• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Sabtu, 4 Mei 2024

Opini

Fiksi Hukum

Fiksi Hukum
Ilustrasi hukum (NUO).
Ilustrasi hukum (NUO).

Ku Cecep Burdansyah
Dina hirup kumbuh manusa, hukum téh saenyana pangabutuh manusa anu poko. Komo deui di nagara anu dumasar kana hukum, siga di nagara urang. Sakumaha diunikeun ku Pasal 1 ayat (3) UUD 1945, nagara Indonesia nyaéta nagara hukum.

Jadi sawajarna mun umat manusa, di mana waé ayana, diperedih nyaho kana hukum. Ari kana anu sipatna norma etis anu universal mah, siga mateni, maling, merkosa, sanajan mun téa mah henteu dinormakeun dina wangun pasal-pasal dina UU, pasti saréréa pada apal mun perbuatan kitu téh dilarang, tur bakal disingkahan ku jalma anu kuat tatapakan moralna.

Tapi nu disebut nyaho kana hukum téh lain hartina apal, hatam tur tapis nyurahan pasal-pasal dina undang-undang. Tong boro masarakat umum, dalah anu kasebut penegak hukum gé, moal hatam jeung tapis nyurahan pasal-pasal dina UU mun seug ditalék ngadadak. Komo deui nepi ka apal cangkem sakabeh pasal nu aya di UU mah, pamohalan pisan.

Sanajan urang henteu apal kana pasal-pasal dina UU, angger urang téh dianggap nyaho kana hukum. 

Conto leutikna kieu, mun urang ngagogoréng batur dina samarlaya (médsos), terus dilaporkeun ka pulisi ku jalma anu ku urang digogoréng kalayan suméndér kana Pasal 23 ayat (3) UU UTĒ, urang teu bisa ngangles, “da abdi mah teu apal upami kitu téh ngarempak hukum.” Sababna, saupama hiji UU produk DPR jeung Pamaréntah geus jadi lambaran nagara, sakabéh rayat dianggap geus nyaho kana éta UU. Jadi teu anéh mun kungsi aya wanoja protés kana kawijakan PPKM ku cara bulucun di tempat umum terus ditéwak, sabab ngarempak UU Pornografi.

Sakabéh jalma dianggap nyaho kana hukum téh disebutna Fiksi Hukum, istilah latinna presumptio iures de iure

Kungsi aya profésor ti paguron luhur negeri di Bandung anu nulis artikel dina surat kabar, masualkeun fiksi hukum. Dina éta tulisan, intina nyebutkeun, fiksi hukum téh saenyana teu dumasar kana rasa kaadilan, sabab dina faktan loba jalma anu teu nyaho hukum, teu apal kana pasal-pasal anu ngatur tingkah laku mana nu meunang jeung mana anu dilarang.

Patalékan kitu téh wajar, sabab memang éta profésor kasangtukang atikanana lain hukum, jadi cara mikirna déskriptif. Ari ceuk para ahli hukum, asas fiksi hukum téh perlu, malah jadi fondasi keur nanjeurkeun kapastian hukum. Sabab lamun hukum henteu dibénténgan ku asas fiksi hukum, sakabeh jalma anu kaeurad ku hukum bakal ngasongkeun alesan, “da abdi mah teu terang.” Jadi, hukum mah sipatna préskriptif. Boga daya paksa.

Ayeuna bayangkeun dina hukum positif Indonesia aya sabaraha réwu pasal undang-undang? Nu paling anyar, upamana UU No 11 Taun 2020 ngeunaan Cipta Kerja (Omnibus Law), kabéhna aya 15 bab jeung 186 pasal. Bari, dina sapasal téh baranahan deui puluhan pasal. Jadi mun dijumlah-jamlehna ampir sarébuan pasal.
Tong boroning masarakat awam, dalah penegak hukum gé (hakim, jaksa, pulisi, pengacara), moal apal kana pasal-pasal nu jumlahna réwuan tadi, ngan boga téhnik neuleuman UU. 

Jadi kumaha atuh téhnik neuleuman undang-undang téh? Ké, urang bahas dina éséy salajengna.

Penulis adalah praktisi hukum.
 


Editor:

Opini Terbaru