• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Minggu, 28 April 2024

Khutbah

Khutbah Idul Adha 1444 H Basa Sunda: Perjuangan Sinareng Pangorbanan Mangrupakeun Koncina Kaberhasilan

Khutbah Idul Adha 1444 H Basa Sunda: Perjuangan Sinareng Pangorbanan Mangrupakeun Koncina Kaberhasilan
Khutbah Idul Adha 1444 H Basa Sunda: Perjuangan Sinareng Pangorbanan Mangrupakeun Koncina Kaberhasilan
Khutbah Idul Adha 1444 H Basa Sunda: Perjuangan Sinareng Pangorbanan Mangrupakeun Koncina Kaberhasilan

Khutbah I

 

اللهُ أَكْبَرُ ×9 اللهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلَّهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةَ وَأَصِيْلاً لَا إِلَه إِلا اللَّهُ وَاللَّهُ أَكْبَرُ اللَّهُ أَكْبَرُ وَلِلَّهِ الْحَمْدُ 

الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي جَعَلَ هَذَا الْيَوْمَ عِيْدًا لِلْمُسْلِمِيْنَ . وَجَعَلَ عِبَادَةَ الْحَجَ وعيد الأضحى مِنْ شَعَائِرِ اللهِ وَ إِحْيَائِهَا مِنْ تَقْوَى الْقُلُوْبِ . أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيكَ لَهُ . وَأَشْهَدُ أَنْ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الْمَبْعُوثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ . بَشِيرًا وَنَذِيرًا وَدَاعِيًا إِلَى اللَّهِ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا منيرا . أَمَّا بَعْدُ :

فَيَا أَيُّهَا المُسْلِمُونَ أُصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللَّهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. فَافْهَمُوْا قَوْلَ اللهِ تَعَالَى فِي القُرْآنِ الْكَرِيمِ وَبِقَوْلِهِ يَهْتَدِى الْمُهْتَدُونَ. أَعُوْذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّحِيْمِ. إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ . فَصَلّ لِرَبِّكَ وَالْخَر . إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَر


Mangga urang sami-sami manjatkeun puja rawuhsyukurkahadirat Allah Swt, rehna dina enjing-enjing ieu urang sadaya masih dipasihan kasempetan ku Mantenna bari dina kayaan sehat wal‘afiyah kanggo ngarayakeun sareng ngagungkeun hari raya‘Idul Adha/’Idul Qurban. Sajabi ti eta, urang oge syukuran sabab diantawis dulur-dulur urang sadaya anu mampu, kengeng kasempetan ti Allah Swt keur ngalaksanaken rukun Islam anu kala nunaikeun ibadah haji dina tahun ieu.


Allahu Akbar 3x Wa Lillahilhamd


Dina dinten ieu aya dua peristiwa penting anu kajadian dijagat raya anu ngagambarkeun kana kaagungan jeung kamulyaan Islam sarta nunjukeun kana kesatuan darajat kaum muslimin dipayuneun Allah Swt.


Peristiwa kahiji, dina dinten ieu, mangjuta-juta kaum muslimin lalaki jeung awewe, kolot, ngora, beunghar, miskin,pejabat, rakyat biasa, sadaya kumpul di Mina wilayah kota suci Makkatul Mukarromah saba’da ngalaksanakeun puncak ibadah haji nyaeta wukuf di Padang ‘Arafah dina tanggal 9 Dzulhijjah. Sadayana daratang ti tiap-tiap nagara di saantero dunya ieu. Maranehna ninggalkeun kampung halaman, kulawarga jeung dulur-dulurna keur ibadah katut berjuang kalayan ikhlas didasaran lillahi ta’ala miharep ridlo Allah Swt sok sanajan dina kaayaana nu ripuh, cape,panasna cuaca jeung sajabana.


Ngumpulna kaum muslimin dina dinten ieu di hiji gurun pasir anu gersang, tandus, garing, panas bari nganggo raksukan bodas nu teu dikaput, ieu nandakeun kana demokrasi dina Islam.


