• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Selasa, 23 April 2024

Khutbah

KHUTBAH IDUL ADHA

Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda: Hade Sangka Kana Parentah ti Allah

Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda: Hade Sangka Kana Parentah ti Allah
Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda: Hade Sangka Kana Parentah ti Allah. (Ilustrasi: NUJO).
Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda: Hade Sangka Kana Parentah ti Allah. (Ilustrasi: NUJO).

Khutbah I

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرْ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً، لَاإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ وَللهِ اْلحَمْدُ.  الحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ خَلَقَ الزّمَانَ وَفَضَّلَ بَعْضَهُ عَلَى بَعْضٍ فَخَصَّ بَعْضُ الشُّهُوْرِ وَالأَيَّامِ وَالَليَالِي بِمَزَايَا وَفَضَائِلَ يُعَظَّمُ فِيْهَا الأَجْرُ والحَسَنَاتُ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى بِقَوْلِهِ وَفِعْلِهِ إِلَى الرَّشَادِ. اللّهُمَّ صَلّ وسّلِّمْ علَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمّدٍ وِعَلَى آلِه وأصْحَابِهِ هُدَاةِ الأَنَامِ في أَنْحَاءِ البِلاَدِ. أمَّا بعْدُ، فيَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا اللهَ تَعَالَى بِفِعْلِ الطَّاعَاتِ. قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ. فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ. إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ


Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Dzat Allah anu maha Ghafur. Shalawat sareng salam mugi didugikeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw, oge ka para kulawargana, sahabatna mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.


Allahu Akbar 3x 


Hadirin Rahimakumullah
Dina ngamalkeun ajaran agama Islam urang kudu husnudzon ka gusti Allah Swt, hartina urang teu meunang suudzon. sabab teu aya ajaran Islam nu bakal ngarugikeun umatna, conto dina parentah puasa mun dilaksanakeun pasti moal madarat, sanajan ti isuk nepi ka burit henteu barang dahar. Atuh sakalieun indit-inditan atawa gering atawa aya udzur, ku Allah dibere rukhsoh supaya henteu puasa. Jadi eces pisan ajaran agama Islam teh merhatikeun kana kasalametan jiwa jeung kasehatan.


Urang kudu yakin yen tiap-tiap parentah agama pasti manfaatna bakal balik ka urang sorangan. Mun urang ninggalkeun ajaran Islam, pasti bakal rugi kacida akibatna. Keur ngabuktikeun yen parentah agama teh moal ngarugikeun pikeun ummat.contona loba pisan saperti:


Kahiji, Nabi Ibrohim As, nalika ninggalkeun Siti Hajar jeung putrana nu jenengannana Ismail, di hiji lengkob nu nenggang teu aya lembur, sedengkeun Ismail harita masih orok. Nabi Ibrahim cukup ku ngadoakeun supaya kulawargana daek solat, boga akhlak nu hade, sarta dibere rizki ku Allah. Dawuh Allah dina Al-Qur’an 


رَّبَّنَا إِنِّى أَسْكَنتُ مِن ذُرِّيَّتِى بِوَادٍ غَيْرِ ذِى زَرْعٍ عِندَ بَيْتِكَ ٱلْمُحَرَّمِ رَبَّنَا لِيُقِيمُوا ٱلصَّلَوٰةَ فَٱجْعَلْ أَفْـِٔدَةً مِّنَ ٱلنَّاسِ تَهْوِى إِلَيْهِمْ وَٱرْزُقْهُم مِّنَ ٱلثَّمَرَٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُونَ


“Nun gusti pangeran abdi sadaya, sayaktosna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdidina hiji lengkob nu henteu aya tutuwuhanna, anu pernahna caket bumi Gusti (baitullah) anu dimulyaken. Nun Gusti pangeran abdi sadaya, mugia maranehna kersa ngaradegkeun  salat, mugia hatena jalmi-jalmi janten manteng kersa darongkap ka (tempat) maranehna, sareng mugia gusti maparin rizki ka maranehna mangrupi bubuahan, supados maranehna muji sukur. (Qs. Ibrahim: 37)   


Terus kanyataanna,kulawarga Nabi Ibrahim As kacida dipikanyaahna ku Allah. Ismail salamet, atuh indungna oge salamet, malah aya sumur zamzam bukti kanyaah Allah anu masih aya dugi ka ayeuna.


Allahu Akbar 3x


Hadirin Rahimakumullah
​​​​​​​Kadua, saparantos Ismail nincak umur baleg, Allah miwarang Ibrahim supaya meuncit putrana nu jenengan Ismail tea, tapi  kanyataannana ku Allah digentos peupeuncitannana ku domba nu badag ti jero sawarga. Dawuh Allah dina Al-Qur’an dina surat As-Soffaat ayat ka 106-107.


إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ ٱلْبَلَٰؤُاٱلْمُبِينُ
وَفَدَيْنَٰهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ


“Saestuna ieu teh cocoba anu tetela, jeung kami geus ngaganti manehna (Isma’il) ku peupeuncitan anu gede (domba anu lintuh).”


Sajarah ayana kurban sabab kata’atannana Nabi Ibrohim As kana parentah Allah. Dugi ka ayeuna kurban bisa dirasakeun mangpa’atna ku urang sarerea terutama keur jalma miskin.


​​​​​​​Katilu, ngalaksanakeun pernikahan ku Allah dianjurkeun kacida, sabab nikah teh bakal ngajaga farji jeung paningali.Sanajan rumasa jadi jalma nu miskin, ku Allah pasti bakal dibere rizki anu cukup, asal urangna bener-bener daek usaha. Dawuh Allah dina Al-Quran dina surat An-Nur ayat 32.


وَأَنكِحُواٱلْأَيَٰمَىٰ مِنكُمْ وَٱلصَّٰلِحِينَ مِنْ عِبَادِكُمْ وَإِمَائِكُمْ  إِن يَكُونُوا فُقَرَاءَ يُغْنِهِمُ ٱللَّهُ مِن فَضْلِهِۦ  وَٱللَّهُ وَٰسِعٌ عَلِيمٌ


“Jeung geura kawinkeun jalma-jalma anu lalagasan ti antara maraneh, jeung abid-abid katut amat-amat milik maraneh anu sapantesna (kawin). Upama maranehna pakir, engke oge Allah ngajadikeun maranehna mampuh ku kajembaranana, jeung Allah teh Maha Jembar tur Maha Uninga. (Qs. An Nur:32)   


Kaopat, mun aya kasusahan dina mancen kahirupan, pasti ku Allah bakal dibere kasenangan, ku Allah bakal leuwih loba dibere  kasenangan tinimbang kasusahan. Tapi saratna, urang kudu bener-bener takwa ka Allah swt. Dawuh Allah dina Al-Qur’an


فَإِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا
إِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا


“Saenyana dina kasusah (rohani) teh aya kabungah, jeung saenyana dina karipuh (jasmani) aya kasenangan.” (Qs. Al-Insyirah: 5-6)


Dina dua ayat di luhur netelakeun yen saenya satiap aya kasusah pasti aya kabungah.


Terus tingali deui dina surat al-Tholaq ayat 2 dugi 3.


وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجْعَل لَّهُۥ مَخْرَجًا
وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ  وَمَن يَتَوَكَّلْ عَلَى ٱللَّهِ فَهُوَ حَسْبُهُۥ


“Sing saha anu takwa ka Allah, tanwande anjeuna ngayugakeun hiji jalan kaluar (bongbolongan) pikeun manehna. Jeung Anjeuna baris maparin rejeki kamanehna tina jalan anu heunteu disangka-sangka ku manehna.”


Dina ayat al-Tholaq ieu Allah ngajelaskeun yen urang bakal dibere solusi anu sae sarta bakal dibere rejeki  anu cukup mun urang bener taqwana ka Allah swt.


Allahu Akbar 3x 


Hadirian Rahimakumullah
Kalima, mun urang gering kudu yakin yen Allah pasti bakal mere cager, sabab asalna gering oge teh ti Allah. Asal kudu rajin dumeuheus ka Allah kucara loba maca Quran, sakumaha pidawuh Allah:


وَنُنَزِّلُ مِنَ ٱلْقُرْءَانِ مَا هُوَ شِفَآءٌ وَرَحْمَةٌ لِّلْمُؤْمِنِينَ  وَلَا يَزِيدُ ٱلظَّٰلِمِينَ إِلَّا خَسَارًا


“Jeung kami nurunken tina Quran saniskara anu jadi ubar jeung rahmat pikeun mu’minin,jeung (Qur’an teh) piken anu darolim mah henteu nambahan naon-naon salian ti karugian (Qs. Al-Isro: 82)


Oge pidawuh Allah dina Quran surat Al-Baqarah :147


ٱلْحَقُّ مِن رَّبِّكَ  فَلَا تَكُونَنَّ مِنَ ٱلْمُمْتَرِينَ


“Ari hak tea datangna ti Pangeran maneh, ku sabab eta maneh ulah jadi ti antara jalma nu marangmang.”


بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنْ آيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم


Khutbah II


اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ.  اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ


KH Abun Bunyamin, Rais Syuriyah PWNU Jawa Barat, Pengasuh Pesantren Al-Muhajirin Purwakarta


Khutbah Terbaru