• logo nu online
Home Nasional Warta Sejarah Khutbah Taushiyah Kuluwung Ubudiyah Daerah Keislaman Syariah Obituari Risalah Doa Tokoh Tauhid Profil Hikmah Opini Wawancara PWNU Ngalogat Ekonomi Lainnya
Jumat, 19 April 2024

Khutbah

KHUTBAH IDUL FITRI

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Nitenan Hakekat Idul Fitri

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Nitenan Hakekat Idul Fitri
Khutbah Idul Fitri Bhasa Sunda: Nitenan Hakekat Idul Fitri (ilustrasi: NU Online)
Khutbah Idul Fitri Bhasa Sunda: Nitenan Hakekat Idul Fitri (ilustrasi: NU Online)

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Takbir 9x

اَلله أَّكْبَرْ كَبِيْرَا وَالْحَمْدُ لِلهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَأَصِيْلًا لَاإلَهَ إلَّا اللُهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ
وَهَزَمَ الْأَحْزَاْبَ وَحْدَهُ

اَلْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالْعَا قِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ وَلَا عُدْ وَاْنَ إِلَّا عَلَى الْظَّالِمِيْنَ أَشْهَدُ أَنْ لَاِالَهَ إِلَّااللهُ اَلْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنَ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ
الْوَعْدِ الْأَ مِيْنَ اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ 

فَيَاأَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْفَازَالْمُتَّقُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَلَى فِىْ الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا فِطْرَتَ اللهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا لاَتَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللهِ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لاَيَعْلَمُونَ


Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang ied Rahimakumullah!


Sugrining puji anu sampruna, sareng pangalem sagemlengna, eta tetep kagungan Allah Swt., anu mikawelas ka abdi-abdina anu ngaluhurkeun darajat jalma anu bakti ka Anjeuna.


Shalawat kalih salam anu utami, muga tetep ka pang afdhal-afdhalna jalmi, Nabi terakhir Rasul panutup, anu kaceluk ka awun-awun kakocap ka janabria, Nabi Muhammad Saw., ka kulawargina, ka sahabatna, katut ka sadaya umatna anu taat tumut kana ajaran mantena.


Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!


Muji Syukur kanu Maha Agung, Alhamdulillâh urang tiasa tepang deui sareng Idul Fitri tahun ieu, sab’ada nagalaksanakeun shaum kalih ibadah-ibadah sanesna dina sasasih lamina. Pamugi sanes kanten ibadah urang kenging ganjaran anu berlipat ganda mungguhing Allah Swt.. 


Naon atuh ari Idul Fitri teh?


Îd hartosna balik Fitri hartosna kasucian. Janten, Idul Fitri hartosna balik kana kasucian. Kasucian anu mana? Kasucian anu sifatna azaliyah. Sabab, sadaya jalma anu kumelenang di alam dunya asalna suci. Allah Swt. kantos naros ka urang di zaman azali; “Alastu birobbikum; Naha ari Kaula teh lain pangeran aranjeun?”. Urang sadaya ngajawab: “Balâ Syahidnâ; Kantenan, abdi sadaya nyaksi, Gusti teh Pangeran Abdi”. 


Singketna, Idul Fitri teh balik kana fithrah azali, madep ka Allah. Henteu lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang. Naon margina? Sabab Allah marentahkeun supaya urang istiqomah madep kalayan balik ka Allah Swt. Dawuhan Alloh dina Surat Ar-Rûm [30] ayat 30:


فَاَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّيْنِ حَنِيْفًاۗ فِطْرَتَ اللّٰهِ الَّتِيْ فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَاۗ لَا تَبْدِيْلَ لِخَلْقِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُۙ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَۙ


Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh! 


Naon anu dimaksad Fithrah dina ayat eta? Allah dina ayat eta keneh ngajelaskeun,  ذلك الدين القيم dzâlikad dînul qayyimu; hartosna agama anu ajeg, agama anu lurus. Janten atuh simpulna, Idul Fitri teh hakekatna balik kana aturan agama Allah Swt. Jadi naon wae urang, pakasaban naon wae nu digarap ku urang, sadayana luyu akur sareng aturan agama Allah. Agama anu diwangun ku tilu rukun; nyaeta Imân, Islâm, kalih Ihsân. Atuh lamun kitu mah, Idul Fitri nuntut ka urang sadaya supaya janten jalmi Mu’min, Muslim, kalih Muhsin. 

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh! 


Sapalih ulama Tashowwuf ngamaknaan Idul Fitri janten tilu makna. Hiji, i’âdatul jasad min al-ma’shiyyati ilâ ath-thâ’ati. Balikna jasad urang tina maksiat kana thoat. Naon ari maksiat? Secara bahasa, maksiat hartosna al-khurûju ‘anith tho’ati wa mukhâlafatul amri. Kaluar tina thoat sareng sulaya tina parentah.