Dina waktu harita teu bisa dibedakeun anu benghar jeung miskin,pejabat jeung rakyat biasa, sadayana satingkat jeung sadarajat,anu tumetep dina dirina ngan hamba Alloh anu keur madepmayunanka nu Maha Agung tur Mulya. Diharepkeun ku kajadian ieu teh bisa mangaruhan jiwa turnapak kana dirina, dimana waktu maranehna baralik deui ka kulawarga jeung masarakatna bisa ngaleungitkeun perbedaan status sosial jeung ekonomi, ngawujudkeun persatuan jeung sasama muslim.


Peristiwa kadua, nyaeta dina dinten ieu puluhan juta kaum muslimin muslimat di tiap kampung, kota jeung nagara, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut daratang ka tanah lapang, ka masjid keur ngalaksanakaeun sholat ‘Idul Adha, lain karna ngahareupkeun kauntungan anu sifatna dunyawi, tapi didorong ku sumanget patuh,tunduk tur taat kana parentah Allah SWT. Dina dua peristiwa ieu, kaum muslimin muslimat ngagungkeun asma Alloh ku ngaoskeun takbir, tahmid jeung tahlil ngaguruh lir hujan silantang minuhan jeung ngageterkeun jagat raya.


Allahu Akbar 3x Wa Lillahilhamd


Di tanah Mekkah Al-Mukarromah, jama’ahhaji bari pinuhrasa ajrih jeung syukur ka Alloh Swt ngucapkeun kalimah talbiyah:


لَبَيْكَ اللَّهُمَّ لَبَيْكَ. لَبَيْكَ لَا شَرِيْكَ لَكَ لَبَيْكَ. إِنَّ الْحَمْدَ وَالنِّعْمَةَ لَكَ وَالْمُلْكَ لَا شَرِيْكَ لَكَ


Sok sanajan bacaan takbir, tahmid jeungtahlil nu diucapkeun dimana-mana, tapi kesan anu dirasakeun beda-beda. Bacaan takbir, tahmid jeung tahlil katut talbiyah nu dibacakeun ku satiap jama’ah haji nu keur ngalaksanakeun ibadah haji jadi kenangan anu indah sapanjang hirupna, maranehna ngarasakeun pisan kana makna satiap bacan, yen dirina bener-bener ngarasa hamba Alloh anu lemah, anu dina saat eta dikersakeun jadi dhuyuufurrohman (tamu-tamu Alloh) anu keur nyampurnakeun rukun Islam anu kalmia.


Sedengkeun bacaan takbir, tahmid jeung tahlil anu dibaca ku jalma nu henteu keur ngalaksanakeun ibadah haji, bakal ngagugah hate kana ngaharepkeun panggilan Alloh yen dina hiji waktu bisa ngalaksanakeun ibadah haji.


Allahu Akbar 3x Wa Lillahilhamd


Peristiwa penting dina ‘Idul Adha nyaeta ibadah qurban atawa meuncit hewan keur qurban. Qurban lain wae dilaksanakeun ku jama’ah haji wungkul, tapi ku satiap kaum muslimin di dunya ieu. Qurban anu dilaksanakaeun saba’da sholat ‘Idul Adha jeung dintenTasyrik (11, 12 jeung 13 Dzulhijjah) ku meuncit domba, sapi, munding atawa onta ngarupakeun amal taqorub keur ngadeukeutkeun diri ka Alloh Swt, oge ngandung nilai-nilai sosiala nu luhur keur ngaraketkeun tali silaturahim antara kaum aghniya jeung kaum dlu’afa -fakir miskin- nyaeta ku nyidkahkeun daging qurban keur maranehna dhu’afa, supaya maranehna oge bisa ngarasakeun ni’mat ngadahar daging anu mungkin wae maranehna jarang atawa tara manggihan sama sakali.


Allahu Akbar 3x Wa Lillahilhamd


Ari asal muasal ayana disyare’atkeun qurban ku Gusti Alloh Swt ka umat muslim nyaeta peristiwa Nabiyulloh Ibrohim sareng Nabi Isma’il a.s. Alkisah diriwayatkeun yen sabada papisahna nabi Ibrohim a.s sareng nu janten anak pamajikanana salami salapan tahun, kacida bungah jeung bagjana Nabi Ibrohim tiasa kumpul deui sareng kulawargana. Dina kaayaan nu masih dipinuhan ku rasa bungah jeung kangen ka kulawargana. Nabi Ibrohim a.s kengeng kareuwas, nyaeta dina wengianana anjeuna ngimpen ngadangukeun sora ghoib, “Uufi Binadzrika” (laksanakeun nadzar anjeun !!).


