Tradisi Mawakeun Mapag Datangna Bulan Ramadhan, Simbul Tanda Bakti Anak ka Nu Jadi Kolot
Selasa, 25 Februari 2025 | 14:09 WIB

Tradisi mawakeun, nganteuran asakan ka nu jadi kolot, nu ilahar dilakukeun memeh datangna bulan suci Ramadhan, boga ajen-hikmah minangka simbul tanda bakti anak ka nu jadi kolot. (Foto: NU Online Jabar/Rameli)
Rameli Agam
Penulis
Raraga mapag datangna bulan Ramadhan, geus ti beh ditu mula masarakat Indonesia sok ngalaksanakeun rupa-rupa tradisi.
Eta tradisi-tradisi nu dilakonan teh saeutik gedena ngawarnaan jeung ngeuyeuban kaayaan nu has jeroning mapag bulan suci Ramadhan.
Tah, salasahiji tradisi geusan mapag Ramadhan' teh nyaeta mawakeun, tradisi nu meh masih dilakonan ku warga di Tatar Sunda, hususon di padesaan.
Ceuk Ahmad Jaelani (57), tokoh masarakat Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, mawakeun teh minangka tradisi nu geus dilakonan ti bareto enggoning mapag bulan puasa.
Salasahiji hikmah tina tradisi mawakeun nyaeta ngaraketkeun tatali silaturahmi kulawarga. Tradisi mawakeun, asal tina kecap "mawa", ilahar dilakukeun piduapoeeun atawa pisapoeeun Ramadhan. Anggota kulawarga, misalna anak, ngadongdon ka kolotna, bari barang bawa asakan.
Mun kolotna geus teu aya, adi nu mawakeun asakan ka nu jadi lanceuk pangkolotna, oge bisa ka uwana, atawa ka nu dianggap dipikolot ku kulawarga.
Eta asakan teh disusun dina tentengan rantang. Anapon eusi asakanana mungguh has kayaning sangu, semur daging atawa gepuk, endog pindang, goreng tempe atawa tahu, sambel goreng kentang, sarta bangsaning tumis atawa ase cabe hejo.
"Mangsa budak, kira pertengahan taun 1970-an tepi 1980-an, kuring sok perebut jeung lanceuk pahayang-hayang nganteurkeun eta asakan. Sabab, sanggeusna nganteurkeun teh sok wae diebere duit keur jajan ku nu narima eta anteuran," pok Ahmad Jaelani, sababaraha waktu kaliwat.
Manehna laju ngeceskeun, tradisi mawakeun ge minangka simbul tanda bakti anak ka nu jadi kolot. Neda pidu'ana kolot tur menta pangampurana, keur bekel kahidmatan geusan ngalakonan ibadah puasa sajeroning bulan suci Ramadhan.
Nyawang mangsa nu kaalaman ku manehna harita dina tradisi mawakeun tea, mamawa rantang asakan teh tepi mangkilo-kilo meter jauhna. Mapay jalan nanjak, larsup pakebonan, jeung ngaliwat tegalan sawah, eta jadi pangalaman nu moal kapopohokeun.
Dina prak-prakanana, sakapeung manehna bisa tepi ka dua poe noron nganteuran asakan, sabab tetela loba kulawarga nu dianteuranana.
Tuluy, kumaha lajuning eta tradisi mawakeun dina mangsa kiwari?
"Hanjakal, najan teu euweuh sama sakali, ayeuna geus kawilang arang masarakat nu ngalakukeun mawakeun. Kuring inget, tepi ka awal 1990-an mah masih keneh aya nu sok ngajalankeun tradisi mawakeun, kadieunakeun bet siga-siga nu ngaleungit," ceuk Ahmad Jaelani.
Padahal, dina tradisi mawakeun memeh datangna bulan suci Ramadhan teh mungguh euyeub ku rupaning ajen-hikmah, salasahijina minangka tanda bakti anak ka nu jadi kolot atawa pihak-pihak nu dipikolot. Hikmah sejenna lagu mawakeun teh jadi media neda restu-pangdu'a kolot, sarta pangraket tali silaturahmi kulawarga.
Terpopuler
1
Khutbah Jumat: Menghidupkan Malam di Bulan Suci Ramadhan dengan Amal Saleh
2
Inilah Rincian Zakat Fitrah Tahun 2025 di Kota dan Kabupaten se-Jawa Barat
3
Libur Lebaran 2025 untuk Sekolah Madrasah Diperpanjang 20 Hari, Menag: Bisa Kurangi Kemacetan
4
Operasi Pasar Murah PCNU Kabupaten Cirebon: Upaya Kendalikan Harga Bahan Pokok Jelang Idulfitri
5
RMINU Jabar Gelar Safari Ramadhan Volume 4 Bersama LDNU dan LPBHNU
6
Al-Hiyam: Cinta yang Mengembara Tanpa Akhir
Terkini
Lihat Semua