Numutkeun Dr. Ali Jum’ah, ulama ahli Ushul Fikih, maksiat teh timbul tina sifat dasar anu aya di manusa. Sabab, saur mantena, aya opat sifat dasar dina diri manusa. Kahiji, sifat Rubûbiyyah nyaeta sifat kapangeranan. Misalna sifat takabbur, kumuluhur, tafakhur, sareng anu sanesna. Anu sakedahna dipimilik ku Allah, tapi dipilampah ku manusa.


Kadua, sifat Syaithâniyyah nyaeta sifat anu dipimilk ku syetan. Contona sifat ngewa ka sasama [al-bughdu], dendam ka butur [al-hiqdu], sareng nifaq. Simpulna, manusa milampah sifat-sifat anu padahal eta teh sifat asli syetan.


Katilu, sifat Bahîmiyyah nyaeta sifat-sifat sato anu lindeuk. Saperti maling, zina, sareng anu sanesna. Kaopat, sifat Sabû’iyyah nyaeta sifat sato galak atanapi binatang buas. Cirina, resep nganiaya ka batur, bungah lamun bisa ngarogahala sasama, sareng sajabina. Tah biasana, maksiat teh muncul tina sifat Bahimîyyah, terus jadi sifat Sabû’iyyah. Upami dua eta sifat tos kumpul, lahir sisat Sayithoniyyah anu akhirna kana sifat Rubûbiyyah. Upami maksiat tos jadi kabiasaan manusa, biasa jadi manusa nganggap dirina lir ibarat Pangeran.

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!


Makna Idul Fitri anu kadua, i’âdatul qalbi min al-ghaflati ilâ dzikrillâh. Balikna manah urang tina ghoflah kana dzikrullah. Tina poho kana eling. Naon Ari Ghoflah? Dina Kitab Fadhâilus Syuhûr Li Thalabi al-Ridlâ Rabbi al-Ghafûr halaman 13 disebatkeun:  


أَلْغَفْلَةُ هِيَ مُتَاْبَعَةُ النَّفْسِ عَلَى مَا تَشْتَهِيْهِ وَمُتَاْبَعَةُ الشَّيْطَانِ لِأَنَّهُ يَجْرِيْ عَلَى النَّاسِ مَجْرَى الدَّمِ


​​​​​​​Hartosna: “Ghoflah teh nuturkeun kahayang nafsu jeung nuturkeun syetan anu bergerak nuturkeun aliran getih manusa”.

Naon ari bahaya ghoflah?   أَلْغَفْلَةُ تُوْرِثُ الْقَسْوَةُ    ghoflah teh nyababkeun TEUAS HATE. Upami hate tos teuas, maka jalmi bakal hirup sasar sasasar-sasarna. Dawuhan Allah dina Surat Az-Zumar [39] ayat 22:


اَفَمَنْ شَرَحَ اللّٰهُ صَدْرَهٗ لِلْاِسْلَامِ فَهُوَ عَلٰى نُوْرٍ مِّنْ رَّبِّهٖ ۗفَوَيْلٌ لِّلْقٰسِيَةِ قُلُوْبُهُمْ مِّنْ ذِكْرِ اللّٰهِ ۗ اُولٰۤىِٕكَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ


​​​​​​​Hartosna: “Cilaka pikeun jalm-jalma anu Teus Hate, sabab teu eling ka Allah. Maranehna aya dina kasasaran anu nyata”.


​​​​​​​Numawi, nagalangkungan Idul Fitri, hayu urang balikkeun manah urang tina ghoflah kana dzikrullah. Upami manah urang tos leleb anteb dina dzikrullah, Numutkeun Syaikh Junaid Al-Baghdadi hasilna SHOFAUL QOLBI atanapi BERSIH ATI CAANG MANAH.


​​​​​​​Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah!


​​​​​​​Pertarosanana, kumaha carana supaya urang kagungan SHOFAUL QOLBI, bersih ati-caang manah? Urang kedah terang alat ngaberesihan manah urang. Dawuh kangjeng Rasul:

لِكُلِّ شَيْئٍ ثِقَاْلَةٌ وَثِقَاْلَةُ الْقُلُوْبِ ذِكْرُاللهِ  


​​​​​​​Hartosna: “Sagala perkara aya alat meresihanana, ari alat meresihan manah/hate nyaeta dzikrullah”. 