Nabi Ibrohim a.s gugah bari ngemutanetaimpenan, naha eta teh dongkapna ti Alloh, ti syetan atawa ukur ngimpi. Bingung jeung bimbang Nabi Ibrohim kana asal usulna.Kajadian biasa ngimpena Nabi Ibrohima.s di wengi kahiji eta dina ping 8 Dzulhijah, sabab eta ping 98 Dzulhijah disebat dintenTarwiyah.


Dina wengi enjingna Nabi Ibrohima.s ngimpendeui anusamodel ngimpen dina wengian kahiji, nyaeta ngadangusoraghoib,“Uufi Binadzrika” (laksanakeun nadzar anjeun !!). Kukajadian ngimpen nu kadua ieu Nabi Ibrohim ngaraos yakin yen ngimpenna teh dongkap ti Alloh Swt. Sabab eta dintenan 9 Dzulhijah disebat‘Arofah. Tapi anjeuna can terang nadzar numana anu dimaksudkeun dina kanyataan ngimpena tea.


Nya Nabi Ibrohim a.s ngemut-ngemut ka masa-masa anu katukang,kajadian-kajadian nu pernah dilakukeun kapungkur. Kaemutkeun yen anjeuna sering meuncit domba 1000 siki, sapi 300 siki oge onta 100 siki anu dagingna disidqahkeun ka fakir miskin, nepi ka malaikat ngarasa kagum nyaksian kana kaikhlasan jeung pangorbanan Nabi Ibrohim a.s.


Waktos harita Nabi Ibrohima.snyarios, “Boro-boro ngan domba 1000, sapi 300, onta 100 malahan lamun boga anak, kaula ikhlas bakal diserahkeun dina jalan Alloh lamun Alloh Swt marentahkeun kudu dipeuncit”. Kaleureusan yuswa tos sepuh, teu acan gaduh putra wae. Mungkin nadzar ieu nu dimaksud ku Alloh dina ngimpina, jawaban pasti anu diraoskeun ku anjeuna nyaeta waktor ngimpen deui dina wengi ping 10 Dzulhijah, kalayan jelas Alloh Swt marentah supaya meuncit ka anu jadi putrana Isma’il a.s.


Bisa dibayangkeun ku urang, kumaha bingung jeung sedihna Nabi Ibrohim a.s mayunan parentah eta, naluriah bapa anu nyaah ka anakna nu pikalucueun campur jeung perasaan salaku hamba Alloh anu kudu ta’at jeung patuh kana sagala anu diparentah. Akhirna Nabi Ibrohim a.s ngawanikeun diri keur nepikeun pasualan ieu ka putra kakasihna nyaeta Isma’il a.s. Hal ieu dikisahkeun ku Alloh Swt dina Al-Qur’an surat Ash-Shofat ayat102:


فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ ٱلسَّعْىَ قَالَ يَٰبُنَىَّ إِنِّىٓ أَرَىٰ فِى ٱلْمَنَامِ أَنِّىٓ أَذْبَحُكَ فَٱنظُرْ مَاذَا تَرَىٰ 


”Maka nalika murangkalih tos dugi (kana umur sanggup)berusaha (dewasa), Ibrahim nyarios : Anaking, bapa ngimpi yen bapa kudu meuncit anjeun. Kumahapandangan anjeun ?”


Kalayan teu aya karaguan jeung bimbang saeutik oge,Isma’il ngajawab:


قَالَ يَٰٓأَبَتِ ٱفْعَلْ مَا تُؤْمَرُ ۖ سَتَجِدُنِىٓ إِن شَآءَ ٱللَّهُ مِنَ ٱلصَّٰبِرِينَ


“Bapa mangga teh teuing, mangga laksanakeunparentahAlloh ka bapa, Insya Alloh abdi kalebet jalmi anusabar(dinamayunan ieu kajadian).” QS. Ash-Shofat : 102


Dina hiji riwayat, Isma’il ngajukeun opat perkara samemeh nu janten bapana Nabi Ibrohim a.s ngalaksanakeun ieu parentah,nyaeta :


Peso anu bakal dipake meuncit supaya diasah heula sing seukeut; Awakna supaya ditaliana meh henteu gugurubugan waktu dipencit; Supaya ditutup socana meh henteu bisa ningal waktu meuncit anjeuna; Baju nu dianggona waktu dipeuncit supaya dipasrahkeun ka ibuna, keur jadi kenangan.


