• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 29 Maret 2024

Khutbah

Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda: Ajén Ibadah Qurban Nyanghareupan Covid-19

Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda: Ajén Ibadah Qurban Nyanghareupan Covid-19
Ilustrasi: NU Online
Ilustrasi: NU Online

Oleh KH Ucup Pathudin Al Maarif 
(Sekretaris LD PWNU Jawa Barat)

 

Khutbah Kahiji 

اَلسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
Takbir 9x
اَللهُ أَّكْبَرْ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ لِلهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَأَصِيْلًا لَاإلٰهَ إلَّا اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَاْبَ وَحْدَهُ
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ اَمَرَنَاْ إقَاْمَةَ الْأُضْحِيَّةَ فِيْ بَعْضِ الْأَياْمِ منْ ذِيْ الْحِجةِ أَشْهَدُ اَنْ لَاْ إلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَريْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَن مُحَمَدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِيْ لَا نَبِيَّ بَعْدَهُ اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَيْرِ الْبَرِيةِ  وَعَلَى أٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُ إلَي يَوْمِ الْقيَامَةِ
فَيَاأَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَاْزَ الَمُتَّقُوْنَ
قَالَ اللهُ تَعَلَى فِىْ الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ
وَاتْلُ عَلَيْهِمْ نَبَأَ ابْنَيْ آدَمَ بِالْحَقِّ إِذْ قَرَّبَا قُرْبَانًا فَتُقُبِّلَ مِنْ أَحَدِهِمَا وَلَمْ يُتَقَبَّلْ مِنَ الْآخَرِ قَالَ لَأَقْتُلَنَّكَ ۖ قَالَ إِنَّمَا يَتَقَبَّلُ اللهُ مِنَ الْمُتَّقِينَ

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Puji kalih syukur kagungan Alloh Maha Ghafur, ngalangkungan sabab qudrot irodat Mantena, urang tiyasa patepung lawung sareng bulan Rayagung, sok sanaos dina kondisi Pandemi Covid-19 anu matak urang kapahung, mugia ku sabab urang nyalindung ka Dzat Maha Agung, urang dijauhkeun tina kabingung. 

Shalawat miwah salam mugia sapapaosna dikocorgolontorkuen ka Panutan Alam, Nabi terakhir, Rasul panutup, anu kaceluk ka Awun-awun kakocap ka janabria, Kangjeng Nabi Muhammad Saw., ka kulawargina tur ka shohabatna, dugi ka urang sadayana, mugia urang kenging syafa’atul ‘udhma jaga di yaumal jaza, amien ya Robbal ‘alamiin. 

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Ibadah Qurban hakekatna, ngajarkeun dua perkara ka urang sadaya. Kahiji, ajaran anu ngadorong urang supaya deukeut jeung Alloh SWT. atawa dimensi hablun minallâh. Kadua, Ibadah Qurban ngajarkeun supaya secara horizontal, urang deukeut rur raket jeung papada jalma, atawa sering disebut sebut hablun minannâs. Deukeutna jalma ka Alloh SWT., ku cara taat tumut turut kana aturan Alloh SWT jeung rasul-Na. Sedengkeun, deukeut ka papada manusa ku cara nyebarkeun kamanfaatan ka sakumna jalma di sabudeureun urang sadaya. 

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Dina ibadah Qurban, aya sababaraha ajen anu teu bisa dipisahkeun, anu penting ku urang dilenyepan. Kahiji, ajen târîkhiyyah atawa ajen historis. Kamaklum ku urang sadaya, wirehna Ibadah Qurban mangrupikeun syar’un man qoblana, atawa syariat anu diturunkeun ti mangsa nabi-nabi sateuacan Nabi Muhammad SAW, bahkan tikawit Nabi Adam AS., Alloh SWT ngadawuh  dina QS Al-Mâidah [5]: 27


وَاتْلُ عَلَيْهِمْ نَبَأَ ابْنَيْ آدَمَ بِالْحَقِّ إِذْ قَرَّبَا قُرْبَانًا فَتُقُبِّلَ مِنْ أَحَدِهِمَا وَلَمْ يُتَقَبَّلْ مِنَ الْآخَرِ قَالَ لَأَقْتُلَنَّكَ ۖ قَالَ إِنَّمَا يَتَقَبَّلُ اللهُ مِنَ الْمُتَّقِينَ

