• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Sabtu, 20 April 2024

Ngalogat

Pentingna Kalungguhan Basa Sunda

Pentingna Kalungguhan Basa Sunda
Mieling Poe Basa Indung (Ilustrasi: YT SMA 5 Garut)
Mieling Poe Basa Indung (Ilustrasi: YT SMA 5 Garut)

Deklarasi Forum Masyarakat Penutur Basa Sunda 
Kalungguhan Bahasa Daerah diaku tur ajeg dina konstitusi nagara urang, sakumaha diunikeun dina UUD 1945, pasal 32 ayat 2: “Nagara ngajénan jeung miara basa daérah minangka kabeungharan budaya nasional”. 

Keur ngabuktikeun yén nagara ngajénan jeung miara basa daérah, antarana baé taun 2006 Mahkamah Konstitusi kungsi narjamahkeun UUD 1945 kana basa Sunda jeung sawatara basa daérah séjén. 

Gédéngeun ti éta, Undang-Undang No. 24 taun 2009 ngeunaan Bendera, Bahasa, dan Lambang Negara jelas-jelas ngatur kumaha dipakéna basa Indonésia, basa daérah, jeung basa asing. Éta undang-undang dipérélékeun deui unak-anikna dina Peraturan Pamaréntah No. 57 taun 2014. 

Kitu deui dina Undang-undang No. 23 taun 2014 ngeunaan Pemerintahan Daerah, utamana dina pasal-pasal nu ngatur tatakelola pendidikan, diécéskeun yén basa daerah kudu diurus ku pamaréntah daerah provinsi jeung kabupatén/kota keur kapentingan pendidikan. 

Nu panghaneutna muncul Undang-Undang No. 5 Taun 2017 ngeunaan Pemajuan Kebudayaan, anu nyebutkeun yén salah sahiji obyék pemajuan kebudayaan téh nya basa daérah. Éta sakabéh undang-undang téh tangtu disusun ngaliwatan Proglegnas (Program Legislasi Nasional) anu kamaslahatanana geus dibeuweung diutahkeun ku pamaréntah jeung Dewan Perwakilan Rakyat (DPR). 

Basajanna, naon anu didadarkeun ku undang-undang patali jeung urusan basa téh bisa diwakilan ku jargon Badan Bahasa: “Utamakan bahasa Indonésia, lestarikan bahasa daerah, dan kuasai bahasa asing”. 

Mémang urang perlu apal kumaha wincikanana fungsi jeung kalungguhan éta tilu élemén basa téh, ngan anu jéntré boh basa Indonésia, boh basa daérah, kitu deui basa asing diwenangkeun keur dipaké luyu jeung kaperluanana. Éta saenyana anu jadi rohna régulasi ngeunaan basa téh, yén éta tilu élemén basa téh boga hak hirup, boga hak dipaké, jeung boga hak mekar di lingkungan masarakat Indonésia.

Hanjakalna éta eroh régulasi basa téh mindeng diapilainkeun. Kasadaran urang kacida héngkérna dina mikapaham jeung merenahkeun basa nu digunakeun. Contona baé, usaha pikeun ngutamakeun basa Indonésia mindeng dirusak ku libido ngagunakeun basa asing nu teu perlu, malah ngagejrétkeun martabat basa Indonésia minangka basa resmi nagara. 

Libido ngagunakeun basa asing téh lain baé ku masarakat, tapi ku pamaréntah deuih, boh di pusat boh di daérah. Istilah atawa kalimah basa asing bruh-bréh aya di mamana jadi polusi di ruang-ruang publik. Padahal éta basa atawa istilah asing téh sawaréh ku Badan Bahasa kungsi dituduhkeun padananana, dijieun peristilahanana, sawaréh deui saenyana bisa ditarjamahkeun atawa diganti ku basa Indonésia atawa basa daérah. Tapi faktana, ngaran kompléks perumahan, tempat wisata, iklan produk, acara televisi, istilah transportasi, aplikasi digital, loba diumbar ngagunakeun basa asing.

Kitu deui basa daérah anu ceuk régulasi téa kudu dipiara, loba kaapilainkeun. Basa Sunda upamana, mun dititénan kahirupanana kiwari rada pikawatireun, sok sanajan basa Sunda ceuk Badan Bahasa kagolong basa anu hirupna aman. Tapi, Badan Bahasa sorangan kungsi némbongkeun fakta yén unggal sapuluh taun panyatur basa Sunda leungit dua jutaan urang. 

Mun niténan kumaha urang Sunda ngantep basana sorangan, kaharti. Apan geus loba indung bapa anu saenyana urang Sunda, geus teu ngajarkeun basa Sunda ka barudakna. Enya gé basa Sunda diajarkeun di sakola, hasilna teu maksimal da masarakat nu jadi lingkungan sosial barudak kurang ngajénan kana basa Sunda anu hadé. Basa Sunda faktana beuki kasérédkeun ku basa nasional jeung dipakéna basa asing. Naon-naon anu diperjuangkeun ku urang Sunda pikeun ngahirup-huripkeun basa Sunda, ngaliwatan ngarang buku, ngaramékeun média sosial, ngajar di sakola, nyanggi lagu, nyieun film, jeung usaha-usaha séjénna, bisa jadi ukur katineung para satria, lain gambaran umum gedéna katineung masarakat kana basa Sunda.