Lajeng Nabi Ibrohim a.s nyiumtaar putrana nu soleh ngagolerkeun badan putrana nu tos pasrah, lajeng pedang anu kacida seukeutna tea dianteulkeun kana beuheung Nabi Isma’il as nu tos pasrah ka Gusti Nu Maha Suci. Dina detik-detik anu pinuh ku haru sedih nu diraoskeun ku nabi Ibrohim ningali putrana nu kacida sabar jeung pasrah harita, maka Alloh Swt nunjukeun kakawasaana-Nya, midameul naon bae nu dipikarep-Na sanajan mohal ceuk akal. Breh teh nu dipeuncit lain Isma’il, tapi hiji domba gede tur ranggaek tandukna anu dkersakeun ku Alloh Maha Kawasa jadi gaganti Isma’il. Kajadian ieu dijelaskeun dina surat Ash-Shofat ayat 103-107 :


وَنَٰدَيْنَٰهُ أَن يَٰٓإِبْرَٰهِيمُ
قَدْ صَدَّقْتَ ٱلرُّءْيَآ ۚ إِنَّا كَذَٰلِكَ نَجْزِى ٱلْمُحْسِنِينَ
إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ ٱلْبَلَٰٓؤُا۟ ٱلْمُبِينُ
وَفَدَيْنَٰهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ


” Jeung Kami gero manehna, ‘Hei Ibrohim, bener anjeun geus ngayakinkeun ngimpi, tah kitu Kami nguji ka jalma jalma nu aralus. Bener-bener ieu teh ujian anu nyata, jeung Kami tebus (Isma’il) ku hiji peupeuncitan nu gede’”.


Tina peristiwa tadi, maka lahir kawajiban ibadah qurban keur umat Islam, disamping keur ngalestarikeun peristiwa tadi,oge ngarupakeun ujian keur satiap kaum muslimin anu mampu supaya bisa ibadah qurban ku meuncit peupeuncitan hewan qurban dina raraga keur ngdeukeutkeun diri ka Alloh Swt sarta ningkatkeun kataqwaan ka Mantenna. Sabab eta Alloh Swt negaskeundinaAl-Qur’an surat Al-Hajj ayat 37 :


لَن يَنَالَ ٱللَّهَ لُحُومُهَا وَلَا دِمَآؤُهَا وَلَٰكِن يَنَالُهُ ٱلتَّقْوَىٰ مِنكُمْ ۚ


“Lain daging jeung geutih qurban anu nepi ka Alloh teh,tapi anu nepi teh kataqwaan aranjeun”.


Allahu Akbar 3x Wa Lillahilhamd


Ngalaksanakeun ibadah qurban di hari Raya ‘Idul Adha ngandung dua fungsi, diantarana:


Fungsi kahiji : dina raraga ngaleungitkeun jurang pamisahjeungkesenjangan antara kaum aghniya/mampu jeung dhu’afa/lemah anu serba kakurangan. Ku qurban yen kasusahan kaum dhu’afa ngarasa diperhatikeun. Sajabi ti eta, kudu perhatikeunana nasib kaum dhu’afa ku kaum aghniya bakal bisa ngaleungitkeun rasa kacemburuan sosial di antara maranehna sarta ngawujudna rasa kesatuan jeung kasataraan darajat diantara manusa saluyu jeung ajaran agama Islam.