Hartosna:
“Pek caritakeun (ku anjeun Muhammad) ka maranehna, ngeunaan dua anak Adam (Habil jeung Habil) kalawan carita anu sabenernya. Nalika maranehna duaan ngaluarkeun qurban, maka ditarima ti salah saurang, jeung teu ditarima ti anu sejenna. Manehna (Habil) nyarita: “Kaula pasti bakal mateni anjeun!” Habil ngajawab: “Saestuna Alloh ngan saukur narima (qurban) ti jalma-jalma anu taqwa”.

Ayat eta ngebrehkeun ka urang sadaya, wirehna ibadah qurban tos dilaksanakeun ti zaman Nabi Adam AS. Dua putrana, anu numutkeun sapalih pendapat jenenganana Habil sareng Habil. Ari Habil pakasabanana nyaeta tatanen (bertani), sedengkeun Habil mah ngukut ingon-ingon (beternak).

Duanana diparentah pikeun ngalaksanakeun ibadah qurban. Habil ngaluarkeun qurban ku hasil tatanen anu kualitasna kacida awonna pisan. Sabab ngarasa, sagala hasil tatanena eta ladang usahana ku anjeun. Anapon Habil, anjeuna ngaluarkeun qurban ku domba anu pinilih, anu pangsaena. Habil sadar, sagala karunia mangrupi ingon-ingon anu diurusna, eta saukur amanat ti Alloh Swt. Alloh nampi qurban ti Habil sareng nolak qurban ti Habil.

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Al-Quran oge nyatet, wirehna ibadah qurban dilaksanakeun di zaman Nabi Ibrahim AS. Dina QS al-Shaffât [37]: 102 Alloh ngadawuh:

فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يَا بُنَيَّ إِنِّي أَرَىٰ فِي الْمَنَامِ أَنِّي أَذْبَحُكَ فَانْظُرْ مَاذَا تَرَىٰ ۚ قَالَ يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ ۖ سَتَجِدُنِي إِنْ شَاءَ اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِينَ

Hartosna:
“Nalika eta budak (Ismail) nepi kana (umur anu sanggup) usaha jeung Ibrahim, Ibrahim ngandika: “Anaking, saestuna kaula ningali dina impian, yen kaula meuncit hidep. Coba emutan, kumaha pamadegan hidep?” Ismail ngajawab: “Bapa, manga laksanakeun anu diparentahkeun ka salira, insya Alloh salira bakal ningal abdi kalebet jalmi-jalmi anu salabar”.

Dina ayat ieu Alloh ngajelaskeun, wirehna Nabi Ibrahim AS. ngalaksanakeun qurban, saparantosna anjeuna kenging parentah meuncit Ismail, putra anu kalintang dipikacinta tur dipikadeudeuhna, ngalangkungan impenan anjeuna. Urang sadaya mafhum, saestuna “ru’yal anbiyâi haqqun [ari impenan para nabi eta pasti benerna]”. Kalintang ajaibna, Ismail sapuk, sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, nyaluyuan kana parentah Alloh Swt.

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Buktos sejrah anu terakhir, nyaeta ibadah qurban mangrupikeun bagian tina syariat Nabi Muhammad Saw.. Dina QS Al-Kawtsar [108]: 2:

فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ

Hartosna:
“Maka adegkeun shalat karana Pangeran anjeun, jeung peuncit qurban!” 

Cindekna, ibadah qurban mangrupikeun ibadah anu heubeul, ti ngawitan jalmi kahiji, aki buyut urang, Nabi Adam AS. dugi ka jungjunan alam Nabi Muhammad Saw.. Dina fan elmu Ushul Fiqih, ibadah anu dilaksanakeun turun-tumurun tug dugi ka Kangjeng Nabi Muhammad Saw., disebut syar’un man qablanâ.

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Ajen kadua anu aya dina ibadah qurban nyaeta ajen kayakinan (i’tiqâdiyyah/ideologis). Kayakinan bakal nangtoskeun kualitas qurban anu dikaluarkeun ku hiji jalmi.

