Keislaman

Amalan Du’a Mapag Poe: Ngalegakeun Jalan Kasalametan

Senin, 14 Oktober 2024 | 07:23 WIB

Amalan Du’a Mapag Poe: Ngalegakeun Jalan Kasalametan

Amalan Du’a Mapag Poe: Ngalegakeun Jalan Kasalametan. (Foto: NU Online Jabar)

Amalan du'a mapag poe teh minangka ajaran nu diajarkeun ku Rasulullah Saw. Dina waktu isuk-isuk sahadena urang teu weleh ngadu'a geusan mapag poe malar ngalegakeun jalan kasalametan. Kanjeng Nabi Muhammad Saw ge sok ngadu'a nalika mapag poe dina waktu isuk-isuk.


Anjeunna geus nyontokeun katut ngajarkeun sangkan urang teu weleh maca du’a mapag poe dina waktu isuk-isuk. Dina ngamimitian kagiatan sapopoe, kasauran Rasulullah Saw, hadena mah dimimitian ku maca du’a dina waktu isuk-isuk.


Tina maca du’a map poe teh aya hikmahna pikeun urang sangkan terus deukeut ka Allah Swt. Pangna kitu, du’a mapag poe minangka awalan hade keur ngamimitian sakumna kagiatan urang sapopoe.


Di sagedengeun eta, maca du’a mapag poe ge jadi pangdorong sumanget geusan ngahontal hasil sahade-hadena di satengahing kagiatan sapanjang poe.


Abu Hurairah RA ngariwayatkeun sababaraha du’a nu diajarkeun Rasulullah Saw nu dibaca waktu isuk-isuk nalika mapag poe. Dicutat ku Imam An-Nawawi, Al-Adzkar, tina Darul Mallah kaca 63, ieu du’ana mapag poe teh:


“Allahumma bika ashbahna, wa bika amsaina, wa bika nahya, wa bika namutu, wa ilaikan nusyuru.”

Hartina, “Ya Allah, kalayan Anjeun kuring dina mangsa isuk-isuk, kalayan Anjeun kuring dina waktu sore, kalayan Anjeun kuring hirup jeung maot. Ukur ka Anjeun kuring mulang.” (HR Abu Dawud, At-Turmudzi, Ibnu Majah, jeung lianna).

 

Salian ti eta, ti sahabat Ibnu Mas’ud dina hadits riwayat Muslim nu dicutat ku Imam An-Nawawi, du’a isuk-isuk nu dibaca Rasulullah Saw teh nyaeta:


“Ashbahna wa ashbahal mulku lillahi wal hamdu lillahi, la ilaha illallahu wahdah la syarika lah, lahul mulku wa lahul hamdu wa huwa ‘ala kulli syai‘in qadir. Rabbi, as’aluka khaira ma fī hadzihil lailata wa khaira ma ba‘daha, wa a‘udzu bika min syarri ma fī hadzihil lailata wa khaira ma ba‘daha. Rabbi, a‘udzu bika minal kasli wa su’il kibari. A‘udzu bika min ‘adzabin fin nari wa ‘adzabin dil qabri.”


Hartina, “Sabab kawasa Allah dina waktu isuk-isuk. Sagala puji pikeun Allah. Taya Gusti lian ti Allah Nu Maha Esa, taya duana pikeun Anjeun. Sagala kawasa jeung puji ukur Anjeun. Anjeun Nu Maha Kawasa. Gusti, abdi ngadu’a ka Anjeun kahadean dina peuting ieu jeung peuting saenggeusna. Abdi nyuhunkeun panangtayungan tina kajahatan peuting ieu jeung peuting saenggeusna. Gusti Pangeran abdi, kalawan tangtayungan Anjeun, jauhkeun abdi tina sipat males tur kadoifan dina mangsa geus kolot. Abdi nyuhunkeun tangtayungan Anjeun tina siksa naraka katut siksa kubur.”

 

Saniskara hikmah ku maca du’a nalika mapag poe dina waktu isuk-isuk sakumaha nu diajarkeun ku Rasulullah teh, muga Allah Swt teu weleh maparinan legana jalan katut kasalametan keur urang, aamiin yaa Robbal 'aalamiin. *

 

Penulis: Rameli Agam


Terkait