• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 19 April 2024

Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Hikmah Iman ka Allah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Hikmah Iman ka Allah
khutbah jumat
khutbah jumat

Oleh Moch. Anwar

Khutbah I

اَسَّلاَمُ عَلَيْكٌمْ وَرَحْمَةُاللهِ وَبَرَكَاتُهُ 
اَلْحَمْدُوْالِلهِ الْمَوْصُوْفِ بِاصِفَاتِ الْكَمَ لاَتِ الْمُنَزَّهِ عَنْ سِمَاتِ الْحُدُوْثِ وَالْكَيْفِيَّاتِ اَشْهَدُاَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ الَغَنِيُّ عَنْ جَمِيْعِ الْمَخْلُوْقَاتِ الْمُفْتَقِرُّاِلَيْهِ جَمِيْعُ الْكَائِنَاتِ وَشْهَدُاَنَّ مُهَمَّدًاعَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَلْمُنْقِذُ مِنْ جَمِيْعِ الْخَطَايَاوَاضَّلاَلاَتِ وَاُصَلِّيْ وَاُسَلِّمُ عَلَى سَيْدِنَامُهَمَّدٍصَاحِبِ الْحَوْضِ وَالشَّفَاعَاتِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ الْفَائِزِيْنَ بِاَنْوَاعِ الْخَيْرَاتِ فَيَاعِبَادَاللهِ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فِيْ جَمِيْعِ اْلاَحْوَالِ وَلْحَرَكَاتِ اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ يَاَيُّهَاالنَّاسُ اعْبُدُوْارَبَّكُمُ الَّذِىْ خَلَقَكُمْ وَالَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ.(البقرة.21)

Para hadirin sadaya,
Sadaya puji disanggakeun ka hadirot Allah SWT. Solawat sinareng salam kabagjaan mugia diwuwuhkeun ka jungjunan urang Nabi Muhammad saw., para kulawarga, para sahabat, sinareng panganutna dugi ka poe kiamah.

Para hadirin sadaya,

Upami urang nuju nyorangan kari-kari kenging bahaya atawa kacilakaan anu teu tiasa ditolak ku sorangan, milari nu geusan nulungan teu aya, kalayan spontan hate urang ngajerit ka Zat Anu Maha Kuasa neneda pitulungna.

Ngeunaan Zat anu kawasa beda-beda kapercayaan jalmi teh, aya anu nyangka ka karuhunna anu parantos maot, ka dedemit, kana berhala jeung rea-rea deui kapercayaanana, anu dianggap pangeranna.

Para hadirin sadaya,
Tah ku margi kitu, Allah SWT ngutus para Rasul-Na geusan masihan terang ka sakumna manusa ngeunaan Zat Anu Maha Kawasa tea. Nya jenenganana: Allah, anu parantos ngadamel urang sadayana alam. Dupi para Rasulullah nampina elmuna langsung ti Gusti Allah kalawan perantawisan Malaikat Jibril. Gusti Allah the sanes mung sakadar Maha Kawasa, tapi Maha Sampurna sagala-galana, elmu-Na, uninga-Na, ningali-Na, ngadangu-Na, ngersakeuna-Na kana sagala rupa anu tumiba ka sadaya mahluk-Na.

Pikeun nganyahokeun kaayaan Allah, Tuhan Anu Maha Esa tea, urang sadaya teu cukup ku nekadkeun ayana wungkul tapi kudu ngarti kana elmuna anu husus, nya eta elmu ‘akoidul iman kalawan dalil-dalil anu kumplit, nurutkeun akal sinareng ayat-ayat AlQur’an, anu di antarana nya eta:

وَاِلَهُكُمْ اِلَهٌ وَّاحِدٌلاَاِلَهَ اِلاَّهُوَالرَّحْمَنُ الرَّحِيْمُ.(البقره.123)

Hartosna: “Ari Tuhan maraneh the nya eta Tuhan Anu Sahiji/Esa Anu Nunggal, teu aya deui Pangeran sajaba ti Mantenna. Mantenna Anu Maha Murah tur Maha Welas Asih.” (Q.S Al-Baqarah:163).