Fungsi kadua : ku qurban ngarupakeun alat atawa sarana latihan keur numbuhkembangkeun mental kasiapan berjuang jeung berkorban dina ngabela agama Alloh. Sahubungan sarengan hal tadi, maka dina kasempatan anu bahagia ieu simkuring umajak ka sakur anu mampu supaya ngalakukeun qurban, sabab lamun ku urang dititenan boh dina Al-Qur’an atawa Hadits yen Qurban urang bakal kengeng pahala sarta hikmah anu ageung. Diantara dawuhan Rosululloh Saw, dina salah sahiji haditsna :


إِنَّ الصَّحَايَا تَمحُوا أَلْخَطَايَا وَتَدْفَعُ الْبَلَايَاءِ مُرْبِالصَّحَايَا فَإِنَّهَا فِدَاءَ الْمُؤْمِنِيْنَ أَحْسِنُوْا ضَحَايَاكُمْ فَإِنَّمَا مَطَايَاكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ


“Saenyana qurban eta ngahapus kana sagala dosa, bisa nolak kana balai. Maka parentahkeun supaya qurban,sabab (qurban) jadi tebusanana jalma-jalma mu’min jeung kudu ngaluskeun kana qurban aranjeun sabab bakal jadi tutumpakan aranjeun di poe qiyamah”.


Dina Hadits anu sanes Rosululloh Sawngadawuh:


مَنْ قَرَّبَ أُضْحِيَتَهُ يَوْمَ النَّحَرِ قَرَبَهُ اللَّهُ تَعَالَى إِلَى الْجَنَّةِ فَإِذَا نَخَرَهَا غَفَرَ اللهُ بِأَوَّل قَطْرَةٍ قَطَرَ مِنْ دَمِهَا وَجَعَلَهَا اللَّه تَعَالَى لَهُ مَركَبًا يَوْمَ الْقِيَامَةِ إِلَى المُحْشَرِ وَيُعْطى بِعَدَدِ شَعْرِهَا وَصُوْفِهَاحَسَنَاتٍ


“Saha-saha anu taqorrub ka Alloh kujalanngalaksanakeun qurban dina ‘Idul Adha jeung tasyrik, eta sarua jeung ngahadep Alloh keur asup ka surga. Dimana mimiti dipeuncit, maka Alloh bakal ngahampura dosana ti mimiti keclakan geutih anu mimiti nepika garingna. Jeung qurban eta bakal dijadikeun tutumpakan dina poe qiyamah nepika alam mahsyar. Jeung Alloh bakal masihan imbalan jeung kahadean sabingbilangan bulu-bulu jeung tulang-tulang sendina eta qurban”.


Allahu Akbar 3x Hadirin Jama’ah Ied Adha Rahimakumullah


Akhirna, mangga urang terapkeun jeung resapkeun ajaran qurban ieu dina kahirupan sapopoe, sabab hiji tujuan, cita-cita anu ku urang diharepkeun moal bisa ngawujud lamun henteu aya perjuangan jeung pengorbanan anu manfaat keur diri, kulawarga, masyarakat jeung agama nurutkeun kamampuan masing-masing.


Rosululloh Saw ngadawuh :


مَنْ كَانَ لَهُ مَالٌ فَلْيَتَصَدَّقَ بِمَالِهِ, مَنْ كَانَ لَهُ عِلْمٌ فَلْيَتَصَدَّقَ بِعِلْمِهِ مَنْ كَانَ لَهُ قُوَّةٌ فَلْيَتَصَدَّقَ بِقُوَّتِهِ


“Saha anu boga harta, maka sidkah/berjuang kuhartana, saha anu ngabogaan elmu, maka sidkah/berjuang kuelmuna, saha anu boga kakuatan/tanaga maka sidkah./berjuangkutanagana”


Laksanakeun amal sholeh kalayan dibarengankukasadaranjeung kaikhlasan sabab ngan amal sholeh nu dibarengan ku kaikhlasan nu bakal ditarima ku Allah Swt. Mudah-mudahan amal ibadah nu ku urang tos dilakukeun jadi amal sholeh jeung jadi sabab urang ngameunangkeun kabagjaan dunya sareng akherat.Aamiin. Amin Yaa Robbal ‘Alamin


بَارَكَ الله لي وَلَكُمْ فِي القُرْآنِ الْكَرِيمِ وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِكْرِ الحَكِيمِ وَتَقبَّلَ اللهُ مِنّى وَمِنْكُمْ تِلاوَتَهُ إِنَّهُ هُوَالغَفُورُ الرَّحِيمُ


Khutbah II


اللهُ أَكْبَرُ ٧x . لاَإِلَهَ إِلا الله وَاللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَ لِلهَ الْحَمْدُ . حَمْدًا لَمَنْ أَيْقَنَ وُجُوْدَ الكَانُنَاتِ . يُدَاوِهَا بَيْنَ النَّاسِ وَالْمَخْلُوقَاتِ وَأَصْلِحْنَا اللَّهُ وَعَافَانَا فِي زَمَانٍ مَادَامَ الذُرَّى فِي الدَّارِيَّاتِ.

