• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Sabtu, 20 April 2024

Khutbah

Khutbah Jumat

Khutbah Jumat Basa Sunda Bulan Rajab: Adab-Adaban Solat jeung Hikmahna

Khutbah Jumat Basa Sunda Bulan Rajab: Adab-Adaban Solat jeung Hikmahna
(Ilustrasi: NUO).
(Ilustrasi: NUO).

KHUTBAH I

 

الحمدلله الّذي أعظَمَ على عبادهِ الْمِنَّةَ والحكمةَ وجعلَ في جميعِ أفْعَالِهِ مِنَ الْمَنَا فعِ الْكثِيرَةِ الَّتِي لَا يَفهَمُهَا إلَّا ذَوُالبَصِيرَةِ الصَّحِيْحَةِ أشهد أن لااله الّا اللّه وحده لآشريك له و أشهد أنّ محمّدا عبده ورسوله أَلْمُؤَيَّدُ بِاالْمُعْجِزَةِ وأصلّى وأسلّم على سيّدنا محمّدٍ قَاءِدِ الخَلقِ إلى السّلامةِ و على اله وأصحابه ذَوِالْهِدَايَةِ و مُحْيِى الْكِتَابِ والسُّنَّةِ فيا أيُّهَاالنَّاس إتَّقُ اللّه حقَّ تُقَاتِهِ تَفُوزُو بِا المَغفرةِ والرَّحْمَةِ وافْعَلُو الْمَؤْمُورَاةِ واتْرُكُواالْمَنْهِيَّاتِ كَيْ تَفُوزُوا فِى الدُّنْيَا والاخرة وَإذا قَرَأتَ الْقُرْأَن فَا سْتَعِذْ بِا اللّه من الشّيطان الرّجِيم

قَدْ اَفْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ ۙ - ١ الَّذِيْنَ هُمْ فِيْ صَلٰو تِهِمْ خَاشِعُوْنَ - ٢ وَالَّذِيْنَ هُمْ عَنِ اللَّغْوِ مُعْرِضُوْنَ ۙ - ٣ وَالَّذِيْنَ هُمْ لِلزَّكٰوةِ فَاعِلُوْنَ ۙ

 

Para hadirin sadaya.

 

Sadaya puji disanggakeun ka hadirot Allah SWT, rohmat sareng salam kawilujengan mugi diwuwuhkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw, para kulawargi, para sahabat sareng umatna dugi ka poe kiamah.

 

Para hadirin sadaya 

 

Upami nitenan kana kautamaan rupi-rupi ibadah ka Allah, telela pisan yen solat teh mangrupi ibadah anu pangpentingna sareng pangageung hikmahna saparantos maca syahadat. Geura mangga lenyepan padawuh Allah anu kieu unggelna : 

 

اُتْلُ مَآ اُوْحِيَ اِلَيْكَ مِنَ الْكِتٰبِ وَاَقِمِ الصَّلٰوةَۗ اِنَّ الصَّلٰوةَ تَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِ ۗوَلَذِكْرُ اللّٰهِ اَكْبَرُ ۗوَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْن

 

“Baca ku andika (Muhammad) naon-naon anu diwahyukeun ka andika tina alkitab (Qur'an) jeung lakonan solat. Saestuna ngalakonan solat teh matak nyegah tina ngalakonan pagawean anu goring (Dosa) jeung anu munkar (Dilarang). Jeung ari dikir (tegesna eling) ka Allah eta teh ganjarana panggedena. Jeung Allah teh Mahauninga kana sakabeh pagawean maraneh.” (Al Ankabut ayat 45)

 

Para hadirin sadaya.

 

Maksud ieu ayat numutkeun tafsiran Ibnu Mas’ud jeng Ibnu Abbas r.a mah kieu, “Yen Solat anu pangaruhna matak ninggalkeun pagawean anu awon teh nyaeta anu solatna disarengan ku hate anu khusyu’, hate anu gembleng inget ka Allah, sarta sadar yen manehna keur ngadeuheus ka Allah, bari depe-depe ka Allah, sarta ngaraos yen manehna keur munajat, sarta ditingali ku Allah, Zat anu Maha agung. Sedengkeun solat anu henteu kitu mah moal matak nimbulkeun pangaruh anu kitu, tukang doraka tetep ngalakukeun doraka.