Sareng dawuhana-Na:

اَللهُ لاَاِلَهَ اِلاَّهُوَالْحَيُّ الْقَيُّوْمُ.لاَتَأْخُذُهُسِنَةٌوَّلاَنَوْمٌ.لَهُمَافِى السَّمَوَتِ وَمَافِى اْلاَرْضِ.مَنْ ذَاالَّذِيْ يَشْفَعُ عِنْدَهُ اِلاَّبِاِذْنِهِ.(البقرْ.255)

Hartosna: “Allah teu aya deui Pangeran sajabi ti Mantenna , Anu Jumeneng sarta jumeneng ku anjeun. Anjeuna tara nundutan sumawonna sare mah. Kagungan Anjeuna sadaya langit  sareng bumi. Teu aya anu tiasa ngabela di sagigireunana, salian jalma anu kenging widi ti mantenna.” (Q.S. Al-Baqarah:255).

Sareng dawuhana-Na:

قُلْ هُوَاللهُ اَحَدٌ.اللهُ الصَّمَدُ.لَمْ يَلِدْ.وَلَمْ يَكٌنْ لَّهُ كُفُوًااَحَدٌ.(الاخلاص1-4).

Hartosna: “Ucapkeun ku andika Muhammad! Yen Allah the nyalira (Esa). Allah teh tempat nyuhunkeun. Mantenna henteu putraan sareng teu dilahirkeun (tegesna teu ibuan teu ramaan) jeung teu aya saurang oge anu nyarupaan ka Mantenna.” (Q.S Al-Ikhlas: 4-1).

Para hadirin sadaya,
Tah ku margi ktiu, urang sadaya diwajibkeun nyembah, ngabakti ka Mantenna pikeun nyukuran kana sagala ni’mat karunia-Na.

Dawuhan Allah:

يَاَيُّهَاالنَّاسُ اعْبُدُوارَبَّكُمُ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكٌمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ.(البقره 21).

Hartosna: “He sakabeh manusa! Kudu nyarembah maraneh kabeh ka Pangeran maneh, nyeta Zat anu geus ngadamel ka maraneh katut ka manusa samemeh maraneh jadi jalma anu takwa.” Q.S Al-Baqarah: 21).

Sareng dawuhana-Na:

فَاذْكُرُوْنِي اَذْكُرْكُمْ وَاسْكُرُوْالِى وَلاَتَكْفُرُوْنِ.(البقره 152).

Hartosna: “kudu areling maraneh kabeh ka kaula, tangtu Kaula eling (mere ganjaran) ka maraneh jeung kudu sukuran maraneh kana ni’mat ti kaula, ulah rek kufur ka Kaula.” (Q.S Baqarah:152).

Para hadirin sadaya!
Perlu di emutkeun yen di mana wae urang aya jeung keur naon bae, tetep diwajibkeun ibadah ka Allah, sakumaha dawuhanna-Na:

وَلِلهِ الْمَشْرِقُ وَالْمَغْرِبُ فَاَيْنَمَاتُوَلُّوْافَثَمَّ وَجْهُ اللهِ اِنَّ اللهَ واسِعٌ عَلِيْمٌ.(البقره 115).

Hartosna: “Kagungan Allah beulahan wetan jeung kulon oge, dimana bae maraneh rek nyembah ka Allah, didinya maraneh bisa/meunang nyembahna. Saestuna Gusti Allah teh Maha jembar (kauningana, kakawasaannana, rohmatna sareng sajabina), sareng Maha uninga (kana sagala perkara anu gede anu leutik jeung dimana bae ayana kalawan sakaligus, henteu sawareh-sawareh).” (Q.S Al-Baqarah: 115).

