rektor Unpad 2007-2015