Gedong Sate: Adumanis Kaendahan Arsitektur Indo Eropa
Ahad, 20 Oktober 2024 | 12:16 WIB

Gedong Sate nu mimiti diwangun taun 1920, kiwari jadi Kantor Pusat Pamarentahan Provinsi Jawa Barat, Jalan Diponegoro, Kota Bandung. (Foto: NU Online Jabar)
Pikeun warga Jawa Barat, Gedong Sate teh mungguh pikareueuseun. Lian ti mibanda ajen sajarah, aweuhan Gedong Sate ge nyambuang tepi ka mancanagara. Gedong Sate nu mimiti diwangun 27 Juli 1920 teh, kiwari jadi Kantor Pusat Pamarentahan Provinsi Jawa Barat, nu perenahna di Jalan Diponegoro, Kota Bandung.
Kalawan bentukna nu persegi panjang, ieu gedong boga “sumbu lurus” ngarah ka tengah-tengah Gunung Tangkubanparahu. Keur mimiti mah, eta gedong endah katelah Gedong Hebe, tina singgetan GB atawa Gouvernements Bedrijven.
Ka dieunaken, disebut Gedong Sate alatan di puncak munara gedong aya “tiiran sate" nu dipasieup ku genep ornamen bentuk jambu aer. Tah, eta genep ornamen nu lir tiiran sate teh pajah perlambang waragad modal awal pikeun ngawangun gedong nu gedena genep juta gulden.
Dirarancang pikeun puseur pamarentahan Hindia Belanda, nu harita geus netepkeun Bandung minangka ibukota. Rarancang wangunan digarap ku tim nu dipokalan ku VL Slors, anggotana aya J. Berger, arsitek ngora lulusan Fakultas Teknik Delft Nederland, sarta arsitek G. Hendriks.
Mitembeyan pangwangunan lumangsung 27 Juli 1920 nu dilakukeun ku Johana Catherina Coops, anakna Walikota Bandung B. Coops, jeung Petronella Roelofsen, wawakil Gubernur Jenderal di Batavia. Ceuk Haryoto Kunto, proses ngawangun Gedong Sate dilakonan kalawan profesional dumasar standar teknik sarta material wangunan nu pas, katut luyu jeung katangtuan.
Pangwangunan Gedong Sate ngalibetkeun 2.000 pagawe, 150 urang di antarana minangka ahli pahat atawa ahli bongpay ti Kanton, Cina. Nu sejenna, tukang batu, kuli aduk, laden, eta teh parapagawe nu geus pangalaman waktu ngagarap Gedong Sirap (ITB), jeung Gedong Papak (Balai Kota). Lolobana maranahenana teh warga ti Kampung Sekeloa, Coblong, Dago, Gandok, sarta Cibarengkok.
Jero opat taun, kira awal 1924, rengse ngawangun Kantor Pusat PTT. Laju kana pangwangunan gedong utama GB nu anggeus September 1924, kaasup wangunan perpustakaan. Sacara teknis, konstruksi wangunan Gedong Sate ngagunakeun cara konvensional. Leuwih loba make batu alam jeung bata, tibatan konstruksi beton.
Material tembok gedong diwengku batu gede nu dipotongan ukuran 1 x 1 x 2 meter. Ngala eta batu teh ti kawasan pasir batu di sabudeureun Arcamanik, jeung Gunung Manglayang. Diakut ka Cihaurgeulis make kareta gantung, laju dibawa kana lori tepi ka lokasi pangwangunan.
Ceuk paraarsitek, Gedong Sate teh minangka wangunan monumental kalawan mibanda gaya arsitektur nu unik. "Gaya arstitekturna minangka eksperimen arsitek nu nyoko kana bentuk gaya arsitektur Indo-Eropa,” pok Cor Pashier, arsitek Belanda.
Sedengkeun ceuk D. Ruhl, “Gedong Sate wangunan pangendahna di Indonesia, nu ngadumaniskeun gaya Timur jeung Barat kalawan harmonis.”
Gedong Sate ngadeg dina lahan nu legana 27.990.859 m2. Lega wangunan 10.877.734 m2, kalawan diwengku bagean basement 3.039.264 m2, lante hiji 4.062.533 m2, teras lante hiji 212.976 m2, lante dua 3.023.796 m2, teras lante dua 212.976 m2, munara 121 m2, sarta teras munara 205.169 m2.
Kungsi jadi Kantor Jawatan Pekerjaan Umum, ti saprak 1980 Gedong Sate jadi Kantor Pusat Pamarentahan Provinsi Jawa Barat.
Kontributor: Rameli Agam