 

Pidawuh Nabi Muhammad Saw :

 

من لم تَنْهَهُ صَلَاتُهُ عن الفَحْشَاءِ وَالمنكرِ لم يَزْدَدْ من اللّهِ إلّا بُعْدًا

 

Sing saha jalma anu solatna henteu matak nyegah tina pagawean anu matak dosa jeung munkar, maka eta jalma teh tambah jauh tina rohmat Allah” (Riwayat Thobroni)

 

Ku margi kitu, solat teh janten tihang agama. Kuat atwa henteuna nyekel agama gumantung kana solatna, sakumaha pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw. :

 

الصلاة عماد الدين، فمن أقامها فقد أقام الدين ومن تركها فقد هدم الدين

 

Ari solat teh tihang agama. Saha jalma anu ngalakonan solat, mangka eta jalma the nangtungkeun agamana jeung saha jalma ninggalkeun solat, maka eta jalma ngarugrugkeun agamana.” (Riwayat Baihaqi)

 

Malah di akherat oge anu pangpayunna diparios teh ngeunaan solat pisan, sakumaha pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw :

أول ما افترض الله تعالى على أمتي الصلوات الخمس، وأول ما يرفع من أعمالهم الصلوات الخمس، وأول ما يسألون عن الصلوات الخمس

 

Anu pangheulana diwajibkeun ku Allah ka umat kaula, nyaeta ngalakonan solat lima waktu. Amal-amalan umat kaula anu pangheulana diangkat (kalangit), solat lima waktu. Amal-amalan umat kaula anu pangheulana bakal dipariksa teh nyaeta solat lima waktu keneh. “ (Riwayat Al Hakim)

 

Para hadirin sadaya

 

Sajaba ti eta ciri wanci anu eces pisan ngabedakeun antara jalma muslim jeung anu kafir oge ku ngalakonan solat, da pagawean sanesna mah ampir sami antara muslim sareng kafir teh.
Kumargi kitu ibadah solat teh perlu dimumule anu sasae-saena, ulah dilalaworakeun, sanaos repot sakumaha repotna oge, satungtung sanes daruratmah. Sakumaha pidawuh Nabi Saw :

 

ما من امرئ مسلم يحضره صلاة مكتوبة، فيحسن وضوءها وخشوعها وركوعها، إلا كانت له كفارة لما قبلها من الذنوب، ما لم يأت كبيرة و ذلك الدهر كله

 

Teu pati pati aya jalma muslim anu nyanghareupan waktu solat fardu terus manehna wudu anu sampurna, solatna bari khusyu’ (henteu malaweung), ruku’ jeung sujudna beres, anging eta solatna teh bakal jadi kafarat (panglebur) kana dosana anu geus kaliwat, satungtung henteu ngalakonan dosa gede ( ari dosa gedemah bisa leburna ngan ku tobat anu nasuha / nyumponan pasaratanana ). Tah eta kitu teh tina salilana jaman.” (Riwayat Muslim)

 

Para hadirin sadaya 

 

Ngalakonan solat fardu teh sajabi ti hikmah anu kasebat tadi anu sakitu pentingna, ngandung deui hikmah ngeunaan kasehatan rohani katut jasmani jeung kamajengan kabudayaan anu rongkah pisan, margi ngalakonan solat teh ngandung hartos deui kana:

 
  1. Ngawajibkeun ka urang kedah ngartos kana masalah cai anu najis sareng anu suci, anu matak nyegerkeun badan sareng anu henteu. Etateh aya bentena; 
  2. Ngawajibkeun nutup orat badan. Eta ngandung hartos kana wajibna ngadegkeun pabrik tinun ka umat Islam, margi kalebet kana kaedah “Sakur perkara anu nyampurnakeun kana pagawean wajib, mangka eta perkara teh wajib deui.” Nyakitu deui fardu kifayah tiasa ngaput/ngajait anggoan oge;
  3. Ngawajibkeun mayun ka kiblat, ngandung hartos wajibna ngartos kana elmu bumi;
  4. Ngawajibkeun solat bari ngadeg, ruku’ jeung sujud, ngandung hartos diwajibkeun ka umat Islam ngartos kana elmu kasehatan;
  5. Ngawajibkeun solat dina waktosna, ngandung hartos diwajibkeun ka umat Islam ngartos kana elmu falak;
  6. Dianjurkeun solat di masjid, ngandung hartos diwajibkeun ngartos kana elmu teknologi, sareng hikmah sanesna anu seueur pisan mangpaatna.
 

