Kapoksahli Pangdam III/Siliwangi Ngaluuhan Apel Hari Santri 2024 Tingkat Jawa Barat
Rabu, 23 Oktober 2024 | 10:11 WIB
Bandung, NU Online Jabar
Kapoksahli Pangdam III/Siliwangi Brigjen TNI Muhammad Nasrulloh Nasution, ngawakilan Pangdam III/Siliwangi, ngaluuhan kagiatan Apel Hari Santri 2024 Tingkat Provinsi Jawa Barat, nu digelar di buruan Gedong Sate, Jalan Diponegoro, Kota Bandung, Salasa (22/10/2024).
Dina eta Apel Hari Santri 2024 Tingkat Jawa Barat teh, Pj. Gubernur Jawa Barat Bey Machmudin jadi Inspektur Upacara. Acara ge dihadiran ku Irwasda Polda Jabar, Sekda Provinsi Jawa Barat, Kakanwil Kemenag Provinsi Jawa Barat, Ketua Pengurus Wilayah Nahdlatul Ulama (PWNU) Jawa Barat, paratokoh agama jeung tokoh masarakat, katut parasantri/santriwati ti sakuliah wilayah budeureun Bandung Raya, sarta ondangan sejenna.
Amanat Menteri Agama RI Nasaruddin Umar nu ditepikeun ku Pj. Gubernur Jawa Barat, mertelakeun, Hari Santri nu dipieling unggal tanggal 22 Oktober teh minangka momentum pikeun mikatineung jeung ngalap tuladan ti parasantri nu geus bajoang geusan mertahankeun kamerdekaan Indonesia.
“Dina runtuyan sajarah Indonesia, tetela, kaom santri minangka salasahiji kelompok nu paling aktif enggoning ngagederkeun usaha ngalawan penjajah. Kabuktian, ku ayana ‘Resolusi Jihad’ nu dipokalan ku Hadratussyekh Kiai Haji Hasyim Asy’ari tanggal 22 Oktober 1945,” pokna.
Kalawan tema “Menyambung Juang Merengkuh Masa Depan”, santri mangsa kiwari mibanda tugas pikeun nuluykeun perjoangan parakaruhun nu geus ihlas bajoang geusan nanjeurkeun kamerdekaan jeung persatuan bangsa.
Kitu deuih, Hari Santri ge lain ukur bogana santri jeung pasantren, tapi bogana sakumna golongan. Hari Santri geus jadi milik sakabeh unsur bangsa nu mikacinta nagarana.
Ku kituna, sakumna komponen bangsa rek naon wae kasang tukangna, dipiharep pikeun ilubiung mieling turta ngareuah-reuah Hari Santri.
Kontributor: Rameli Agam
Terpopuler
1
Tanah Air, Takwa dan Tanggung Jawab Menanam: Memaknai Kemerdekaan dari Sajadah ke Sawah
2
MA Plus Al Hikam Peringati Hari Pramuka ke-64, Tekankan Pentingnya Pendidikan Karakter
3
Merdeka Versi Kelas Menengah: Dari Latte Art ke Laporan Anggaran
4
KH Said Aqil Siroj Tegaskan Memuji Nabi Tradisi Ahlussunnah wal Jamaah yang Harus Dijaga
5
LTM PCNU Cianjur Siapkan Pelatihan Manajemen Masjid, Bakal Hadirkan Tokoh Nasional
6
Ansor Indramayu Ziarah ke Makam Muassis NU Sambut HUT ke-80 RI
Terkini
Lihat Semua