Ngalogat

Hikmah Ibadah Kurban, Wujud Taat Kana Parentah-Na nu Oge Mibanda Ajen Sosial

Senin, 23 Juni 2025 | 09:11 WIB

Hikmah Ibadah Kurban, Wujud Taat Kana Parentah-Na nu Oge Mibanda Ajen Sosial

Ngalaksanakeun ibadah kurban dina poean Idul Adha, lian ti wujud taat kana parentah-Na, oge mibanda ajen sosial nu ngabeungkeut jeung ngajaga kaharmonisan masarakat. (Foto: NU Online Jabar/Rameli)

Idul Adha nu oge sok katelah Lebaran Kurban, mangsana umat muslim ngalaksanakeun ibadah kurban. Kecap Idul Adha teh asalna tina ‘id jeung adha. ‘Id tina ‘aada-ya’uudu nu hartina ngalongok, atawa mulang, sedengkeun adha mah hartina kurban. Pangna disebut 'id sabab jadi hari raya nu lumangsung unggal taun.

 

Dina kitab-kitab fikih, kurban ge sok katelah udhiyah nyaeta peupeuncitan dina poean Idul Adha. Ibadah kurban pikeun kaom Muslim mah minangka kaasup sidkoh sabab dagingna teh sok dibagikeun.

 

Ibadah kurban eta teh ngalaksanakeun parentah Allah Swt nu kawitna disareatkeun ka Kanjeng Nabi Ibrahim As jeung Nabi Ismail As. Aya sababaraha ayat dina Al Qur’an nu jadi papagon geusan ngalaksanakeun kurban, antarana Surah Al Hajj ayat 34 : “Jeung pikeun sakur umat geus disareatkeun peupeuncitan (kurban), sangkan maranehanana nyebut ngaran Allah ka sato ingon-ingon minangka rijki ti Allah ka maranehanana, nu jadi Gustina teh nyaeta Gusti Nu Maha Esa, ku kituna masing deukeut ka Kami. Tepikeun warta gumbira ka jalma-jalma nu taat ka Allah.”

 

Ceuk sesepuh Majlis Ta’lim Baitun Nidzom Cihanjuang Kabupaten Bandung Barat, KH Syihabuddin Mahmud, ibadah kurban lain wae minangka kagiatan nu sakral. Di sagedengeun wujud taat ngalaksanakeun parentah-Na, ibadah kurban ge ngandung harti prinsip perjoangan jeung pangorbanan.

 

Aweuhan ibadah kurban boga hikmah lenyepaneun kana ajen sosio-humanis katut atikan pikeun umat.

 

“Tina peristiwa agung kaihlasan Nabi Ibrahim As pikeun meuncit anakna, Nabi Ismail As, eta mibanda rupaning hikmah jeung ibroh nu kalintang gede ajenna pikeun lenyepaneun sarta katuladanan keur keur sakumna umat manusa,” pokna.

 

Hikmah tina ibadah kurban teh antarana nyaeta masrahkeun rasa cinta ukur ka Allah Swt, sabab rohmat Gusti nu ngocor kana kahirupan manusa teh estu teu kaitung jumlahna. Kurban jadi bentuk ekspresi rasa cinta ka Allah Swt, sakumaha firman-Na dina Surah Al Kautsar ayat 1-2 : “Saestuna Kami geus maparin karunia nu kalintang gedena ka aranjeun, ku kituna masing solat keur Gusti anjeun katut meuncit kurban.”

 

Tah, sato kurban nu dipeuncit teh bakal jadi saksi amal ibadah dina engke poean ahir. Sato nu dikurbankeun tea baris ngawujud jadi amal kahadean nu nyalametkeun nu kurban dina poean kiamat.

 

Satuluyna KH Syihabuddin Mahmud ngeceskeun, ibadah kurban ge mibanda hikmah pikeun ngorbankeun atawa ngaleupaskeun pasipatan egois, sikep mentingkeun diri sorangan, hawek sarta sarakah. Eta pangorbanan teh bari didarengan ku sikep kacinta ka Allah Swt, nu dilarapkeun dina bentuk solidaritas sosial.

 

“Tuladan paling mulya ngeunaan kacinta ka Allah Swt teh sakumaha nu ditembongkeun ku Nabi Ibrahim lagu taat kana parentah meuncit anakna,” ceuk KH Syihabuddin Mahmud nu oge rengrengan Pengurus Ranting Nahdlatul Ulama (PRNU) Desa Cihanjuang.

 

Anapon hikmah sejenna, parentah kurban teh parentah pikeun nu mampuh nu boga rijki leuwih tur ngabagikeun dagingna keur kaom miskin atawa duafa. Eta teh minangka bentuk komunikasi sosial pikeun silibabantu, ngabagjakeun, tur silibabagi kani’matan dina Idul Adha. “Sikep silitulung papada anggota masarakat, baris ngurangan genjlongna kaayaan sosial katut ngajaga hubungan kaharmonisan papada warga,” pokna. *