Ngalogat

Rudjak Tjiherang, Bekel Jamaah nu Hajian Jaroh ka Tanah Suci 

Sabtu, 23 November 2024 | 10:59 WIB

Rudjak Tjiherang, Bekel Jamaah nu Hajian Jaroh ka Tanah Suci 

Rudjak Tjiherang, kabeungharan kuliner has Nusantara, nu sok dijadikeun bekel jamaah nu hajian jaroh ka Tanah Suci Mekah. (Foto: NU Online Jabar)

Rujak minangka kadaharan has Nusantara nu bisa dipidangkeun ku rupa-rupa cara. Enas-enasna mah aya bungbu jeung bangsaning bungbuahan saperti kadongdong, buah, gedang, jambu aer, bonteng, bangkuang, ganas, tepi ka  hui,  jeung nu sejenna. 
 

Lian ti rujak cuka jeung rujak bebek, oge aya rujak uleg. Bungbu rujak uleg ge bisa wae rasana teh rupa-rupa, najan bahanna mah eta-eta keneh. 


Ilaharna mah bungbu rujak teh diwengku gula beureum, cengek, uyah, asem, jeung tarasi. Sakabeh eta bungbu teh laju diuleg. 
Tah, Rudjak Tjiherang mah ditambahan honje. Aroma has honje jadi matak mucunghulkeun sensasi lagu ngararasakeun eta rujak. 
 

Ceuk Asep Rosadi (50), generasi kaopat nu ngokolakeun Rudjak Tjiherang, bungbu ieu rujak teh taya parobahan ti puluhan taun katukang. Eta resep mimiti diwanohkeun ku uyutna, Ma Empeuh, taun 1918. Harita, Ma Empeuh dagang rujak asongan di sabudeureun Banjaran, Soreang tug tepi ka jalur kareta api Bandung-Ciwidey.


Kitu deui waktu dituluykeun ku Ma Tarsih, ninina Asep. Resep jeung cara ngolahna teu robah. “Bungbu Rudjak Tjiherang minangka warisan uyut. Mertahankeun resepna katut nuluykeun usahana,” pokna.


Ngan ti saprak 1990 tepi kiwari, jongko Rudjak Tjiherang teh perenahna di Jl. Ciherang No. 81, Kampung Ciherang, Desa Kiangroke, Banjaran, Kabupaten Bandung. 


Warungna kawilang basajan, di bagean hareup aya etalaseu nu midangkeun rupa-rupa stoples nu dieusian bungbu rujak, sirop bandrek, katut kadaharan oleh-oleh sejenna. Oge aya lomari nu pinuh ku rupa-rupa kueh katut jajanan has Desa Ciherang, samodel opak, kicimpring, tur borondong. 


Eta warung teh buka ti tabuh salapan isuk-isuk tepi ka tabuh genep sore. Haregana? Kawilang murah-meriah. Aya bungbu nu dina stoples nu haregana ti mimiti 20 rebuan, kumaha loba ukuranana we. Satoples bisa keur sababaraha porsieun eta teh.


Kalawan make bahan-bahan alami, bungbu rujak hadena dikonsumsi teu leuwih ti saminggu. Lamun eta bungbu disimpen dina kulkas mah bakal leuwih lila awetna, bisa awet tepi ka tilu bulan. Samalah teu saeutik jamaah nu oge sok mekel eta bungbu rujak lagu usum hajian jaroh ka Tanah Suci Mekah. Tah, nalika usum haji mah jumlah produksi Rudjak Tjiherang ge sok undak. 


(Tina sawatara sumber).