• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 19 April 2024

Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Pangeling-eling Poe Asyuro

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Pangeling-eling Poe Asyuro
Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Pangeling-eling Poe Asyuro
Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Pangeling-eling Poe Asyuro

Oleh KH Moch. Anwar

Khutbah I

 

 

اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ ﷲِ وَبَرَكَاتُهْ
اَلْحَمْدُ ﷲِ الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ لِيُذَكِّرَ لِمَنْ يَخْسٰى وَيَدْعُوْ إِلٰى طَلَبِ دَرَجَةِ الْعُلٰى. اَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا ﷲُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اَلَّذِيْ وَعَدَ لِمَنْ أَطَاعَهُ بِالْجَنَّةِ وَتَوَّعَدَ لِمَنْ عَصَاهُ بِالنَّارِ الْكُبْرٰى ثُمَّ لَايَمُوْتُ فِيْهَا وَلَا يَحْيٰ وَاَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الصّاَدِقُ الْمَصْدُوْقُ وَالدَّاعِى إِلٰى الصِّرَاطِ الْمُسْتَقِيْمِ وَالْعُرْوَةِ الْوُثْقٰى, وَاُصَلِّى وَاُسَلِّمُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى أٰلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ إِلٰى يَوْمِ الْعُظْمٰى.
(أَمَّا بَعْدُ) : فَيَاأَيُّهَا الْحٰضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ ﷲُ ! اُصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى ﷲِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ بِنَيْلِ ثَوْبِ الْأٰخِرَةِ, وَهُوَ خَيْرٌ لَكُمْ مِنَ الدُّنْيَا.
وَإِذَا قُرِئَ الْقُرْأٰنُ فَاسْتَمْعُوْا لَهُ وَأَنْصِتُوْا لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ, أَعُوْذُ بِاﷲِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : إِنَّا أَرْسَلْنَا نُوْحًا إِلٰى قَوْمِهِ أَنْ أَنْذِرْ قَوْمَكَ مِنْ قَبْلِ أَنْ يَأْتِيَهُمْ عَذَابٌ أَلِيْمٌ, قَالَ يَاقَوْمِ إِنِّى لَكُمْ نَذَيْرٌ مُبِيْنٌ, أَنِ اعْبُدُوْا ﷲَ وَاتَّقُوْهُ وَأَطِيْعُوْنِ. 

 

 

Para hadirin sadaya,

Sadaya puji sukur disanggakeun ka Gusti Allah, rahmat sareng salam mugi disanggakeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw sareng ka kulawargana, ka para sahabatna sareng ka sadaya kaom Muslimin dugi ka poe kiamah. 

Para hadirin sadaya,

Dina waktos ieu urang sadaya perlu ngayakeun pangeling-eling kana poe ‘Asyuro, nya eta tanggal 10 bulan Muharram, margi eta poe teh ngandung riwayat anu penting pikeun sakumna kaom Muslimin, nya eta: 

1.    Poean ngahampura Gusti Allah ka Kanjeng Nabi Adam a.s. 
2.    Poean nyalametkeunana Gusti Allah ka Kanjeng Nabi Nuh a.s. tina topan. 
3.    Poean disalametkeunana Kanjeng Nabi Ibrahim tina seuneu Raja Namrud 
4.    Poean diturunkeunana Kitab Toret ka Kanjeng Nabi Nabi Musa a.s. 
5.    Poean dikaluarkeunana Kanjeng Nabi Nabi Yusuf a.s. tina jero sumur 
6.    Poean dicaangkeunana deui soca Kanjeng Nabi Nabi Yakub a.s. 
7.    Poean disaekeunana panyakit Kanjeng Nabi Nabi Ayub a.s. 
8.    Poean dikaluarkeunana Kanjeng Nabi Nabi Yunus a.s. tina beuteung lauk Hut 
9.    Poean dibeulahkeunana laut Merah ka Kanjeng Nabi Nabi Musa jeung kaom-kaonma 
10.    Poean dipasihkeunana karajaan sajagat ka Kanjeng Nabi Sulaeman a.s. 
11.    Poean didamelna alam dunya
12.    Poean mimiti diturunkeunana hujan ti langit 
13.    Poean mimiti diturunkeunana rahmat Allah ka alam dunya. 

