• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 29 Maret 2024

Ngalogat

BULAN AJENGAN CIPASUNG

Ajengan Ilyas Dipapag Katumbiri

Ajengan Ilyas Dipapag Katumbiri
KH Moh Ilyas Ruhiat, Pjs Rais Aam PBNU 1992-94 dan Rais Aam PBNU 1994-99. (Foto: dok. Keluarga)
KH Moh Ilyas Ruhiat, Pjs Rais Aam PBNU 1992-94 dan Rais Aam PBNU 1994-99. (Foto: dok. Keluarga)

Panineungan Ajengan Cipasung, 31 Januari 1934 – 18 Desember 2007.
Oleh Iip Yahya
Aya hiji hal anu tansah ngareuwaskeun dina kahirupan urang, nyaéta beja kapapatenan. Sanajan hiji jalmi kawartoskeun tos lami teu damang, tapi dina waktuna ngantunkeun mah, tetap baé sok méré épék kagét. Teu nyangka. Sok kantenan upami ieu jalmi teh hiji tokoh anu istimewa, guru umat anu sami-sami dipihormat. Kitu pisan anu karasa nalika harita, urang nampa béja yen KH. Moh. Ilyas Ruhiat, sesepuh Pasantren Cipasung, pupus dina dinten Salasa, 18 Desember 2007.

Mémang, béja yen Ajengan Ilyas teu damang teh tos kawartoskeun dina sababaraha taun katukang. Anjeunna mulai teu damangan teh ti taun 2002, saréngséna mantenna pangsiun tina kalungguhan di DPA. Saur almarhumah garwana waktos jumeneng kénéh –Hj. Dedeh Fuadah— mah, “Apih mah teu damangna nyakali, panginten kumargi salami ieu kacapéan teuing ngurus itu ieu kanggo kapentingan umat.”

Seueur wartos ngeunaan Ajengan Ilyas, paélmuanana, dedikasina dina organisasi, kasabaranana dina ngatik-ngadidik santri. Tapi anu sok jadi kacapangan balaréa mah, anu diaku ku sasaha, anjeunna teh sok disarebat Ajengan Santun. Kituna mah kumargi anjeunna tara katingal bendu salawasna, gaduh panyangki saé ka papada jalmi. Tansah someah hade ka semah. Nyarios dina basa lemes baé sanajan ka murangkalih. Tara ngabéda-bédakaun sémah, jst. Éta teh saurna upami dina amaliah tasawuf mah kalebet tingkatan anu pang luhurna, anu pang héséna. Salian ti islami teh mantenna estu nyunda pisan singketna mah, lamun urang mupakat yén nyunda téh kitu prak-prakanana.

Ajengan Ilyas teh hiji carogé anu satia ka istrina, lahir batin. Sapapait samamanis nepi ka pakotrék iteuk téh lain babasan, sanajan dugi ka waktos pupusna, boh anjeunna boh garwana, teu kantos nganggé iteuk. Upami angkat-angkatan, boh di sabudeureun Indonesia boh ka luar nagri, tara hilap nyandak oléh-oléh kangge istrina. Saur anu sok nyarengan anjeunna mah, ajengan memang sok ngahususkeun waktu kannggo milari cacandakan. Malah oléh-oléh téh seseringna mah sok rata kabagi ka putra sareng incu.

Ku sababaraha ajengan, unggal nganjang ka Cipasung teh inyana sok dijurung-jurung supaya nyandung. Tapi anjeunna narah bae. Malah ku garwana mah sok diheureuyan, 

“Apih, kumaha pangjurung para ajengan téh, bade diturut?” 

“Ah, Apih mah narah, Mih,” waler Ajengan.

Ku kituna mah pantes, kumargi sabada Ajengan Ilyas nikah ka Ibu Dédéh dina 16 Juli 1956, duanana disaur ku Abah Ruhiat, ramana Ajengan Ilyas, disarengan ku rakana H. Endang Hasan sareng bojona. 

“Maranéh mah teu meunang nyandung! Abah mah nyandung sotéh keur kamajuan pasantrén.”

Ajengan Ilyas memang hormat pisan ka ramana. Kumargi disagedengan rama, kapanan Abah téh guruna anu paling utama, da anjeunna mah teu kantos masantren salian ti di Cipasung. Eta baé dina Pemilu 1971, sabada kampanye ti Partai NU tur kapilih janten anggota DPRD Jabar, ku Abah téh disa;ur, 

“Ilyas, urang mah ngurus pasantrén baé. Lamun kabéh ka politik mah, saha atuh anu bakal ngurus pangajian?” 