Para hadirin sadaya,
Ku ayana ayat-ayat tadi netelakeun yen kawajiban manusa teh nya eta iman serta eling ka Allah sareng ngalakonan ibadah, nya eta ngalakonan sakabeh parentahna sareng ninggalkeun cegahanana, henteu cukup eling wungkul bari teu ibadah, atawa ibadah wungkul teu iman, sebab iman jeung eling mah tugas batin /hate, ari ibadah mah tugas anggahota lahir. Tapi sanajan kitu, memang anu pangpentingna mah iman sarta eling atawa dikir ka Allah, sebab eta mah ngarupakeun dasar/pundamen jiwa Tohaga jeung henteuna jiwa urang, gumantung kana iman.

Dawuhan Allah:

وَلَذِكْرُاللهِ اَكْبَرُ.

Hartosna: “Eling/dikir ka Allah teh pangunggulna ganjaranna.”
Jeung kuat atawa henteuna iman urang, gumantung kana sering atawa saetikna dikir. Ku margi kitu urang sadaya diparentah ku Kanjeng Nabi saw. Supaya nguatan iman ku nyeueurkeun maca: Lailaha ilaaha illalloh.

جَدِّدُوْاايْمَانَكُمْ بِلاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ.(رواه أحمدوالحاكم).

Hartosna: “Maraneh kudu nguatkeun iman, nya eta ku maca: Lailaha ilaaha illalloh.”

Jeung dei cirina jalma anu mikacinta ka Allah ku nyeueurkeun dikir, sebab saur sapalih ulama:

مَنْ اَحَبَبَّ شَيْئًااَكْشَرَمِنْ ذِكْرِهِ.

Hartosna: ”Saha jalma anu mikaresep kana hiji perkara, sok sering nyebutna.”

Para hadirin sadaya,
Ku seueurna dikir ka Allah sajabi ti ganjaranana pohara unggulna, katambih hikmahna pohara ageungna, nya eta matak tenang hate. Sedengkeun katenangan hate teh pohara pentingna pikeun hirup kumbuh urang sadaya. Ku ayana hate anu tenang, digawe tiasa sukses, hasilna hade, nyangharepan kajadian anu kumaha bae, boh kasieun, kapaur, kasusah, kahariwang, kabingung jeung sajabana, tinangtu bakal tabah. Katenangan hate jadi sabab kana ni’matna barang dahar, sareung jeung sajabana. Dimana hate henteu tenang, dahar teu ni’mat, sarena oge teu tibra. Dimana jalma teu ni’mat dahar, teu tibra sare, cirina bakal tereh kaserang panyakit.

Pidawuh Allah:

اَلاَبِذِكْرِاللهِ تَطْمَئِنُّ الْقُلُوْبْ.(الرعد 28).

Hartosna: “Cing aringet! Yen ku ayana dikir/eling ka Allah  hate teh jadi tenang.”

Para hadirin sadaya,
Tah eta teh sabagian tina hikmahna iman sareng dikir ka Allah anu di barengan ku ibadah lahiriah. Ari hikmah atawa ganjaran anu pangunggulna nya eta aya di aherat, ari di dunya mah ibarat papacal keneh upama diibaratkeun kana pepelakan mah.

Para hadirin sadaya,
Secara ringkes poko-poko ni’mat di aherat the kieu:
Allah teh ngadamel 100 rohmat, anu 99 disadiakeun keur ahli sawarga jaga di aherat, anu 1 rohmat dibagikeun ka sakumna mahluk ayeuna di dunya.

Dawuhan Kanjeng Nabi saw.:

اِنَّ اللهَ تَعَالَى خَلَقَوالرَّحْمَةَيَوْمَ خَلَقَهَامِائَةَرَحْمَةٍفَاَمْسَكَ عِنْدَهُ تِسْعًاوَتِسْعِيْنَ رَحْمَةًوَاَرْسَلَ ِفخَلقِهِ كُلِّهِمْ رَحْمَةًوَاحِدَةً.(رواهالبخارى ومسلم).