​​​​​​​Jalmi anu ngabalieur, menghindar tina dzikrullah diancam ku Allah Swt., dina Surat Thaha ayat 124 dugi ka126:

 وَمَنْ أَعْرَضَ عَنْ ذِكْرِي فَإِنَّ لَهُ مَعِيشَةً ضَنْكًا وَنَحْشُرُهُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَعْمَى (124) قَالَ رَبِّ لِمَ حَشَرْتَنِي أَعْمَى وَقَدْ كُنْتُ بَصِيرًا (125) قَالَ كَذَلِكَ أَتَتْكَ آيَاتُنَا فَنَسِيتَهَا وَكَذَلِكَ الْيَوْمَ تُنْسَى (126)

 

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah!


Makna Idul Fitri anu katilu, i’âdatus Sirri min asy-syirki ilâ at-tawhîd. Balikna Sirr kayakinan urang tina syirik kana tauhid. Balik tina midua Allah kana kayakinan tauhid, yen  Allah tempat sagala pamundut urang, tempat nyalindung urang. Sanes nyalindung ka gunung, sanes muja ka sagara. Estuning Allah dasar kayakinan sareng tujuan amal perjuangan.
Salajengna, hayu urang nitenan ayat 7 Surat Al-Insyirah:

 

فَاِذَا فَرَغۡتَ فَانۡصَبۡۙ


Ayat ieu singket tapi padet. Allah ngajarkeun ka urang supaya saenggalna nagalaksanakeun kegiatan anu sanes, upami rengse tina hiji kegiatan. Numawi, saparantos shaum dugika ayeuna Idul fitri, hayu urang teraskeun sumanget Ramadhan. Sumanget Tadarus, berjamaah, shodaqoh, sareng anu sanesna. Ulah dugika, rengse Ramadhan tepang Idul Fitri, rengse sagala-galana. Margi di antawis ciri jalmi anu rugi, di mana Ramdahan tos rengse, sagala-galana rengse, anu akhirna teu kenging pangampura Allah Swt.. Dawuhan Kangjeng Rasul:

 

وَرَغِمَ أَنْفُ رَجُلٍ دَخَلَ عَلَيْهِ رَمَضَانُ ثُمَّ انْسَلَخَ قَبْلَ أَنْ يُغْفَرَ لَهُ

 

Hartosna: “Kalintang Rugi sareng hina hiji jalmi, di mana Ramadhan datang ka manehna, sabada Ramadhan rengse, dosana teu dihampura ku Alloh”. (H.R. Tirmidzi).


​​​​​​​Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah!


​​​​​​​Hayu urang ngadua ka Allah, mudah-mudahan ku sumpingna Idul Fitri, jasad urang balik tina maksiat kana thoat, manah urang balik tina ghoflah kana dzikrullah, kayakinan urang balik tina Syirik kana tauhid. Amin ya Rabbal ‘alamin.


بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ  

Calik antara dua Khutbah
Dilajengkeun kana Khutbah Kadua
Takbir 7x


اَلله أَّكْبَرْ كَبِيْرَا وَالْحَمْدُ لِلهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَأَصِيْلًا لَاإلَهَ إلَّا اللُهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَاْبَ وَحْدَهُ

اَلْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالْعَا قِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ وَلَا عُدْ وَاْنَ إِلَّا عَلَى الْظَّالِمِيْنَ أَشْهَدُ أَنْ لَاِالَهَ إِلَّااللهُ اَلْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنَ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ الْأَ مِيْنَ اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمَّ بَعْدُ

فَيَاأَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الَمُتَّقُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَلَى فِىْ الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا

أَللَّهُمَّ أَمِيْن يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ
أَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعْوَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاْحِمِيْنَ
أَللَّهُمَّ تَقَبَّلْ مِنَّا صَلَاتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَرُكُوْعَنَا وَسُجُوْدَنَا وَتَسْبِيْحَنَا وَتَحْمِيْدَنَا وَتَحْلِيْلَنَا وَتَكْبِيْرَنَا وَتَعَبُّدَنَا وَتَخَشُّعَنَا وَتَضَرُّعَنَا
وَتَمِّمْ تَقْصِيْرَنَا يَاإِلَهَ الْعَالَمِيْنَ
أَللَّهُمَّ اجْعَلْنَا مِنَ الْعَا ئِدِيْنَ وَالْفائِزِيْنَ وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ  وَعَلَى أَلِهَ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ

رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَاْبَ النَّار
وَالْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ


Wilujeng boboran shiyam, Wilujeng Idul Fitri 1443 H, Hapunten Lahir Bathin. Minal ‘Aidin wal Faizin. Amin Ya Rabbal ‘Alamin.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
 

Ku: H. Ucup Pathudin Almaarif, Wakil Ketua LD PWNU Jawa Barat


Khutbah Terbaru