• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 26 April 2024

Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Kasampurnaan Islam (2)

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Kasampurnaan Islam (2)
Khutbah jumat berbahasa Sunda (Ilustrasi: NU Online)
Khutbah jumat berbahasa Sunda (Ilustrasi: NU Online)

Oleh KH Moch Anwar

Khutbah I

 

اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ ﷲِ وَبَرَكَاتُهْ
اَلْحَمْدُ ﷲِ عَلَى نِعْمَةِ الْإِيْمَانِ وَالْإِسْلَامِ نِعْمَةً جَزِيْلَةً عَلَى الدَّوَامِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّاﷲُ الْمَلِكُ الْكَرِيْمُ اَلْمُنَزَّهُ عَنْ دَعْوَةِ عِبَادِ الْأَصْنَامْ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ ذُوْالْمُعْجِزَةِ الدَّائِمَةِ إِلٰى أٰخِرِالْأَيَّامِ. وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى سَيِّدِنَا وَمَوْلَنَا مُحَمَّدٍ خَيْرِ خَلْقِ ﷲِ فِى الْجِسْمِ وَالْمَقَامِ. وَعَلٰى أٰلِهٖ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ جَاهَدُوْا فِى سَبِيْلِ ﷲِ بِشَيْفِ الْمُجَا هَدَةِ بِالْحِكْمَةِ وَالْكَلَامِ. فَيَاأَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ ﷲُ أُصِيْكُمْ بِتَقْوَى ﷲِ وَطَاعَتِهٖ وَاجْتِنَابُ الْأٰثَامِ.
أَعُوْذُ بِاﷲِ السَّمِيْعِ الْعَلِيْمِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. فَأَمَّا مَنْ أَعْطٰى وَاتَّقٰى. وَصَدَّقَ بِالْحُسْنٰى. فَسَنُيَسِّرُهٗ لِلْيُسْرٰى. وَأَمَا مَنْ بَخِلَ وَاسْتَغْنٰى. وَكَذَّبَ بِالْحُسْنٰى. فَسَنُيَسِّرُهٗ لِلْعُسْرٰى

 

Sakumaha anu parantos jadi kayakinan urang sadaya, yen agama Islam teh agama anu lempeng anu pinuh ku kaadilan dina sagala aturanana. Agama salian Islam aya anu ngaku pangeranna kana kai, batu, kueh, panonpoe, oge mangeran ka bapa, ibu jeung kapercayaan sejenna. Sedengkeun agama Islam mah marentahkeunana teh ngan ka Pangeran Anu Nunggal, Nyalira, teu ibuan, teu ramaan, teu putraan, malah henteu aya anu nyarupaan ka Mantenna ti saantero anu kumelip di alam dunya oge. Jadi, umat Islam mah sumujudna ka Pangeran teh henteu bade bengkok sembah, ngijing sila, estu bade manutan sumujud ka Allah swt. wungkul.

Dawuhan Allah:


    قُل هُوَاللَّهُ اَحَدٌ.اَلَّلهُ الصَّمَدُ.لَمْ يَلِدْوَلَمْ يُوْلَدْوَلَمْ يَكُنْ لَهُ كُفُوًااَحَدٌ

Hartosna: “bejakeun ku andika Muhammad! Yen Allah teh ngan sahiji (Esa). Allah tempat nyuhunkeun. Anjeunna henteu ngalahirkeun jeung henteu dilahirkeun jeung henteu aya hiji perkara oge anu nyarupaan ka Mantenna.”

Para hadirin sadaya,

Sanajan Zat Allah teh gaib, tegesna henteu tiasa dirasa ku pancaindra, henteu tiasa katingal ku panon, tapi lamun hate urang keur tenang, terus tafakur mikaemut ka Allah, mikacinta ka Mantenna, mikaajrih, tidinya sok jorojoy bae aya hate anu pinuh ku kayakinan, gilig kana ayana Allah kalawan hate nu buleud. Tah nu kitu teh disebutna: ma'rifat tea. Iman anu kitu anu bakal nyaanyan kana hate sarta ngaluskeun kana ibadah urang, ngaluskeun kana budi pekerti urang, ciri jalma bakal bagja.

Sajaba ti eta, kakuatan iman teh matak nenangkeun kana hate nalika nyanghareupan rupa-rupa kajadian, kasusah, kasieun kamelang, katut kariweuhan sejenna. Tah eta katenangan teh pohara pentingna, da sanajan lubak-libuk loba harta-banda oge upama hate henteu tenang mah moal karaos ni'matna barang dahar, tibrana sare sareng sajabina. Komo dina jaman ayeuna mah jaman kamajuan, jaman paloba-loba harta malah teu kurang kurang jalma anu dina ngarah harta bandana teh nepi ka maling. ngarampog, ngajamret nanaon, poho kana jalan bener, upama hate urang henteu didadasaran ku kakuatan iman, tinangtu kagoncang an hate moal bisa kabendung anu temahna matak nyilakakeun Sangkan iman urang kuat jeung hate tenang, nya cta kudu nyeueur keun dikir, eling ka Gusti Allah, sangkan hate urang dieusian Nur llahi ku Mantenna.

Pidawuh-Na:


اَلاَبِذِكْرِاللَّهِ تَطْحَئِنُّ الْقُلُوْبُ

Hartosna: "Sing aringet! Yen ku ayana dikir ka Allah teh hate- hate jalma bakul tarenang" (Q.S Ro'du 28).

