
Bilal tarawehan nu ilahar sok aya dina solat taraweh di bulan Ramadhan, tetela mibanda oge fungsi panyumanget jamaah nalika ngalakonan solat taraweh. (Foto: NU Online Jabar)
Rameli Agam
Penulis
Salian ngalakonan ibadah puasa Ramadhan, dina eta bulan suci ge, peutingna sabada Isya, umat Muslim ngalaksanakeun solat taraweh atawa nelah tarawehan. Najan kaasup ibadah sunah, tapi tarawehan mibanda ajen nu istimewa.
Kaistimewaan solat taraweh teh sakumaha nu kaunggel dina Hadis Riwayat Bukhari/Muslim, "Sing saha nu ngalaksanakeun ibadah (taraweh) di bulan Ramadhan bari iman jeung ihlas, eta dosa-dosana nu tiheula dihampura."
Tah, dina palaksanaan solat taraweh teh oge sok aya nu jadi bilal. Umumna di Tatar Sunda, teu di masjid-masjid di kampung teu di kota, ilaharna lagu tarawehan teh aya bilalna.
Enya, eta nu sok ngajorowok kieu “Fadlon minnalloh..., allohumma sollialasayyidinna Muhammad...”, tuluy “assolatu sunnatan tarawehi rokataeni jamiatul rohimakumulloh...”. Atuh jamaah teh reang mairan kieu, “salamun alaih... assolatulaillahaillaloh...”
Ngajorowokna teh sabada reres atawa selang dua rokaat. Sakapeung aya nu kieu, mun sabada opat rokaat, eta bilal ngocapkeun “...wa badrun Muhammad...” atawa mun sabada 12 rokaat, bilal ocap kieu “... kalifatul Abu Bakar Sidiq rodianlohuanhu..”
Laju satuluyna tepi rek ka rokaat 18-20, kalifah sejenna disebut nyeta Ummar bin Khottob ra, Ustman bin Affan ra, jeung Ali bin Ali Tholib ra. Anapon jamaah, mairanana teh ku ocap “...salamun alaih...” atawa aya nu ringkesna wae “...solamoleh...”. Komo barudak bebenyit mah tepi ka patarik-tarik ngajorowokna teh, matak ngahiung liang ceuli.
Pajah, ayana bilal teh lian ti minangka tanda geura solat, oge hikmahna sangkan imam atawa ma’mum teu poho kana jumlah rokaat tarawehan.
Hikmah lianna, lir komandan pasukan mars tengtara, nyaeta panyumanget ulah eleh ku tunduh balas beuteung seubeuh ku buka puasa. Jeung deuih malar aya waktu saheulaanan we reureuh.
Tah, di dieu mah 23 rokaat, tarawehan 20 rokaat, pungkas we ku solat witir 3 rokaat. Anapon nu geus maneuh jadi bilal di Masjid Al Barokah Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat mah nyaeta Mang Undang. Ceuk legeg rahul mah, “Bilal nu meh tak tergantikan”.
Tapi da enya atuh siga nu “tak tergantikan”. Hiji waktu, manehna teu ngelol. Ceuk itu ngaringkuk, ceuk ieu keur aya perelu ka anakna. Reres solat sunat badiyah Isya, jamaah culang-cileung, da sidik teu bariasa jadi bilal tea. Aya Mang Jumakir, sok dilandih doktor pedah make kaca panon, bet ujug-ujug ngajorowok, “...wa badrun Muhammad...” Tapi jep jempling deui, teu apal ka dituna. Surangah-serengeh. Antukna mah ditangkes ku imam. Tarawehan lancar sakumaha ilaharna.
“Taktage, meungpeung ngarora keneh, kudu daek diajar, euy! Jadi bilal-bilal wae mah!” ceuk Abah Ecep, ka barudak ngora sabada rengse tarawehan. Ukur surangah-serengeh deui wae. Anapon Mang Jumakir, ti tas kajadian harita meunang jujuluk anyar “Doktor Badrun”.
Terpopuler
1
Lazuardi Al-Falah Serahkan Zakat, Infaq, dan Sedekah Siswa kepada LAZISNU Kota Depok
2
Kemenag Targetkan BOS dan PIP Santri Rp230 Miliar Cair Sebelum Lebaran
3
Menyoal Legalitas Panitia Zakat Fitrah di Masjid Kampung
4
Kurangi Sampah Lebaran, Ketua LPBINU Jabar Ajak Masyarakat Bijak Kelola Lingkungan
5
Santunan Ramadhan DKM Al Hidayah: 114 Anak Yatim dan Duafa Terima Bantuan
6
Timnas Indonesia Menang 1-0 atas Bahrain di Kualifikasi Piala Dunia 2026
Terkini
Lihat Semua