Ngalogat

Hikmah Lungsurna Al Qur'an ka Alam Dunya, Salasahiji Wujud Robbal 'Aalamiin 

Senin, 17 Maret 2025 | 07:13 WIB

Hikmah Lungsurna Al Qur'an ka Alam Dunya, Salasahiji Wujud Robbal 'Aalamiin 

Lungsurna Al Qur'an ka alam dunya mungguh mawa cahya keur nyaangan dunya, jadi pituduh jalan nu lempeng, papagon katartiban, kaadilan, perdamaian, tur cecekelan manusa geusan ngabdi ka Rabbul 'Aalamiin. (Foto: NU Online)

Al Qur'an minangka Kalamullah nu dilungsurkeun ka Nabi Muhammad Saw kalawan ditepikeun ku Malaikat Jibril teh jadi pituduh keur umat manusa di ieu jagat semesta. Ku kituna, geus samistina urang kudu terus sukuran ka Allah Swt nu ngalungsurkeun Al Qur'an ka Bumi.


Sabab mun taya Qur'an, umat manusa moal boga pituduh ngeunaan perkara nu hade jeung nu teu hade, moal bisa ngabedakeun antara bebeneran jeung kabatilan. Sakumaha firman Allah dina Qur'an Surah Al Baqarah ayat 185,


"Bulan Ramadhan minangka (bulan) mangsa dilungsurkeunana Al Qur'an, nu jadi pituduh pikeun manusa jeung pirang-pirang pertelaanana ngeunaan eta pituduh jeung nu ngabedakeun (antara bebeneran jeung mu batil)."


Ajengan AF Ghazali suargi kantos mertelakeun, samemeh Al Qur'an lungsur, kaayaan alam dunya teh keur disileungleuman ku dua jago, jago kulon jeung jago wetan. Jago kulon aya di Eropah nu puseurna di Byzantium kalawan dikokojoan ku Nasrani. Ari jago wetan, ayana di Persia kalawan dirojong ku Majusi.


Mangsa harita katelah "jaman kegelapan." Eta dua jago teu weleh pasea, balukarna : kamiskinan, kadoliman mahabu, rayat sangsara, nu beunghar mingkin beunghar, nu miskin beuki sangsara, alam ruksak. Cindekna, alam dunya bogana Gusti teh ruksak ku manusa mangsa harita nu dilulugu ku jago kulon jeung jago wetan tea.


"Tah, lungsurna Qur'an meneran 17 Ramadhan 15 abad kalarung teh mungguh mawa cahya keur nyaangan alam dunya, jadi pituduh jalan nu lempeng, papagon katartiban, kaadilan, perdamaian, tur cecekelan manusa geusan ngabdi ka Rabbul 'Aalamiin," saur Ajengan.


Sajeroning kitu, sesepuh Majelis Taklim Baitun Nidzom Cihanjuang, KH Syihabuddin Mahmud, ngeceskeun, hikmah sejenna tina dilungsurkeunana Al Qur'an pikeun kaom muslimin teh nyaeta papagon geusan babakti ka Allah enggoning jadi abdi-Na tur tumut ka Rasul-Na.


Al Qur'an ge minangka cecekelan ihtiar nyiar jalan jadi hamba Allah ku ngalakonan amal ibadah kalawan tata carana sakumaha nu dicontokeun Rasullullah Saw nu kaunggel dina hadisna, boh nu sipatna qouli boh fi'il, atawa taqriri.
"Di sagedengeun eta, Al Qur'an ge jadi obat dzohir-batin jeung rohmat pikeun jalma-jalma mu'min," pokna, Saptu (15/3/2025).


Ari keur alam semesta mah, Al Qur'an teh jadi salasahiji wujud Robbal 'Aalamiin, nu hartina Allah Saw nu ngurus sadayana alam. Tina lungsurna Qur'an ge Allah marentahkeun ka sakumna manusa jeung jin sangkan salila ngurung di ieu alam dunya teh nu jadi cecekelanana nya Al Qur'an.


"Nya kitu deuih  dicontoan ku Rosululloh, kumaha carana Kanjeng Nabi ngurus alam, lagu ngurus sasatoan, pepelakan, beh dieuna kumaha carana ngurus jalma-jalma enggoning ngajait tina kapoekan. Tina kufur jeung musyrik jadi caang ku hidayah iman katut Islam, ngajelaskeun mana anu bener sarta mana anu salah," ceuk KH Syihabuddin Mahmud nu oge rengrengan Pengurus Ranting Nahdlatul Ulama (PRNU) Desa Cihanjuang.


​​​​​​​Ku kituna, umat Islam masing terus teu jauh ti Al Qur'an, nyaeta ku cara maca, tadabburan, tug ngalarapkeun ajen-inajen Qur'an dina kahirupan sapopoe. Sabab, kalintang rugina pikeun muslim nu hirupna jauh tina Al Qur'an. *