Para hadirin sadaya,

Nya kitu deui sadaya pangaturan Allah mah maha sampurna, pinuh ku hikmat anu pobara pentingna lamun urang nalungtik kana jero-jerona. Contona saperti tina hal solat atawa bakti ka Pangeran. Carana ngatur ibadah/bakti ka Pangeran dina agama salian Islam, rupa-rupa:

1. aya anu kudu bari ninggalkeun sakabeh kabutuhan dunya, nya eta mujasmedi, bari moc maneh di tengah-tengah padataran anu lega nepi ka maot.

2. aya deui anu nganggap cukup saminggu sakali bae jeung jah ti eta.

Tapi agama Islam mah make jalan tengah, nya eta lima kali sapo sapeuting, kalawan cukup ku make pakean anu beresih, rapi, Dina soal haliyah dunya oge mangrupa-rupa, nya eta:

1. aya nu ngalarang ka panganutna ngabogaan hak milik pribadi, sagala kakayaan kudu jadi hak sarerea:

2. aya anu ngameunangkeun ngabogaan hak nmilik saloba-lobana bari ngagencet ka baturna, kajcun batur nepi ka sanga jeung rea-rea deui cara sejenna.

Ari agama Islam mah ngawajibkeun ka umatna pikeun neang an haliyah dunya teh make jalan anu halal, anu henteu matak ngaruksak atawa ngarugikeun ka batur, boh ku ngabohong, nipu. ngarenten jeung jaba ti eta. Ari neangan haliyah dunya ku jalan anu halal teh kaasup kana fisabilillah, sakumaha dawuhan K.N. Muhammad. Saw:


مَنْ طَلَبَ الدُّنْيَاحَلاَلاًوَتَعَفُّفًاعَنِ الْمَسْأَلَةِوَسَعْيًاعَلَ عِيَالِهِ وتَعَطُّفًاعَلَ جَرِهِ لَقِيَ اللَّهَ وَوَجْهُهُ كَالْقَمَرِلَيْلَةَالْبَدْرِ

Hartosna: "Saha jalma anu neangan harta anu hala! Karana ngajaga diri tina baramaen, pikeun nyumponan panga- butuh kulawarga jeung mikanyaah ka tatangga, mangka eta jalma teh jagana bakal madep ka Gusti Allah bari beungeutna lir ibarat bulan purnama. (R.Abu Nu'em jeung Baihaki).”

Dawuhan Allah:


وَكَذَلِكَ جَعَلْنَاكُمْ اُمَّةًوسَطًالِتَكُوْنُوْسُهَدَاءَعَلَ النَّاسِ وَيَكُوْنَ الرَّسُوْلُ عَلَيْكُمْ شَهِيْدًا

Hartosna:"Kaula geus ngadamel ka maraneh fadi umat per tengahan, supaya maraneh nyakslan kana talajakna sakabeh jalma jeung ayana Rosul supaya jadi saksi ka maraneh."

Para hadirin sadaya,

Dina perkara kamasarakatan oge rupa-rupa, aya agama anu kieu carana: ngadidik umatna kana jalan ibadah/bakti ka Pangeran jeung ahlakna, tapi henteu ngatur cara-cara anu patali jeung urusan ekonomi atawa kanagaraan mah. Kitu lolobana ajaran agama sejen, lian Islam. Tapi agama Islam mah ngatur sugrining kabutuh manusa, sajaba ti urusan ibadah ka Pangeran teh, ngatur deui soal-soal anu patali jeung kahirupan manusa, soal neangan harta, soal kaschatan, soal kanmanan, soal katentaraan (pertahanan nagara), katut soal anu patali jeung ngurus ngatur nagara nanaon. Pendekna sagala elmu oge aya kumplit.

Dawuhan Allah:

مَافَرَّطْنَافِى الْكِتَابِ مِنْ شَيْئٍ

Hartosna: "Kaula henteu ninggalkeun hiji perkara oge dinaKitab teh."

Para hadirin sadaya,

Tah ku sabab kitu, urang sadaya ngagaduhan kawajiban anu mutlak, nya eta:

1. kudu pengkuh dina kaislaman, tegesna ulah aya hate mang mang kana kasampurnaan Islam sarta nekadkeun yen Jamun urang ngamalkeun kana ajaran Islam, pasti bakal bagja dunya aherat;

2. nyebarkeun ajaran Islam ka sakumna manusa nurutkeun kakuatan urang iraha bae dimana aya luang, boh ku lisan atawa nyontoan ku tingkah laku anu hade, komo ka kulawarga di imah urang mah.

Dawuhan Allah:


اُدْعُ اِلىَ سَبِيْلِ رَبِّكَ بِل حِكْمَةِوَالْمَوْعِظَةِالْحَسَنَةِوَجَادِلْحُمْ بِالَّتِى هِيَ احْسَنُ

Hartosna: “kudu ngajak maneh kana jalan Allah ku cara hikmah (nya eta mere elmu anu diamalkeun), nasehat anu hade jeung pek tuker pikiran (sawala) jeung maranehna ku cara anu hade deui.” (Q.S Nahli:125).


باَرَكَ اللَّهُ لِى وَلَكُمْ بِالاْاَيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَاللسَّمِيْعُ الْعَلِمُ وَقُل رَبِّ اغْفِرْوَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُالرَّحِمِيْنَ 

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى أُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ألِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ، وَأَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ اْلقُرْآنِ الْكَرِيْمِ: يَاأَيُّهَا النَّاسُ اعْبُدُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ وَالَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، وَقاَلَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: اتَّقِ اللَّهِ حَيْثُمَا كُنْتَ وَأَتْبِعْ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ. صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ النَّبِيُّ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشَّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ


Khutbah Terbaru