Tapi organisasi Kasundaan anu mayeng miara jeung mekarkeun Basa Sunda, kayaning Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Yayasan Rarancage, Sing Rancage, Klinik Basa (KiBa), Lembaga Kebudayaan Sunda (Lembud) Unpas, Pusat Digitalsasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Unpad, Daya Mahasiswa Sunda (Damas), Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra (FPBS), Fakultas Ilmu Budaya Unpad, Korps Alumni Daya Mahasiswa Sunda (KADAMAS), Persatuan Pendidik Bahasa Daerah Indonesia (PPDBI), ngarasa yakin masarakat Sunda gedé kénéh katineungna kana basa Sunda hususna, sarta kana budaya Sunda umumna, minangka ciri jadi dirina salaku sélér bangsa di Indonésia. Kabuktian waktu basa Sunda minangka ciri jatidirina aya nu ngaganggu, kasadaran kabangsaan urang Sunda sacara koléktif hudang sarta minangka sélér bangsa ngarasa dihina-hina.

Nilik kana masalah-masalah di luhur, mareng jeung Poé Basa Indung Sadunya, sakumna organisasi Kasundaan jeung Fakultas anu ngajarkeun Basa jeung Sastra Sunda di paguron luhur tur anu panceg mekarkeun basa Sunda, hayang nepikeun uar pangajak sakumaha kaunggel di handap:

1. Masarakat Sunda kudu sadar boga budaya anu kacida gedé ajénna nyaéta basa Sunda. Basa Sunda lain baé jadi alat komunikasi di antara urang Sunda, tapi ogé jadi alat utamana keur ngadadarkeun unsur-unsur budaya. Urang Sunda kudu kalawan sadar miara jeung ngahirup-huripkeun basa Sunda minangka banda budayana, sarta kudu rempug jukung sabilulungan ngalawan tindakan-tindakan anu rék ngaruksak kalungguhan basa Sunda atawa usaha ngaleungitkeunana. Usaha miara basa Sunda sangkan hirup bari hurip kudu dituduhkeun ku tindakan anu nyata nyaéta babarengan ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé pikeun rupa-rupa kaperluan jeung kapentingan. Ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé ogé kudu dianggap minangka tugas budaya urang Sunda.

2. Meredih ka pamaréntah daérah Jawa Barat, ogé ka pamaréntah kabupaten/kota di Jawa Barat sangkan enya-enya tur daria ngayakeun usaha-usaha nyata nyusun kawijakan anu museur kana miara jeung mekarkeun basa Sunda luyu jeung amanat konstitusi jeung perundang-undangan nu nyampak di wilayah hukum nagara Indonésia. Upama wae, pangusaha widang properti jeung perhotelan kudu ngagunakeun kawasan jeung tempat-tempat wisata ku basa Sunda sarta Basa Sunda jadi prioritas utama dina kurikulum muatan lokal dibarengan ku nyadiakeun sarana prasarana kayaning buku-budu Sunda jeung guru basa Sunda.

3. Meredih ka pamaréntah daerah jeung masarakat Jawa Barat, dina raraga ngajaga martabat basa Indonésia minangka basa nasional jeung basa resmi nagara, sarta dina raraga miara jeung ngahirup-huripkeun basa Sunda minangka basa sélérbangsa, kudu ngurangan napsu ngagunakeun basa asing di lingkungan pamaréntahan jeung di lingkungan masarakat iwal keur tujuan-tujuan anu diwenangkeun ku undang-undang. Pamaréntah kudu ngaévaluasi digunakeunana basa-basa asing keur ngaran perumahan, basa asing dina iklan layanan masarakat, basa asing dina aplikasi digital, basa asing dina acara-acara televisi, basa asing di tempat-tempat pariwisata, jeung sajaba ti éta.

4. Pamaréntah daérah jeung DPRD kudu enya-enya nyadiakeun anggaran anu cukup keur ngadukung usaha-usaha “pemartabatan” basa Indonésia jeung “pelestarian” basa Sunda sakumaha amanat perundang-undangan. Usaha nyadiakeun anggaran anu cukup kudu bijil insiatifna ti pamaréntah daérah bari niténan aspirasi palaku budaya, lain sabalikna kudu digegebrag heula ku masarakat.

5. Meredih pamaréntah daérah Jawa Barat, hususna Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat kudu daria ngurus pangajaran basa Sunda jeung nyadiakeun sarta ngalatih guru-guruna, lantaran ngajarkeun basa Sunda di lingkungan pendidikan jadi léngkah anu stratégis dina miara jeung mekarkeun basa Sunda. Luyu jeung aturan dina Undang-Undang Nomer 23 tahun 2014 ngeunaan Pemerintahan Daerah, utamana patali jeung tatakelola pendidikan, Pamaréntah Daérah Jawa Barat kudu miara jeung mekarkeun basa Sunda minangka basa anu digunakeun lintas kabupatén/kota.

6. Pamaréntah Provinsi Jawa Barat jeung DPRD Jawa Barat kudu sagancangna ngarévisi Pérda Jabar No 14 Tahun 2014 kusabab loba hal-hal anyar anu geus mekar luyu jeung pajamanan tapi can aya réngkol régulasina, saupama waé ngeunaan ISO Basa Sunda.

Bandung, 21 Februari 2022

Koordinator Deklarator
1. Cecep Burdansyah (Ketua PP-SS), 2. Darpan, M.Pd (Ketua LBSS), 3. Dadan Sutisna (Penggagas-Pendiri Sing Rancage), 4. Prof Dr Dadang Sunendar, M. Hum (Guru Besar FPBS UPI), 5. Prof. Dr. Tri Indri Hardini, M.Pd, (Dekan FPBS UPI)
6. Prof. Dr. Ir Ganjar Kurnia (Ketua PDBS Unpad)
 


Editor:

Ngalogat Terbaru