اللَّهُمَّ صَل وَسَلّمْ وَبَارِكْ عَلَى خَيْرِ الأَنَامِ سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ الْمُجَاهِدِيْنَ الكِرَامِ . صَلَاةً وَسَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلاَزِمَيْنَ إِلَى مَرِ الدُّهُوْرِ والايام .

 أَمَّا بَعْدُ : فَيَاعِبَادَ اللهُ إِتَّقُوا اللهَ فَى السّرِ وَالْعَلَنِ لَعَلَكُمْ تُفْلِحُوْنَ. فَقَالَ تَعَالَى فِي مُحْكَم كِتَابِهِ وَبِقَوْلِهِ يَهْتَدِى المُهْتَدُونَ إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّي يَاأَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلَّمُ تَسْلِيمًا. اللَّهُمَّ فَصَلِ وَسَلَّمْ عَلَى هَذَا النَّبِي الْكَرِيمِ وَالرَّسُوْلِ السَنَدِ الْعَظِيْمِ وَارْضَ اللَّهُمَّ عَلَى أَرْبَعَةِ الخُلَفَاءِ الرَّاشِدِينَ الجَلِي أَبِي بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِي وَعَنْ بَقِيَةٍ الصَّحَابَةِ وَالقَرَابَةِ وَالتَّابِعِينَ وتابع التَّابِعِينَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِالدِّينِ وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ وَفِيْهِمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِينَ أَمِيْنَ يَارَبَّ العَالَمِينَ

اللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِينَ وَالْمُسْلِمَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيعٌ قَرِيْبٌ مُحِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَقَاضِيَ الْحَجَاتِ

 اللَّهُمَّ أَلِفْ قُلُوْبَنَا وَأَصْلِحْ ذَاتَ بَيْنَنَا وَاهْدِنَا سُبُلُ السَّلَامِ وَنَحْنَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ وَجَنِّبْنَا الْفَوَاحِشَ مَاظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ وَبَارِكْ لَنَا فِي أَسْمَاعِنَا وَأَبْصَارِنَا وَقُلُوْبِنَا وَأَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا وَتُبْ عَلَيْنَا إِنَّكَ أَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيمُ

اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِيْنِنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنَا وَأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتِي فِيهَا مَعَاشُنَا وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتْنَا الَّتِي فِيهَا مَعَادُنَا وَأَحْيِنَا مَا كَانَتِ الْحَيَاةِ خَيْرًا لَنَا وَتَوَفَّنَا إِذَا كَانَتِ الْوَفَاةُ خَيْرَ الَنَا وَاجْعَل الحَيَاةِ زِيَادَةٌ فِي كُلّ خيرٍ وَاجْعَلِ المَوْتَ رَاحَةً لَّنَا مِنْ كُلِّ شَرٍ.

اللَّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْغَلَاءَ وَالْبَلاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبِدَاعَ وَشَدَائِدَ وَالْمِحَنَ مَاظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ مِنْ بَلَدِنَا الإِنْدُوْنِسِيِّيْنَ خَاصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً. رَبَّنَا اغْفِرْلَنَا ذُنُوبَنَا وَإِسْرَافَنَا فِي أَمْرِنَا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى القَوْمِ الْكَافِرِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا مِنْ لَّدُنْكَ رَحْمَةً وَهَيْء لَنَا مِنْ أَمْرِنَا رَشَدًا. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةٍ وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. دَعْوَاهُمْ فِيهَا سُبْحَانَكَ اللَّهُمَّ وَتَحِيَّتُهُمْ فِيهَا سَلَامٌ وَآخِرُ دَعْوَاهُمْ عَنِ الْحَمْدُ للهِ رَبَّ الْعَالَمِينَ.

وَالسَّلامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ


Drs. KH. Yayan Hasuna Hudaya M.M.Pd, Pimpinan Pontren YAMISA Soreang / Ketua MUI Kab. Bandung


Khutbah Terbaru