Ajengan Fajri M Ibrahim Oeron
Duh gusti abdi nyalu'uh
Alam dunya tos pakewuh
Nu ngaji geus teu maratuh
Ka pasantren henteu wawuh
Ulama teh paku dunya
Mun parupus teh bahaya
Saha nu nuluykeunana
Lian ti santri ayeuna
Matak santri prak ngaraji
Di pasantren nu salafi
Tegesna nu teu ngahiji
Jeung kholaf jaman kiwari
Duh gusti abdi teh bingah
Ningali santri nu betah
Masantren di salafiyah
Bari ngaraji alfiyah
Kuring teu anti kuliah
Sabab kuliah teu salah
Ngan anti kanu gagabah
Ka pasantren nganggap rendah
Pasantren sareng sakola
Duanana pada mulya
Nu masantren teu sakola
Eta ge di pandang mulya
Teu masantren ngan sakola
Kana ngaji lalawora
Eta masih tanda tanya
Antara mulya henteuna
Ngan anu kitu lakuna
Eta tangtu dorakana
Sabab embung diajarna
Kana elmu nu wajibna
Elmu nu wajib di aji
Eta aya tilu rupi
Tauhid anu kahiji
Fiqih tasawuf sing ngarti
Eta elmu nu tilu teh
Di ajina ulah weleh
Fardu ain ka sakabeh
Jalma islam anu soleh
Mudah mudahan manfaat
Ieu nadom nu di serat
Muga sing jadi amanat
Ka santri jeung ka santriat
Ieu nadom diseratna
Ku jalmi anu dhoifna
Nu mukim di al-Qudwahna
Pasantren elmu alatna
Anggitan khadim Pondok Pesantren Al-Qudwah, Tasikmalaya
Terpopuler
1
DPR RI Setujui Usulan Kemenag soal Tambahan Anggaran untuk BOS Madrasah dan Tunjangan Profesi Guru
2
Dikukuhkan Rais 'Aam PBNU, Inilah Susunan Struktur Idaroh Aliyah JATMAN 2025-2030
3
Ketika 14 Siswa Tak Diakui Negara: Kebijakan Tambah Rombel 50 Siswa Mengandung Bom Waktu
4
Pererat Ukhuwah, PCNU Kabupaten Bogor Gelar Istighotsah dan Silaturahmi Pendekar Pagar Nusa
5
Khutbah Jumat Singkat: Manfaatkan Sisa Umur dengan Melakukan Hal yang Bermanfaat
6
Aklamasi, Nyai Hj Minyatul Ummah Terpilih Pimpin Fatayat NU Jawa Barat 2025–2030
Terkini
Lihat Semua