Hartosna: "Saestuna Gusti Allah teh ngadamel 100 rohmat, dina poean ngadamelna. Anu 99 rohmat ditahan ku Mantenna keur ahli sawarga jaga, anu 1 rohmat dibagikeun ka sadaya mahluk-Na di dunya .” (H.R Bukhori, Muslim)

Ari ahli sawarga tina 1000 urang, ngan saurang, anu 999 urang deui calon ahli neraka, sakumaha dawuhan Allah ka Kanjeng Nabi Adam jaga di alam Mahsyar:

فَيَقُوْلُ اللهُ اَخْرِجْ مِنْ كُلِّ اَلْفٍ تِسْعَمِائَةٍوَتِسْعَةًوَتِسْعِيْنَ. الخ اخرجه مسلم

Hartosna: “Kaluarkeun keur ahli naraka tina 1000 urang, ya eta 999 urang.”(Tafsir Showy juz II: 427 Riwayat Muslim).

Para hadirin sadaya,
Jadi upama ku urang diitung, kani’matan sawarga teh 99x999 ni’mat=98.901 kali kani’matan dunya. Manga ciptakeun pisakumahaeun teuing hebatna kani’matan sawarga teh.

Kumargi kitu moal bisa kabayangkeun ku urang  kumaha kani’matan, Gusti Allah parantos ngadawuh ngeunaan kani’matan sawarga teh anu kieu dawuhanana:

وَفِيْهَامَاتَسْتَهِيْهِ اْلاَنْفُسُ وَتَلذُّاْلاَعْيُنُ وَاَنْتُمْ فِيْهَاخَلِدُوْنَ.(الزخرفى 71).

Hartosna: “Di sawarga teh disayagikeun sakur perkara anu dipikahayang jeung sagala rupa anu sedep ditingalina. Jeung maraneh langgeng di sawargana teh. (Q.S Zukhruf: 71).

Sawangsulna ngeunaan siksaan dina naraka, sakumaha dawuhan Allah:

اِنَّ شَجَرَتَ الزَّقُّوْمِ.طَعَامُ اْلاَثِيْمِ.كَالْمُهْلِ يَغْلِىْ فِى الْبُطُوْنِ.كَغَلِى الْحَمِيْمِ.خُذُوْهُ فَاعْتِلُوهُ اِلَى سِوَاءِالْجَحِيْمِ.ثُمَّ صُبُّوْافَوْقَ رَأْسِهِ مِنْ عَذَابِ الْحَمِيْمِ.(الدخان 43-48).

Hartosna: “Saestuna kai zakum teh kadaharan ahli ma’siat. Kai zakum teh saperti gegedoh minyak anu ngagolak dina jero beuteung ahli naraka, saperti ngagolakna cai panas. (Dawuhan Allah) Tarewak he Malaikat eta jelema teh terus bantingkeun ka tengah-tengah seuneu naraka! Terus banjur huluna ku siksaan cai anu pohara panasna. Pek rasakeun ku maneh eta siksaan Kaula, da maneh mah gagah tur mulya!” (Q.S Dukhon: 43-49).

Para hadirin sadaya,
Mangga urang ngaronjatkeun katakwaan urang ka Allah swt. Ku ngalakonan kawajiban, sareng ngantunkeun cegahan-Na:

باَرَكَ اللَّهُ لِى وَلَكُمْ بِالاْاَيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ

هُوَاللسَّمِيْعُ الْعَلِمُ.

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى أُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ألِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ، وَأَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ اْلقُرْآنِ الْكَرِيْمِ: يَاأَيُّهَا النَّاسُ اعْبُدُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ وَالَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، وَقاَلَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: اتَّقِ اللَّهِ حَيْثُمَا كُنْتَ وَأَتْبِعْ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ. صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ النَّبِيُّ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشَّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ


 


Khutbah Terbaru