Tah kitu numutkeun hadis Nabi, riwayat Abu Huraerah anu diterangkeun dina kitab I’anatut Tholibin juz ka ll kaca 267. 

Para hadirin sadaya,
Kajadian penting anu karandapan ku Kanjeng Nabi Nuh a.s. nya eta disalametkeunana Kanjeng Nabi Nuh a.s. sareng kulawargana tina topan.

Nabi Nuh a. s. téh putra Nabi Syis bin N. Adam a. s. yuswana 1050 taun. Dina yuswa 40 taun diangkat Rosul, terus ngayakeun da’ wah ka kaom-kaomna anu kalafir lamina 950 taun. 

Dina jero 950 taun teh kaom-kaomna anu numt ka anjeuna mung aya 80 jalmi sareng kulawargana. Yuswana saparantos rengse topan (banjir) nya eta 60 taun. 

Ku margi kaom-kaomna terus-terusan daroraka, teras Kanjeng Nabi Nuh ngadoa ka Gusti Allah sangkan kaom-k aomna diancurkeun, kieu doana:


رَبَّ لَا تَذَرْ عَلٰى الْأَرْضِ مِنَ الْكَافِرِيْنَ دَيَّارًا, إِنَّكَ إِنْ تَذَرْهُمْ يُضِلُّوْا عِبَادَكَ وَلَا يَلِدُ إِلَّا فَاجِرًا كَفَّارًا.
 

Hartosna: "He Pangeran abdi. magi ulah nyesakeun saurang oge, jalma anu kafir nyicingan di luhureun ieu bumi. Sayaktosna Gusti upami nyesakeun maranehanana, tangtos nyasarkeun (ngacowkeun) ka hamba-hamba Gusti sareng maranehanana moal pati-pati anakan anging ngalahirkeun jalma tukang lacut anu kalufur deui wae.” 

Para hadirin sadaya,

Doana Nabi Nuh a.s.. dikabulkeun ku Gusti Allah, nya eta ku diayakeunana banjir sajajagat anu dimimitian hujan 40 poe 40 panting, tina taneuh, cai nyumber barijil, nepi ka jagat teh ngajadi laut, gunung-gunung sumawona tatangkalan ka kerem, jalma katut sato hewan oge paraeh kajaba, ti Kanjeng Nabi Nuh a.s. sareng umat-umatna anu 80 urang jeung sasatoan manuk-manuk sajodo-sajodo anu aya dina parahuna Kanjeng Nabi Nuh a.s., malah si Kan’an putrana Nabi Nuh a.s. anu henteu nurut ka Nabi Nuh a.s. oge ka kerem. Eta kajadian teh kawitanana bulan Rajab, rengsena tanggal 10 Muharam.

Para hadirin sadaya,  

Ku ayana riwayat topan Nabi Nuh a.s. ngandung harti yen: 

1.    Kawenangan Allah Ta’ala kawasa nurunkeun siksaan ku cara anu henteu matak kaharti ku akal urang, saperti ayana banjir eta, nya kitu deui kaom Nabi Musa a.s. ku bangkong jeung hileud (hama) anu meakkeun sakabeh pepelakan, jeung minuhan saeusi imah kaom-kaom. Kaom Tsamud ku tibailik lemah, kaom Ad disamber gelap nepi ka ancur saeusi nagarana jeung rea-rea deui musibat anu tumiba ka manusa ku sabab doraka ka Allah. 

2.    Di mana Allah nurunkeun musibat atawa balay ka manusa eta teh ngandung harti, yen supaya jalma-jalma areling jeung tarobat ka Anjeunna. 

3.    Di mana Allah nurunkeun siksaan ka jalma-jalma anu doraka, jalma-jalma anu soleh oge sok kaceretan. Sakumaha dawuhanana:


وَاتَّقُوْا فِتْنَةَ لَاتُصِيْبَنَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْكُمْ خَاصَّةً.
 

Hartosna: Kudu sarieun maraneh ku pitenah nya eta musibat ti Gusti Allah anu tumibana teh moal ka jalma-jalma anu darolim wungkul. 