Tah ieu rupi-rupi elmu teh hukum fardu kifayah nyiarna ka sakumna umat Islam. Upami urang nyiar eta elmu sarta diniatan pikeun nyumponan piwarangan Allah, tinangtu kenging ganjaran dunya akherat. Ku ayana kitu, upami kaum muslimin leres-leres ngartos kana hukum Islam sarta ngartos deui kana hikmahna sareng rajin ngamalkeunana, tangtu kaum muslimin teh bakal jadi kaum anu maju sapertos kaum muslimin di jaman kajayaan Islam kapungkur.

 

Para hadirin sadaya 

 

Tadi parantos diterangkeun, yen titik sentral anu utama dina ngahontal hikmah solat anu sakitu agungna, sajaba ti kedah nyumponan kana sarat sareng rukunna, ditambih kedah khusyu’ . Sakumaha pidawuh Allah :

 

قَدْ اَفْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ الَّذِيْنَ هُمْ فِيْ صَلٰو تِهِمْ خَاشِعُوْنَ

 

Pasti bakal bagja jalma mu’min anu ngalakonan solatna bari khusyu’.” ( QS. Al Mu’minun 1-2)

 

Ari ngalakonan solat bari khusyu’ teh sakumaha anu diterangkeun dina kitab tafsir Ruhul Bayan juz Vl kaca 67, Ashowi juz lll kaca 93, nyaeta kieu:

 

Ari khusyu’ teh ngawengku kana dua rupa, nyaeta lahir jeung batin. Ari khusyu’ lahir, nyaeta solat anu nyumponan kana sarat, rukun katut sunat sunatna, saperti : bandanna tenang, henteu sambarangan gerak atawa usik, sirahna tungkul, ningali atawa neuteup kana tempat sujud jeung sajabana. Ari Khusyu’ batin, nyaeta hatena salawasna inget ka Gusti Allah, ngaraos keur munajat atawa ngadeuheus ka Zat anu salamina ningali, sarta mohonkeun kana urusan sejenna tina rupa-rupa pagawean dunya.”

 

Para hadirin sadaya

 

Tah solat anu kitu anu ngandung hikmah anu pohara seueurna the, kahijina matak ngagaduhan hate anu tenang dina mayunan sagala kajadian oge.

 

Sawangsulna solat anu henteu khusyu’, henteu matak ngahasilkeun kana hikmah anu kasebat tadi, malah henteu matak nyegah kana midamel kama’ saitan, padahal sok solat.

 

Dawuhna kanjeng Nabi Muhammad Saw :

 

كَمْ مِنْ قَائِمٍ حَظُّهُ مِنْ صَلاَتِهِ التَّعَبُ وَالنَّصَبُ

 

Mangpirang-pirang jalma anu solat, anu ngan sakadar meunang kacape bae hasilna teh.” (Riwayat Ibnu majah jeung Nasa-i)

 

Akhirna, Mangga urang sasarengan ngaronjatkeun katakwaan ka Allah Swt., ngamumule kana solat ku cara satekah polah, meunngpeung masih keneh dipasihan umur. Kalawan muntang kana hidayah sareng taufik Allah Swt.

 

بارك الله لى ولكم بِاالْأٰيَاتِ والذِّكْرِ الحكيم وتقبّل منّى ومنكم تلاوته إنّه هو السّميع العليم وقُلْ ربِّ إغْفِر وَارْحَمْ و أنت خيرُ الرَّاحِمِينَ

 

KHUTBAH II

 

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوا اللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

 

Sumber: Kumpulan Khutbah Jumat Ku Basa Sunda KH Moch Anwar 


Khutbah Terbaru