Mangga urang titenan, kunaon margina Alloh Swt. nampi kana qurban Habil, nanging teu nampi kana qurban Habil? Waleranana, kumargi kayakinan duanana benten. 

Habil gaduh kayakinan, wirehna sagala anu dianugerahkeun ka anjeuna eta kurnia Alloh. Kumargi kitu, Habil ngaluarkeun qurban ku ingon-ingon anu kualitasna sae, disarengan ku manah anu ikhlas. Sedengkeung Qobil, qurban kalawan manah anu ngarasula, anu dikaluarkeunana mung saukur puraga tama kadengda.

Nabi Ibrahim AS., kumargi kayakinanana pageuh, panceg, teu unggut kalinuan, teu gedag kaanginan, yakin wirehing kanggo Alloh sagala-galana. Saur paripaos, tong boro-boro harta banda, dalah anak sorangan, wantun dikorbankeun, dina enggoning ngalaksanakeun parentah Alloh Swt..

Alloh Maharahman tur Maharahim, estuning mung saukur nguji kayakinan tur kasatiaan hamba-hamba-Na. Ismail putra kakasih Nabi Ibrahim AS., teu janten dipeuncit, dina sakedet netra Ismail digentos ku Kibas. Numutkeun sapalih tafsir, kibas anu ngagentos Ismail nyaeta domba anu dikorbankeun ku Habil, putra Nabi Adam AS..

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Jelas kanggo urang, satemena kayakinan dina manah urang bakal mangaruhan kualitas ibadah qurban urang. Sing emut, ulah dugika ngancik dina ati sumarambah dina jiwa, rasa hoyong dipuji, hoyong dianggap barahan, hoyong diagung-agungkeun, sareng anu sanesna, ku ngalangkungan qurban anu ku urang dikaluarkeun. Kumargi daging, getih, tulang, bulu, kulit, sato anu diqurbankeun, hamo moal dugi ka Alloh. Nanging, Alloh mung saukur bakal nampi, sakumaha tingkat kayakinan kataqwaan jalmi anu ngalaksanakeun qurban. Dawuhan Alloh dina QS Al-Hajj [22]: 37:

لَنْ يَنَالَ اللَّهَ لُحُومُهَا وَلَا دِمَاؤُهَا وَلَٰكِنْ يَنَالُهُ التَّقْوَىٰ مِنْكُمْ ۚ كَذَٰلِكَ سَخَّرَهَا لَكُمْ لِتُكَبِّرُوا اللَّهَ عَلَىٰ مَا هَدَاكُمْ ۗ وَبَشِّرِ الْمُحْسِنِينَ

Hartosna:
“Daging-daging onta jeung getihna, moal bisa ngahontal (kana karidloan) Alloh, tapi kataqwaan ajeun anu bisa ngahontalna. Nya kitu pisan, Alloh geus nalukeun pikeun anjeun, supaya anjeun ngagungkeun Alloh, tina hidayah-Na ka anjeun. Jeung bere kabar gumbira pikeun jalma-jalma anu migawe kahadean”.

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,

Ayat eta, mangrupikeun pituduh sareng piwuruk kanggo urang, supados pangorbanan anu ku urang dikaluarkeun kudu anu pangunggulna sareng anu paling dipikacinta. Kualitas unggul tur dumasar kana rasa cinta kana anu diqurbankeun, mangrupikeun syarat utama ditampina sagala amal urang. Upami henteu kitu, sagala anu katingalna sapertos kasaean, moal ditampi ku Alloh Swt., sakumaha Dawuh Alloh dina QS Âli ‘Imrân [3]: 92

لَنْ تَنَالُوا الْبِرَّ حَتَّىٰ تُنْفِقُوا مِمَّا تُحِبُّونَ ۚ وَمَا تُنْفِقُوا مِنْ شَيْءٍ فَإِنَّ اللَّهَ بِهِ عَلِيمٌ

Hartosna:
“Aranjeun moal pati-pati nepi kana kahadean (anu sampurna), sahingga anjeun nganafkahkeun sabagian harta anu dipikacinta. Jeung saestuna Alloh Mahauninga kana naon rupa anu ku anjeun dinafkahkeun”. 

