• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Selasa, 23 April 2024

Kuluwung

Piritan di Kebon Jagong

Piritan di Kebon Jagong
Piritan di Kebon Jagong (Foto-freepik)
Piritan di Kebon Jagong (Foto-freepik)

Geus diajam ti Tasik kénéh. Dahar téh rék di Kebon Jagong. Lapar-lapar ogé ditahan wé. Kapangaruhan ku iklan Pa Taufik Faturohman . Anjog méh wanci sareupna. 


Nyaan rada hésé néangan tempat parkir da pinuh ku treuk baradag. Asup ka RM. Sistimna parasmanan.  Sanggeus nyiuk sangu dina boboko. Rada barieukeun milih deungeuna. Loba piliheun. Nyokot téh pais piritan lauk, kurupuk blék dua, perkedél, ditambah sop kikil. Sambelna dua rupa héjo jeung tarasi. Kotka ni'mat.  Ngalimed. 


Ningali supir dalahar nyaan barébas pisan.  Sampéan diangkat kana bangku. Malah aya nu di luar sagala. Bari cingogo na bangku panjang. Rarasaan dina golodog imahna sorangan. 


​​​​​​​Sangges dijumlah jamléh. 35.000-eun. Bari sakalian nunggu magrib nanya ka kasir. Ramah jeung galéhgéh. Saumuran fatayat katompérnakeun. Horéng blasteran Cibedug jeung Négla.  Ceunah baheulana mah warung téh leutik hareupeun nu ayeuna jadi pom bengsin. Taun 1982-an. Bu Empon indungna sorangan nu ngabaladah.  Taun 2007 pindah kanu ayeuna ditempatan diteruskeun ku generasi kadua Élin jeung Indri. Giliran sabulan séwang.


+ Buka 24 jam. Rata -rata sadinten 60 treuk. 
- Wah hébat atuh. 
+ Kadang kadang  warungna ogé sok kahalangan ku puso. Janten teu katingal.
Tapi, Pa, pas dinten liburan mah sepi. Sepi pisan
+ Naha? Asa teu kahartos. Biasana liburan mah justru ramé. Maréma.
- Muhun apan treukna dilarang jalan ku pamaréntah. Bisi matak macét. Antukna jalan lancar mung warung abdi tiiseun. Saéna mah kanggo abdi dina kalénder téh ulah aya tanggal nu dibeureuman.
 

​​​​​​​Teu kapapanjangan. Sanggeus mungkus keur buruh nu muka panto imah mah léos wé. Ongkoh deuih aya supir treuk gigireun nu rék mayar. Nu matak kataji saméméh mayar supir téh rengkuh pisan sareng pupuntenan bari nyarita lentong . Tojaiah jeung beungeutna nu borongongong.


+ Pa, punten ngawagel...
- Mangga, Pa, teu sawios da abdi mah atos réngsé babayar.


Adab-adaban  dipaké pisan. Moal kitu supir éta nu na bujur treukna aya tulisan, " Ngebut adalah ibadah. Semakin ngebut semakin dekat dengan Allah."


Asep Salahudin, Budayawan Sunda 
 


Kuluwung Terbaru