Seputar Jabar

Sakola Dewi Sartika: Sakola Munggaran Pikeun Wanoja Indonesia 

Jumat, 1 November 2024 | 08:00 WIB

Sakola Dewi Sartika: Sakola Munggaran Pikeun Wanoja Indonesia 

Sakola Dewi Sartika di budeureun Balong Gede, Regol, Kota Bandung, mangsa bareto, sakola munggaran pikeun wanoja Indonesia geusan ngalahirkeun wanoja utama. (Foto: NU Online Jabar/Rameli Agam)

Sekolah Dewi Sartika teh perenahna di Jalan Kautamaan Istri No. 12, Kalurahan Balong Gede, Kacamatan Regol, Kota Bandung. Samemehna mah ieu sakola dingaranan Sakola Istri nu diadegkeun ku Raden Dewi Sartika ping 16 Januari 1904, di Paseban Kulon Pendopo Kabupaten Bandung, minangka sakola munggaran pikeun wanoja Indonesia. 

 

Harita, jumlah muridna dua puluh urang kalawan diajar ku tilu guru nyaeta Dewi Sartika, Ibu Purma, jeung Ibu Uwit.

 

Kurikulum nu dipidangkeun harita luyu jeung kurikulum Sekolah Kelas Dua (Tweede Klasee Inlandsche School) bogana pamarentah Walanda. Tapi ditambahan ku pangajaran kaparigelan saperti masak, nyeuseuh, ngalicin, ngabatik, ngaput, katut pangajaran sejenna nu patali jeung kapentingan rumah tangga. Lian ti eta, oge aya pangajaran agama, kasehatan, Basa Malayu, tur Basa Walanda.

 

Sakola Istri mingkin mekar. Dina taun 1905 rohangan kelas di Paseban Kulon geus teu deui mampuh ngawadahan muridna nu beuki nambahan. Ku kituna, sakola dipindahkeun ka Jalan Ciguriang, nu wangunanana leuwih lega, tur guruna ge nambahan. 

 

Taun 1909 wangunan sakola dilegaan deui, nyanghareup ka Jalan Kebon Cau (ayeuna mah Jalan Kautamaan Istri). Ieu sakola laju genti ngaran jadi Sakola Dewi Sartika taun 1910, tur dina taun 1911 geus miboga lima kelas. Satuluyna Sakola Dewi Sartika ge ngadeg di sabaraha daerah, antarana di Garut, Tasikmalaya, sarta di Purwakarta. Kitu deui murid-muridna, lain wae kaom wanoja nu ti kota, tapi oge teu saeutik nu ti kawadanaan katut kacamatan.

 

Taun 1914, ngaran sakola digenti jadi Sakola Kautamaan Istri, luyu jeung udagan sakola geusan ngalahirkeun wanoja utama. Muridna mingkin ngalobaan, teu saeutik nu ti luareun Tatar Sunda. Taun 1920, di unggal kabupaten di Tatar Sunda ngadeg Sakola Kautamaan Istri.

 

Kalawan usul ti Ny. Hillen jeung Ny. Tijdeman, dina milangkala ka-25 taun Sakola Kautamaan Istri, Pamarentah Hindia-Walanda masrahkeun sumbangan mangrupa sakola anyar nu mimiti dipake September 1929. Sedengkeun Raden Dewi Sartika dileler tanda jasa “Bintang Perak.” Taun 1940 Raden Dewi Sartika ge nampa pangleler “Ridder in de Orde van Nassau” alatan jasa-jasana minangka pendidik munggaran pikeun kaom wanoja. 

 

Raden Dewi Sartika teh minangka Pahlawan Nasional, nu gumelar di Bandung ping 4 Desember 1884, tur tilar dunya 11 September 1947. Perjoangan sarta jasa-jasana dibarung ku udagan ngamajukeun pendidikan kaom wanoja. Pikeun Dewi Sartika, usaha sangkan kaom wanoja bisa mandiri, ngawasa pangaweruh, katut merjoangkeun saniskara hakna, taya lian iwal ku pendidikan. ***

 

Penulis: Rameli Agam 


Terkait