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Ajen anu katilu, anu aya dina ibadah qurban nyaeta ajen hirup kumbuh kamasyarakatan (ijtimâ’iyyah/sosiologis). Ajen ieu nggajarkeun ka urang, supaya salamina mibanda jiwa kamasyarakatan, perhatian ka papada jalma anu aya di sabudeureun urang. Sabab hakekatna, daging qurban anu dibagikeun, eta teh nyebarkeun kabungah ka papada jalma. 

Kahade, teu kenging dianggap sapira. Sabab, nyebarkeun kabungah ka papada jalma anu iman, eta teh kalebet ibadah. Idkhâlu al-surûr fî qulûb al-mu’min ‘ibâdatun.

Qurban anu ku urang dikaluarkeun, memang tiasa urang nuang sapalih dagingna. Tapi, ngalangkungan ajen hirup kumbuh jeung papada jalma, boh batur atawa dulur, atanapi ajen ijtimâ’iyyah, daging tina qurban anu dikaluarkeun, kedah di bagikeun ka jalmi-jalmi anu meryogikeun numutkeun aturan agama. Dawuhan Alloh dina QS Al-Hajj [22]: 28:

لِيَشْهَدُوا مَنَافِعَ لَهُمْ وَيَذْكُرُوا اسْمَ اللَّهِ فِي أَيَّامٍ مَعْلُومَاتٍ عَلَىٰ مَا رَزَقَهُمْ مِنْ بَهِيمَةِ الْأَنْعَامِ ۖ فَكُلُوا مِنْهَا وَأَطْعِمُوا الْبَائِسَ الْفَقِيرَ

Hartosna:
“Supaya maranehna nyaksikeun pirang-pirang manfaat pikeun maranehna, jeung supaya maranehna nyebut asma Alloh, dina poe-poe anu ditangtukeun, ku sabab rizki anu geus dibikeun kamaranehna mangrupa ingon-ingon. Maka pek dahar sabagian (tina qurban) jeung bikeun sabagian deui supaya didahar ku jalma-jalma sangsara tur fakir”.

Kantenan kiwari dina masa Pandemik, wayahna urang kudu silih talingakeun, silih titipkeun. Upami urang kompak, paheuyeuk-heuyeuk leungeun, tinangtos beban kahirupan akibat tina Pandemik Covid-19, bakal tiasa ku urang dipayunan. 

Allohu Akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh,
Sakitu anu kapihatur, mugia ageung guna kalih manfaatna. Mudah-mudahan, urang sadaya sanes mung saukur ngurbankeun sareng meuncit sato wungkul. Nanging, urang tiasa ngorbankeun tur meuncit sifat-sifat sato anu aya dina diri urang sadaya. Amien.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَّبَلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ إِنَّهُ هَوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

Khutbah Kadua
 
Takbir 7x
اَللهُ أَّكْبَرْ كَبِيْرَا وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا لَاإِلٰهَ إلَّا اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَاْبَ وَحْدَهُ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ وَلَا عُدْوَاْنَ إِلَّا عَلَى الْظَّالِمِيْنَ أَشْهَدُ أَنْ لَاِالٰهَ إِلَّا اللهُ اَلْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنَ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ الْأَمِيْنَ اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمَّ بَعْدُ.
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَلَى فِىْ الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآأَيُّهَا الَّذِينَ أٰمَنُوا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيمًا  أَللّٰهُمَّ أَمِيْن يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ
أَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعْوَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاْحِمِيْنَ
أَللَّهُمَّ تَقَبَّلْ مِنَّا صَلَاتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَرُكُوْعَنَا وَسُجُوْدَنَا وَتَسْبِيْحَنَا وَتَحْمِيْدَنَا وَتَحْلِيْلَنَا وَتَكْبِيْرَنَا وَتَعَبُّدَنَا وَتَخَشُّعَنَا وَتَضَرُّعَنَا وَتَمِّمْ تَقْصِيْرَنَا يَاإِلٰهَ الْعَالَمِيْنَ بِرَحْمَتِك َيَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ  وَعَلَى أٰلِهَ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْأٰخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَاْبَ النَّار
وَالْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ


Khutbah Terbaru