Ngan ari pikeun jalma soleh mah nambah ganjaran. Ari tandana mikasieun, nya eta ku ngalobakeun istigfar jeung ‘amar ma’ruf nahyil munkar ulah ngantep ka jalma-jalma anu doraka, tapi kudu pada nganasehatan sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw:

إِذَا ظَهَرَ الْبِدَعُ وَسَكَتَ الْعَالِمُ فَعَلَيْهِ لَعْنَةُ ﷲِ (كما فى الاصياء).


Hartosna, Dimana geus dohir pabid’ahan (tegesna pagawean-pagawean anu tojaiyah jeung agama) kari-kari jalma anu ngartina caricing wae (henteu nganasehatan), mangka bebendu Allah bakal tumiba kn eta jalma, anu ngarti tea (sumawona ka anu migawe masiar mah).” 

4, Ayana kadorakaan anak teu bisa dibelaan ku kolotna sanajan soleh, malah lamun kolotna henteu ngadidik mah kabawa cilaka ku anakna. 

5. Ayana tehnik nyieun parahu atawa angkutan laut dikawitan ku Kanjeng Nabi Nuh a s. 

Para hadirin sadaya,

Dina raraga mieling poe ‘Asyuro teh disunatkeun: 
1.    Puasa sunat dina tanggal 9 jeung 10 Muharam; 
2.    Ngalobakeun solat gunat, maca dikir jeung istigfar dina peutingna; 
3.    Ngalobakeun silaturahmi, terutama ka para ulama, ngalayad anu udur, mere maweh ka fakir miskin terutama ka budak yatim, nambahan balanja rumah tanggana, beberesih ngeureutan kuku, maca Qur’an jeung sajabana. 

Jeung numutkeun dawuhan Syekh Ajhuri mah kieu:

 

إِنَّ مَنْ قَامَ عَاشُوْرٰى حَسْبِيَ ﷲُ وَنِعْمَ الْوَكِيْلُ نِعْمَ الْمَوْلَ وَنِعْمَ النَّصِيْرُ, سَبْعِيْنَ مَرَّةً كَفَّاهُ ﷲُ شَرَّ ذٰلِكَ الْعَامِ, حَسْبِيَ ﷲُ وَنِعْمَ الْوَكِيْلُ نِعْمَ الْمَوْلَ وَنِعْمَ النَّصِيْرُ.


Hartosna: "Sing saha jalma dina poe Asyuro maca: Allah anu nyukupan sagala kaperluan abdi pangsae-saena anu ngawakilan, pangsae-saena panutan sareng pangsae-saena anu nulungan, 70 balikan, tinangtu disalametkeun ku Gusti Allah tina kagorengan (kacilakaan) dina taun eta."

Kasimpulan tina hutbah ieu: 

1.    Siksaan dosa di dunya pikeun jalma anu doraka 
2.    Pentingna da’wah ka masarakat umum. 
3.    Budak nakal teu bisa ditulungan ku kolotna tina siksa Allah.
4.    Tobat tina dosa kudu diburu-burukeun samemeh maot. 
5.    Asal elmu tehnik tina wahyu Allah. 
6.    Ayana musibat anu aneh-aneh, mangrupa pangeling-eling ti Gusti Allah.  

Mugi-mugi Gusti Allah ngahampura kana sadaya kalepata urang, mugi nyalametkeun ka urang tina bahaya dunya-aherat sareng ngadamel ka urang sadaya, sareng kulawarga urang jalmi anu saroleh, Amin. 

بَارَكَ ﷲُ لِى وَلَكُمْ بِالْأَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّى وَمَنْكُمْ تِلَاوَتَهُ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارَحَمْ وَأَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ.
 

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى أُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ألِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ، وَأَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ اْلقُرْآنِ الْكَرِيْمِ: يَاأَيُّهَا النَّاسُ اعْبُدُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ وَالَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، وَقاَلَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: اتَّقِ اللَّهِ حَيْثُمَا كُنْتَ وَأَتْبِعْ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ. صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ النَّبِيُّ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشَّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

 


Khutbah Terbaru