Nya atuh hasil hésé capé kukurilingan kampanye téh dipasihkeun kitu bae ka nu sanés, tanpa konpensasi naon-naon. Istuning ihlas seja tumut kana kasauran sepuh sareng guruna. Berekah geningan. Da lamun harita mugen, keukeuh jadi anggota déwan mah, urang téh meureun maol wanoh ka anjeunna siga ayeuna.
Saparantos garwana ngantunkeun (19 Juni 2007), sok remen anjeunna kabungbulengan. Kanggo anjeunna mah, garwana téh karaos aya kénéh baé. Loba santri alumni anu ngadeuheus ka anjeunna, samaméh baralik teh sok dipiwarang wawartos heula ka garwana. 

“Wawartos heula ka Emih nya, bilih nyeuseul.” 

Nya atuh santri téh sok ngaharuleng heula bari ngajawab sumuhun téh. Antukna mah maranéhna teh terus ka marakam baé da diamanatan kudu bébéja heula ka Emih. Aya ogé kajadian anjeunna ngajakan ka santri anu sok ngarawatna, nyusul istrina. 

“Itu Emih tos naék béca, hayu urang nyusul Emih.”

Rebo, 3 Oktober 2007, Ajengan Ilyas dirawat di RSHS kumargi kaserang struk anu katilu kalina. Rada lami dirawatna téh da teras aya komplikasi sababara panyawat. Kulawarga anu nungkulan oge lebaran téh di rumah sakit. Tah, dina dinten Ahad saméméh mantena dirawat, bet maksa hoyong pendak heula sareng ibuna, Hj. Aisyah Ruhiat anu dugi ka danget harita masih jumeneng. Ka santri anu sok ngurus sapopoé, Mahdi, anjeunna keukueuh hoyong dianteurkeun ka bumi ibuna. 

Mahdi teh aslina mah ti Timor Leste. Kulantaran hayang babakti ka guru, sabada lulus sarjana IAIC jeung meunang gawé di hiji pausahaan anu mere gajih lumayan, manéhna balik deui ka Cipasung, da teu tega ngantunkeun Ajengan, cenah. Nya atuh ahirna mah ku Mahdi téh dijajap nganggé korsi roda. Sabada tepang, duanana teh siga anu jagjag baé, uplek sasauran. Di antara sasauranana téh kieu:

“Emih, abdi téh ayeuna mah tos teu gaduh garwa,”

“Nya ayeuna mah urang silih doakeun bae atuh, Ilyas,” waler ibuna bangun anu surti kana kasauran putrana.

Teras Ajengan Ilyas ngadua kangge ibuna. Nyakitu deui ibuna teras ngadua kanggé putrana. Kanggo ajengan Ilyas memang aya “dua” Emih, ibuna sareng garwana. Ari ka garwana mah ngabasakeun kitu pedah barudak (Acép-Ida-Enung) sok nyarebut Emih. Ka Hj Aisyah, barudak nyebutna Emih Kidul da bumina aya di palih kidul. Ti saprak kajantena harita mah, ajengan téh teras teu damang baé dugi ka dirawat lami di RSHS. Sabada wangsul ka Cipasung, dina Jumaah, 14 Desember 2007, karaos deui strukna. Teras nerekab kana ginjal, dugi ka pupusna dina dinten Salasa tabuh 04.15 WIB. 
Saur anu nyaksian mah, ajengan téh mung dina satarikan napas dina ngaleupaskeun ruhna. Estu katingali gampil tur énténg. Panginten kituna mah anjeunna ngaraos teu aya bangbaluh sareng kaabot naon-naon deui kumargi tos pasrah ka Manten-Na. Pupusna ajengan téh jangkep genep sasih sabada garwana ngantunkeun. Bet sapertos Siti Fatimah anu kabungbulengan ku pupusna Ramana, Kangjeng Rosul SAW. Genep sasih sabada ramana pupus, Siti Fatimah ogé teras nyusul ka alam kalanggengan.

Tah, saberesna dipulasara teras badé dicandak ka masjid, ngadadak aya katumbiri di luhureun langit Cipasung. Teu jiga biasana da harita teh teu aya hujan. Nya atuh diparoto ku anu kaburu mah. Aya tilu menitna cenah éta katumbiri téh. Saur para sepuh mah kajadian kitu teh pernah aya oge waktu ajengan Cintawana, almarhum Ajengan Ishak Farid ngantunkeun. Sanaos benten yuswa, waktos jumenengna ieu dua ajengan téh memang nyobat tur silih pikahormat.

Naon hubunganana katumbiri jeung pupusna Ajengan Ilyas? Ieu kitu bukti cinta anu sajati téh? Boa-boa almarhumah garwana diiringkeun ku para widadari surga mémang mapag Ajengan Ilyas. 

Wallahu a’lam. 

Penulis adalah penganggit buku Ajengan Cipasung Biografi KH Moh Ilyas Ruhiat.


Editor:

Ngalogat Terbaru