Home Nasional Warta Kuluwung Khutbah Daerah Pustaka Sejarah Ubudiyah Taushiyah Syariah Keislaman Obituari Doa Tokoh Risalah Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya

Citayam Tong Nangnayeumeun

Citayam Tong Nangnayeumeun
Citayam Tong Nangnayeumeun. (Foto: id.foursquare.com).
Citayam Tong Nangnayeumeun. (Foto: id.foursquare.com).

Kitu biasana, mun aya nu keur viral, sagala rupana tuluy dikoréhan ku média. Dina fénoména Citayam Fashion Week (CFW) nu kamari-kamari jadi paguneman, lain ukur ketak barudak lunggak-linggek di trotoar nu disorot téh, tapi ngaran Citayam gé milu sohor. Nya pada nyusud sajarahna, kumaha kaayaanana dina jaman Walanda, nepi ka aya nu medar toponimina sagala.


Tah, lebah ngaguar sasakala ngaran mah, pedaran ti pirang-pirang média onlén téh bet matak kagugu (atawa dina istilah séjén: sabulangbéntor). Aya dua vérsi magar téh, bari teu disebutkeun éta vérsi téh sumberna ti mana. Ngan nu écés mah, duanana beunang disebutkeun ngaco, boh tina pola boh tina harti.


Vérsi kahiji, cenah Citayam téh tina dua kecap: "cit" jeung "ayam". Hartina "meuncit hayam". Keun teu kudu dipikiran perkara meuncit hayam jadi ngaran tempat mah, ngan éta wé, da urang Sunda mah tara nyebut "ayam", tapi "hayam". Kuduna gé meureun jadi "Cithayam".


Vérsi kadua, masih kénéh aya patalina jeung hayam. Nu ieu mah geus rada ngadeukeut pola ngaran nu maké "ci": cenah tina kecap "ci" (cai) jeung "ayam" (hayam), dihartikeun jadi "walungan hayam". Naha baheulana lebah dinya aya walungan nu pinuh ku hayam? Duka téh teuing.


Teu ngabibisani, da karah ku waktu mah, réa ngaran tempat nu geus hésé disusud asal kecapna. Kitu deui "tayam" dina "Citayam", hamo kapaluruh dina kamus mana waé ogé. Ari sababna mah, arang nu engeuh yén kekecapan téh robah-robah nuturkeun jaman. Komo deui réa ngaran tempat nu dicatetkeun (ditetepkeun) ku urang Walanda, nu dédéngéanana can tangtu akur jeung ceuli urang Sunda.


Sanajan umumna mah disebut Citayam, tapi nepi ka ayeuna sok aya kénéh nu nyebut Citayem atawa Citayeum. Di tatar Sunda, hiji ngaran biasana mah sok dipaké di sawatara tempat. Sesebutan Citayeum tangtu lain ukur di wewengkon Kabupatén Bogor, dalah di Kabupatén Majalengka gé aya. Ti dinya beunang dicindekkeun yén "tayam", "tayem" jeung "tayeum" sami mawon alias éta-éta kénéh.


Untungna téh urang Sunda boga karuhun jaman karajaan nu imeut nyatet-nyatetkeun ngaran tempat, nyaéta Bujangga Manik. Dina lalampahanana ngalanglang Pulo Jawa jeung Bali, Bujangga Manik kungsi ngaliwatan Tubuy (wewengkon Banten), ka Tayeum (wewengkon Bogor), jeung Pakancilan (wewengkon Bogor). Mun nengetan gurat peta, bisa dipastikeun yén nu dimaksud Tayeum ku Bujangga Manik téh, nyaéta Citayam ayeuna.


Tah, ayeuna urang nyukcruk kecap "tayeum". Nya kitu téa, dina kamus mah moal kapaluruh. Ngan untung deui waé, Plyete nu keur nalungtik Lutung Kasarung, kungsi nyatetkeun éta kecap. Cék Plyete, "tayeum" téh sok dirundaykeun jadi "nayeum", "nanayeumeun" atawa "nangnayeumeun". "Nayeum" mah aya dina kamus, hartina di luarna tuhur (garing), tapi di jerona mah baseuh. Mun dipatalikeun jeung kaayaan alam, rada kaharti da ti baheula gé wewengkon éta mah remen pisan hujan—kawas sawatara tempat lianna di Bogor.


Cindekna, Citayam téh wewengkon nu kacirina garing, tapi di jerona mah baseuh (da kahujanan). Jadi euweuh patalina jeung hayam, komo jeung ucing mah.


Dina harti injeuman, "nangnayeumeun" téh sok dipatalikeun jeung perkara nu ngeuyeumbeu, teu sumanget, atawa kurang kréativitas. Sawatara rumaja Citayam nu abring-abringan ka ibu kota téh bangun embung katulah ku "tayeum", maranéhna hayang némbongkeun ketak, karep, béh dituna idéntitas. "Baruntak" mémang hal nu ilahar mun manggih situasi kaheumpit, kakungkung, atawa aya kahayang nu teu kahontal. Nya ti dinya biasana muncul kréativitas, boh nu dirarancang heula, boh nu spontan. Boh nu tuhu kana aturan, boh nu sakaparan-paran.


Mun seug nilikna ukur sabéngbatan—komo maké tasma konsérvatif, fénomana kitu téh sasat euweuh pulunganeunana. Budaya ti mana horéng geura, jeté jeung lunggak-linggek di jajalaneun nu sok dipaké ku balaréa. Geus karuhan sual ngalanggar aturan mah—upamana perkara ngaganggu sarana umum, miceun runtah sakarepna, jsté—dalah tina dangdanan gé réa nu nyebut teu matut. Nu resep ngésék-ngésékkeun mah apan nepi nyalusur kahirupan sosialna.


Tapi da nu viral mah biasana tara lana. Ukur jadi bukur catur sakolébatan. Papadaning kitu, ari para ahli mah geuning mikirna téh ka jauhna. Éta barudak rumaja téh lain saukur meuntas jalan sabot lampu burahay, tapi aya pasualan-pasualan genting nu méré totondén génerasi ka hareupna. Lain duméh maranéhna miang ti kulawarga tigerat, atawa pédah ékonomi nu paspasan, atawa pédah atikanana teu jucung. Tapi pasualan idéntitas deuih: aya nu keur ditéangan jeung hayang ditémbongkeun ku maranéhna. Média sosial bisa nyebarkeun sagala rupana, gancang pisan, teu kauger, nepi ka sakapeung mah kaleuleuwihi.


Kitu pisan, Citayam téh hiji ngaran. Ari ngaran téh bagian tina idéntitas. Mugia teu nangnayeumeun.


Dadan Sutisna, Sastrawan Sunda

Terkait

Adrahi Lainnya

terpopuler

rekomendasi

topik

×