KH M. Nuh Addawami: Mihatur Wilujeng Niti Warsih Ka-95 NU
Sabtu, 30 Januari 2021 | 19:28 WIB
Oleh KH Nuh Addawami
"Angin Dalingding Wanci Janari"
Mun mah dunya saurang jalma
hanteu dipikameumeut
teu dipikareueus ku galeuhna
tanwande manehna
moal ngarasa bungah bungangang
ku kaseundeuhanana
malih baris sepi
kasedih kingkin
ku kaleungitanana
Mun mah diri saurang jalmi
hanteu dipupusti
teu dipupuji ku atina
tanwande manehna
moal agul ku kaalusan katut kalungguhanana
malah bakal ilang kahayang mulangkeun
panyiraman kanu milaraanana
Mun mah galih saurang adamy
ngarti kalih surti
kana kaayaan diri rawuh kabutuhna
tanwande manehna
bakal kenal ka Nu ngayugana
tur ngaku butuh sumujud ka Anjeunna
Ka Nahdliyin- Nahdliyat sakumna, nyanggakeun Wilujeng ngabandang predikat Hamba Allah Paripurna
Penulis adalah Rais Syuriyah PWNU Jawa Barat
Terpopuler
1
Gladi ANBK 2025 di MA Plus Al Hikam Berjalan Lancar dan Tertib
2
Khutbah Jumat: Menjaga Ibadah di Tengah Padatnya Aktivitas Membangun Koneksi Tak Terputus dengan Allah
3
Diduga Konsleting Arus Listrik, Pesantren Al-Kahfi Milik Ketua MWCNU Jampangkulon Hangus Terbakar
4
Perkuat Ikatan Ruh, Ratusan Jamaah MWCNU Dawuan Subang Sambangi PWNU Jabar
5
Bertempat di Pesantren Al-Amin, Sebanyak 50 Kader Ikuti PKL GP Ansor Bandung Barat
6
Mustasyar PBNU Sebut Dakwah Tanggung Jawab Bersama: Bukan Hanya Kiai, Tapi Setiap Muslim!
Terkini
Lihat Semua